Nu Ditulis ku Matius
25 ”Pamaréntahan sorga téh saupama sapuluh mojang nu mawa lampu minyak rék mapagkeun pangantén lalaki. 2 Nu lima barodo, nu lima deui bijaksana. 3 Nu barodo mah mawa lampu bari jeung teu mawa minyakna, 4 ari nu bijaksana mah mawa lampu bari mekel minyak dina botol. 5 Ku sabab pangantén lalaki can datang-datang, kabéh tarunduheun jeung kasaréan. 6 Pas tengah peuting, aya nu gegeroan, ’Pangantén lalaki datang! Geura papagkeun!’ 7 Mojang-mojang tingkoréjat tuluy nyariapkeun lampuna. 8 Nu barodo ngomong ka nu bijaksana, ’Cik ménta lah saeutik minyakna, lampu urang téréh pareum.’ 9 Nu bijaksana ngajawab, ’Sigana moal mahi keur urang jeung maranéh mah. Mending meuli heula wéh ka tukang minyak.’ 10 Pas nu barodo keur meuli minyak, pangantén lalaki datang. Mojang-mojang nu geus siap mah asup babarengan ka tempat pésta, tuluy pantona ditutup. 11 Geus kitu, mojang-mojang nu séjénna datang bari gegeroan, ’Pa, Pa, pangmukakeun panto!’ 12 Manéhna ngajawab, ’Urang bener-bener teu wawuh ka maranéh.’
13 ”Jadi, maranéh kudu terus waspada, sabab maranéh teu nyaho poé jeung jamna.
14 ”Pamaréntahan sorga gé saupama hiji jalma nu rék indit ka luar nagri. Manéhna ngageroan palayan-palayanna rék mercayakeun harta bandana ka maranéhna. 15 Ka nu saurang manéhna méré lima talénta,* ka nu séjén dua talénta, ka nu saurang deui hiji talénta, sakumaha kasanggupan masing-masing. Geus kitu, manéhna indit ka luar nagri. 16 Nu narima lima talénta langsung ngagolangkeun taléntana jeung meunang untung lima deui. 17 Kitu ogé nu narima dua, meunang untung dua deui. 18 Tapi, palayan nu narima hiji talénta kalah ka ngali taneuh tuluy ngubur duit* dununganana.
19 ”Lila ti harita, dununganana datang rék balitungan jeung para palayanna. 20 Jadi, palayan nu narima lima talénta datang bari mawa lima talénta deui. Ceuk manéhna, ’Dunungan geus mercayakeun lima talénta ka abdi, ieu abdi meunang untung lima talénta deui.’ 21 Dununganana ngomong, ’Alus, manéh téh palayan nu hadé jeung satia! Manéh geus satia ngurus nu saeutik, engké ku urang ditugaskeun ngurus nu leuwih loba. Hayu milu bungah jeung dunungan manéh.’ 22 Terus, nu narima dua talénta datang jeung ngomong, ’Dunungan geus mercayakeun dua talénta ka abdi, ieu abdi meunang untung dua talénta deui.’ 23 Dununganana ngomong, ’Alus, manéh téh palayan nu hadé jeung satia! Manéh geus satia ngurus nu saeutik, engké ku urang ditugaskeun ngurus nu leuwih loba. Hayu milu bungah jeung dunungan manéh.’
24 ”Ahirna, palayan nu narima hiji talénta datang jeung ngomong, ’Abdi apal Dunungan téh loba paménta. Dunungan ngala naon nu dipelak ku batur jeung ngumpulkeun hasil nu digawékeun ku batur. 25 Jadi abdi sieun, taléntana ku abdi dikubur. Ieu ku abdi dipulangkeun deui.’ 26 Dununganana ngajawab, ’Manéh téh palayan nu jahat jeung pangedulan. Geuning manéh nyaho urang osok ngala naon nu dipelak ku batur jeung ngumpulkeun hasil nu digawékeun ku batur? 27 Ari nyaho kitu mah kuduna duit* urang téh disimpen di bank, jadi pas urang datang, duitna dipulangkeun bareng jeung bungana.
28 ”’Ayeuna, cokot talénta urang ti manéhna, bikeun ka nu boga sapuluh talénta. 29 Sabab saha waé nu geus boga bakal ditambahan nepi ka manéhna boga loba pisan. Sabalikna, saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot. 30 Jongklokkeun palayan nu teu guna ieu ka luar ka nu poék. Di dinya manéhna bakal ceurik bari jeung huntuna tingkereket.’
31 ”Waktu Putra manusa datang dina kamulyaanana jeung diiring ku kabéh malaikat, manéhna bakal diuk dina tahtana nu mulya. 32 Kabéh bangsa bakal dikumpulkeun di hareupeunana, tuluy manéhna bakal misah-misahkeun jalma, siga pangangon misah-misahkeun domba ti embé. 33 Domba ditempatkeun di katuhueunana, tapi embé di kéncaeunana.
34 ”Tuluy Raja ngomong ka nu di katuhueunana, ’Ka darieu maranéh nu diberkahan ku Bapa urang, maranéh bakal ngawaris Pamaréntahan nu geus disiapkeun keur maranéh ti mimiti ayana dunya.* 35 Sabab waktu urang keur lapar, ku maranéh dibéré dahar. Waktu urang keur haus, ku maranéh dibéré nginum. Maranéh teu kenal ka urang, tapi urang ditarima di imah maranéh. 36 Waktu urang teu maké baju,* ku maranéh dibajuan. Waktu urang gering, ku maranéh dirawat. Waktu urang dipanjara, ku maranéh dilongokan.’ 37 Tuluy jalma-jalma bener ngajawab, ’Juragan, iraha urang ningali Juragan lapar jeung ku urang dibéré dahar, atawa haus jeung ku urang dibéré nginum? 38 Iraha urang narima Juragan di imah padahal urang teu kenal ka Juragan, atawa iraha urang ningali Juragan teu maké baju jeung ku urang dibajuan? 39 Iraha Juragan gering atawa dipanjara jeung ku urang dilongokan?’ 40 Raja ngajawab maranéhna, ’Sabenerna, sagala nu dilampahkeun ku maranéh ka salah sahiji dulur urang nu pangleutikna, éta sarua jeung ngalampahkeunana ka urang.’
41 ”Ari ka nu di kéncaeunana, manéhna ngomong, ’Nyingkah maranéh, jalma-jalma nu dikutuk ku Allah! Asup ka ditu, kana seuneu abadi* nu disiapkeun keur Iblis jeung para malaikatna. 42 Sabab waktu urang lapar, ku maranéh teu dibéré dahar. Urang haus, ku maranéh teu dibéré nginum. 43 Waktu urang jadi jalma nu teu dikenal, ku maranéh teu ditarima di imah. Urang teu maké baju, ku maranéh teu dibajuan. Urang gering jeung dipanjara, ku maranéh teu ditulungan.’ 44 Maranéhna gé ngajawab, ’Juragan, iraha urang ningali Juragan lapar, atawa haus, atawa jadi jalma nu teu dikenal, atawa teu maké baju, atawa gering, atawa dipanjara, tapi ku urang teu ditulungan?’ 45 Tuluy manéhna ngajawab, ’Sabenerna, sagala nu teu dilampahkeun ku maranéh ka salah sahiji dulur urang nu pangleutikna, éta sarua jeung henteu ngalampahkeunana ka urang.’ 46 Jalma-jalma nu karitu bakal paéh* salilana, tapi jalma-jalma bener bakal hirup salilana.”