Nu Ditulis ku Matius
8 Sanggeus anjeunna turun ti gunung, loba jalma nuturkeun anjeunna. 2 Jol jalma nu boga panyakit kusta nyampeurkeun jeung sujud ka anjeunna, terus ngomong, ”Juragan, upami kersa mah Juragan tiasa nyageurkeun abdi.”+ 3 Isa nyodorkeun leungeunna jeung nyabak manéhna bari ngomong, ”Abdi daék! Ku abdi bakal dicageurkeun.”+ Panyakit kustana langsung leungit.+ 4 Geus kitu Isa ngomong ka manéhna, ”Omat, ulah bébéja ka sasaha nya.+ Tapi, jung indit ka imam, ménta dipariksa.+ Sanggeusna, baktikeun kurban sakumaha nu diatur ku Hukum Musa,+ ngarah maranéhna nyaho anjeun téh geus cageur.”
5 Barang asup ka Kapernaum, Isa disampeurkeun ku hiji perwira. Éta perwira ménta tulung.+ 6 Ceuk manéhna, ”Pa, palayan abdi lumpuh, ngalempréh baé di bumi, mani ripuh pisan.” 7 Isa ngajawab, ”Engké abdi ka ditu, ku abdi dicageurkeun.” 8 Tapi ceuk éta perwira, ”Pa, abdi teu layak narima Bapa di bumi abdi. Tos wéh nyarios ti dieu, da pasti manéhna cageur. 9 Abdi gé bawahan sareng gaduh prajurit-prajurit bawahan. Upami abdi nitah ka nu hiji, ’Geura indit!’ manéhna bakal indit. Upami nitah nu séjén, ’Ka dieu!’ manéhna bakal nyampeurkeun. Upami nitah palayan abdi, ’Ieu gawékeun!’ pasti dipigawé.” 10 Basa ngadéngé omonganana, Isa tajub jeung ngomong ka jalma-jalma nu naluturkeun, ”Bener ieu mah, di Israél, urang can pernah manggihan jalma nu boga iman sakitu gedéna.+ 11 Urang ngabéjaan, bakal loba nu daratang ti wétan jeung kulon, diuk sarta dahar bareng jeung Ibrahim, Ishak, sarta Yakub dina Pamaréntahan sorga.+ 12 Tapi, jalma-jalma nu sakuduna jadi bagian ti Pamaréntahan* sorga bakal dijongklokkeun ka luar ka nu poék. Di dinya, maranéhna bakal careurik bari huntuna tingkereket.”+ 13 Geus kitu, Isa ngomong ka éta perwira, ”Sok ayeuna mah mulang wéh. Lantaran anjeun boga iman, kahayang anjeun bakal laksana.”+ Harita kénéh, palayanna cageur.+
14 Terus, Isa ka imahna Pétrus. Anjeunna ningali mitohana Pétrus nu awéwé+ keur ngagolér lantaran muriang.+ 15 Ku Isa leungeunna dicekel,+ harita kénéh muriangna cageur. Manéhna hudang tuluy ngaladénan Isa. 16 Ka sorénakeun, loba jalma daratang mawa jalma-jalma nu kasurupan ku roh-roh jahat. Ngan ku sakecap, Isa ngusir roh-roh jahat éta. Kitu deui, nu garering kabéh dicageurkeun. 17 Ku kituna, naon nu diomongkeun ku jalan Nabi Yésaya laksana, nyaéta, ”Manéhna anu nyageurkeun panyakit abdi sadaya jeung ngaleungitkeun kanyeri abdi sadaya.”+
18 Basa Isa nempo loba jalma ngagimbung, anjeunna ngajak murid-muridna indit ka peuntas.+ 19 Ari pék téh aya hiji ahli Torét nu nyampeurkeun tuluy ngomong, ”Guru, ka mana baé gé abdi badé ngiring.”+ 20 Tapi, Isa ngajawab, ”Rubah baroga liang, manuk baroga sayang, tapi Anak manusa mah teu boga tempat keur saré-saré acan.”+ 21 Terus aya murid séjén ngomong ka anjeunna, ”Juragan, abdi ménta idin badé nguburkeun heula pun bapa.”+ 22 Ku Isa dijawab, ”Terus tuturkeun urang. Keun baé nu maot mah sina nguburkeun nu maot.”+
23 Tuluy anjeunna naék ka parahu dituturkeun ku murid-muridna.+ 24 Ujug-ujug aya angin ribut di situ, parahuna diteumbragan ku ombak nepi ka kaasupan cai. Tapi, Isa mah saré.+ 25 Murid-muridna ngahudangkeun anjeunna, tuluy ngagorowok, ”Juragan, tulungan! Urang téréh paéh!” 26 Tapi ceuk anjeunna, ”Ku naon sarieun? Ku naon maranéh téh kurang iman?”+ Tuluy, anjeunna hudang, nyentak angin jeung situ. Rep wéh kaayaanana jadi tenang.+ 27 Murid-murid olohokeun jeung ngomong, ”Saha sabenerna anjeunna téh, nepi ka angin jeung situ gé nurut ka anjeunna?”
28 Barang nepi ka peuntas, nyaéta ka daérah urang Gadara, Isa didatangan ku dua lalaki nu kasurupan roh jahat, jolna téh ti antara makam-makam.+ Duanana kacida garalakna nepi ka euweuh nu wani ngaliwatan éta jalan. 29 Duanana ngagorowok, ”Rék naon anjeun ka dieu, Putra Allah?+ Rék nyiksa urang+ saacan waktuna?”+ 30 Rada jauh ti dinya, aya loba pisan babi nu keur nyaratu.+ 31 Roh-roh jahat éta ménta ka Isa, ”Ari rék diusir mah idinan urang saréréa nyurup ka babi-babi.”+ 32 Isa ngajawab, ”Jig!” Tuluy roh-roh jahat kalaluar ti dua lalaki éta, seug nyarurup ka babi-babi. Geus kitu, babi-babina ngabalecir ka sisi gawir, ngarajleng ka situ. Kabéh paraéh tingkerelep. 33 Ari tukang ngangonna kalabur ka kota. Maranéhna ngalaporkeun sakabéh kajadianana, ogé nyaritakeun ngeunaan dua lalaki nu tadina kasurupan téa. 34 Sakabéh jalma di éta kota murubul kaluar manggihan Isa, ngadesek anjeunna sina indit ti éta daérah.+