Nu Ditulis ku Matius
9 Isa naék parahu, tuluy meuntas jeung balik ka kota asalna. 2 Geus kitu, aya jalma lumpuh nu digotong dina tandu jeung dibawa ka manéhna. Ningali kitu, Isa nyaho maranéhna boga iman. Tuluy Isa ngomong ka nu lumpuh éta, ”Ulah hariwang, Jang. Dosa-dosa manéh geus dihampura.” 3 Di dinya, aya sababaraha ahli Torét nu ngomong di jero haténa, ”Jelema ieu geus ngahina Allah.” 4 Isa nyaho naon nu dipikirkeun ku maranéhna, terus ngomong, ”Ku naon pikiran maranéh jahat siga kitu? 5 Cik, mana nu leuwih gampang, ngomong, ’Dosa manéh geus dihampura,’ atawa, ’Geura nangtung, sok leumpang’? 6 Tapi, supaya maranéh nyaho Putra manusa boga kawasa ngahampura dosa di dunya . . .” Tuluy manéhna ngomong ka nu lumpuh éta, ”Pék nangtung, bawa éta tandu, jung geura balik.” 7 Nu lumpuh éta nangtung tuluy balik. 8 Jalma-jalma nu nyaraksian kajadian ieu jadi tajub. Maranéhna muji sukur ka Allah nu geus méré kawasa kawas kitu ka manusa.
9 Ti dinya, Isa indit, tuluy nempo jelema nu ngaranna Matius keur diuk di kantor pajeg. Isa ngomong ka manéhna, ”Hayu jadi murid urang.” Manéhna langsung cengkat nuturkeun Isa. 10 Ka dieunakeun, Isa dahar di imahna Matius. Aya loba tukang mulung pajeg jeung jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa daratang ka dinya. Maranéhna ngariung milu dahar jeung Isa sarta murid-muridna. 11 Urang Farisi nu nempo, ngomong ka murid-murid Isa, ”Ku naon guru maranéh bet dahar jeung tukang mulung pajeg sarta jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa?” 12 Ngadéngé kitu Isa ngajawab, ”Nu butuh dokter mah lain jalma séhat, tapi jalma gering. 13 Jung indit, jeung pikirkeun naon hartina ieu, ’Kuring mah hayang jalma-jalma téh karunyaan lain ngan saukur méré kurban.’ Éta sababna urang datang téh lain rék néangan jalma bener, tapi jalma nu ngalampahkeun dosa.”
14 Tuluy datang murid-muridna Yahya nanya ka manéhna, ”Urang jeung urang Farisi mah osok puasa. Ari murid-murid anjeun naha tara puasa?” 15 Isa ngajawab, ”Sobat-sobatna pangantén lalaki teu kudu sedih salila maranéhna masih kénéh babarengan. Tapi engké, waktu pangantén lalakina dibawa, kakara sobat-sobatna paruasa. 16 Moal aya nu nambal baju butut ku kaén anyar, sabab kaén anyar éta bakal murengked, soékna kalah ka ngagedéan. 17 Kitu ogé, moal aya nu nyicikeun cianggur nu anyar kana kantong kulit nu heubeul. Mun kitu, kantong kulitna bakal bucat, cianggurna kapiceun, kantongna gé ruksak. Sabalikna, cianggur nu anyar mah dicicikeun kana kantong kulit nu anyar, jadi duanana moal ruksak.”
18 Waktu Isa ngomong kénéh, datang saurang kapala tempat ibadah nyampeurkeun manéhna, bruk sujud, tuluy ngomong, ”Ayeuna, pun anak pasti geus maot. Tapi, mun Bapa daék datang ka imah abdi, asal dicabak gé pasti manéhna hirup deui.”
19 Isa cengkat tuluy nuturkeun manéhna bareng jeung murid-muridna. 20 Geus kitu, aya awéwé nu geus 12 taun ngagetih ngadeukeutan Isa ti tukang, tuluy nyabak tungtung baju luar manéhna, 21 sabab awéwé éta mikir, ”Mun bisa nyabak baju luarna wéh, aing pasti cageur.” 22 Isa ngalieuk jeung ningali éta awéwé, tuluy ngomong, ”Ulah sieun, Néng! Enéng cageur téh lantaran boga iman.” Harita kénéh awéwé éta cageur.
23 Pas nepi ka imahna éta kapala tempat ibadah, Isa nempo aya nu nariup suling jeung loba nu careurik meni gandéng. 24 Isa ngomong, ”Cing kalaluar heula. Budak téh lain maot, tapi keur saré.” Jalma-jalma ngadon nyaleungseurikeun manéhna. 25 Sanggeus kabéh kalaluar, Isa asup jeung nyepeng leungeun budak awéwé éta, tuluy budakna hudang. 26 Tangtu, kajadian ieu langsung nyebar ka sakuliah daérah éta.
27 Waktu Isa indit ti dinya, aya dua lalaki lolong anu nuturkeun manéhna bari gegeroan, ”Sing karunya ka abdi, Putra Daud.” 28 Sanggeus Isa asup ka imah, nu lalolong éta nyampeurkeun, tuluy ditanya ku Isa, ”Maranéh percaya urang bisa nyageurkeun?” Maranéhna ngajawab, ”Percaya, Juragan.” 29 Tuluy Isa nyabak panon maranéhna bari ngomong, ”Lantaran maranéh percaya, panon maranéh bisa ningali.” 30 Seug maranéhna bisa ningali deui. Maranéhna gé diomat-omat, ”Kadé, ulah bébéja ka sasaha nya.” 31 Tapi sanggeus kaluar ti imah, maranéhna kalah ka nguar-nguarkeun béja ngeunaan Isa ka sakuliah daérah dinya.
32 Waktu maranéhna indit, aya nu daratang mawa jelema pireu nu kasurupan roh jahat. 33 Sanggeus roh jahatna diusir, lalaki pireu éta bisa ngomong. Jalma réa nu ningali pada tarajub jeung ngomong, ”Can pernah aya nu siga kieu di Israél.” 34 Ari urang Farisi mah kalah ka ngomong, ”Si éta bisa ngusir roh jahat téh da dibantuan ku pangawasa roh-roh jahat.”
35 Geus kitu, Isa ngideran kota-kota jeung kampung-kampung. Manéhna ngajar di tempat-tempat ibadah sarta nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bari nyageurkeun jalma-jalma gering nu panyakitna rupa-rupa. 36 Ningali jalma réa, manéhna karunyaeun lantaran jalma-jalma éta ditindes jaba diculkeun siga domba-domba nu taya pangangonna. 37 Tuluy Isa ngomong ka murid-muridna, ”Panéneun téh loba, tapi nu ngalana ngan saeutik. 38 Jadi, kudu ménta ka Dunungan nu boga panén supaya ngadatangkeun jalma-jalma nu bisa ngala panéneun ieu.”