Nu Ditulis ku Matius
22 Isa nyaritakeun ibarat-ibarat deui ka maranéhna, 2 ”Pamaréntahan sorga téh saupama raja nu ngayakeun hajat+ keur ngawinkeun anak lalakina. 3 Manéhna nitah palayan-palayanna nyusulan para tamu ondangan, tapi éta tamu-tamu arembungeun datang.+ 4 Geus kitu, manéhna nitah deui palayan-palayan séjén, ’Béjakeun ka para ondangan, ”Abdi tos nyiapkeun tuangeun. Sapi sareng ingon-ingon nu pangsaéna tos dipareuncitan, pokona sadayana tos siap. Mangga sumping ka hajat kawinan.”’ 5 Tapi, nu diarondang pada teu paduli. Aya nu ngaléos ka kebon, aya nu ngurus usahana,+ 6 nu séjénna naréwakan éta palayan-palayan, tuluy nareunggeulan jeung maéhan maranéhna.
7 ”Raja kacida ambekna tuluy ngirim pasukan. Jalma-jalma nu maéhan palayan-palayanna diparaéhan sarta kotana diduruk.+ 8 Tuluy, raja ngomong ka palayan-palayanna, ’Hajat kawinan geus siap, tapi nu diarondangna teu layak datang ka dieu.+ 9 Jadi, jung indit ka jalan-jalan gedé, ondang saha waé nu kapanggih sina daratang ka hajat kawinan.’+ 10 Para palayan indit ka jalan terus ngumpulkeun kabéh jalma nu kapanggih, boh nu jahat boh nu bageur. Tempat hajat kawinan jadi pinuh ku tamu.
11 ”Basa raja ningalian para tamu, aya hiji jalma nu teu maké baju pésta. 12 Jadi ku raja ditanya, ’Dulur, ku naon anjeun teu maké baju pésta?’ Éta jalma teu bisa ngajawab. 13 Tuluy raja ngomong ka palayan-palayanna, ’Talian leungeun jeung sukuna, alungkeun ka luar ka nu poék. Di dinya, manéhna bakal ceurik bari huntuna tingkereket.’
14 ”Anu diondang mah loba, tapi anu dipilih ngan saeutik.”
15 Urang Farisi indit tuluy nyieun siasat supaya Isa kajebak ku omonganana sorangan.+ 16 Jadi, maranéhna ngutus murid-muridna bareng jeung para anggota partéy Hérodés,+ dititah ngomong kieu, ”Guru, urang terang Guru téh jalma jujur, ngajarkeun nu bener ngeunaan Allah, Guru gé tara kapangaruhan ku omongan batur sarta tara mandang jalma ti luarna wungkul. 17 Cik, ceuk Guru kumaha? Meunang teu urang mayar pajeg* ka Kaisar?” 18 Ku sabab nyaho niat jahat maranéhna, Isa ngomong kieu, ”Ku naon aranjeun bet ngadoja abdi, éh jalma munapék? 19 Coba ka dieukeun duit nu sok dipaké keur mayar pajeg.” Maranéhna ngasongkeun duit dinar.* 20 Ceuk Isa, ”Ieu gambar jeung ngaran saha?” 21 Maranéhna ngajawab, ”Kaisar.” Tuluy Isa ngomong ka maranéhna, ”Bikeun ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar, tapi bikeun ka Allah naon nu jadi hakna Allah.”+ 22 Ngadéngé kitu, maranéhna tajub tuluy arindit.
23 Poé éta kénéh datang urang Saduki nu teu percaya jalma nu maot bisa dihirupkeun deui.+ Maranéhna nanya,+ 24 ”Guru, ceuk Musa, ’Lamun aya lalaki nu maot tapi teu boga budak, lanceuk atawa adi lalakina kudu kawin jeung pamajikan manéhna ngarah bisa neruskeun turunanana.’+ 25 Tah, aya tujuh lalaki adi lanceuk. Nu panggedéna kawin tuluy maot, tapi teu boga budak. Jadi, pamajikanana dikawin ku adina. 26 Tapi nu kadua gé maot, awéwéna dikawin ku nu katilu, kitu baé saterusna nepi ka maraot tujuhanana. 27 Tungtungna, éta awéwé maot. 28 Jadi waktu nu maraot dihirupkeun deui, éta awéwé jadi pamajikan saha? Pan tujuhanana pernah kawin jeung manéhna.”
29 Isa ngajawab maranéhna, ”Aranjeun salah, sabab teu paham kana Kitab Suci jeung kana kawasa Allah.+ 30 Waktu nu maot dihirupkeun deui, euweuh lalaki nu kawin atawa awéwé nu dikawinkeun, tapi maranéhna bakal jadi siga malaikat di sorga.+ 31 Perkara dihirupkeunana nu maot, aranjeun pernah maca teu Allah pernah ngomong kieu, 32 ’Kuring téh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub’?+ Anjeunna téh Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh.”+ 33 Ngadéngé kitu, jalma-jalma tarajub kana pangajaranana.+
34 Barang urang Farisi ngadéngé urang Saduki teu bisa ngabantah Isa deui, maranéhna babarengan ngadatangan Isa. 35 Salah sahiji ti maranéhna, nyaéta guru Torét, nguji kieu ka anjeunna, 36 ”Guru, paréntah mana nu pangutamana dina Torét?”+ 37 Anjeunna ngajawab, ”’Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa,* Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa,* jeung sakabéh pikiran.’+ 38 Ieu téh paréntah nu pangutamana jeung nu pangpentingna. 39 Nu kadua, nu sarupa kitu, ’Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’+ 40 Dua paréntah ieu jadi dasar sakabéh eusi Torét jeung Kitab Para Nabi.”+
41 Waktu urang Farisi keur ngariung, Isa nanya ka maranéhna,+ 42 ”Kumaha ceuk aranjeun? Ari Al-Masih putrana saha?” Maranéhna ngajawab, ”Daud.”+ 43 Isa nanya deui, ”Mun kitu, ku naon Daud nu dibingbing kawasa suci+ nyebut manéhna Juragan waktu ngomong, 44 ’Saur Yéhuwa* ka Juragan abdi, ”Diuk katuhueun Kuring nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh handapeun suku manéh”’?+ 45 Tah, lamun Daud nyebut manéhna Juragan, jadi kumaha bisa Al-Masih téh putrana?”+ 46 Euweuh saurang-urang acan nu bisa ngajawab. Ti saprak harita, euweuh nu wani tatanya deui ka anjeunna.