Nu Ditulis ku Markus
1 Warta hadé ngeunaan Isa Al-Masih, Putra Allah, mimitina kieu: 2 Dina kitab Nabi Yésaya aya tulisan kieu, ”(Kuring ngirim utusan miheulaan manéh, nu nyiapkeun jalan keur manéh.)+ 3 Aya nu ngagero di tanah gurun, ’Siapkeun jalan keur Yéhuwa!* Jieun jalan nu lempeng.’”+ 4 Harita, Yahya Jurubaptis keur aya di tanah gurun, sakumaha nu geus ditulis. Manéhna ngabéjaan jalma-jalma sangkan dibaptis sabagé tanda maranéhna geus tobat. Ku kituna, dosa-dosa maranéhna dihampura.+ 5 Kabéh jalma ti sakuliah Yudéa jeung kabéh penduduk Yérusalém ngabrul daratang ka manéhna. Maranéhna terus terang ngaku kana dosa-dosana, tuluy ku Yahya dibaptis* di Walungan Yordan.+ 6 Yahya téh pakéanana tina bulu onta, beubeurna tina kulit,+ dahareunana simeut jeung madu leuweung.+ 7 Ieu nu diuarkeun ku manéhna, ”Sanggeus urang, bakal datang jalma nu leuwih hébat tibatan urang. Dongko jeung ngaleupaskeun tali sendalna gé urang mah teu pantes.+ 8 Urang ngabaptis ku cai, ari anjeunna mah ngabaptis ku kawasa suci.”+
9 Teu lila ti harita, Isa datang ti Nazarét di Galiléa tuluy dibaptis ku Yahya di Walungan Yordan.+ 10 Barang kaluar tina cai, Isa ningali langit muka, seug kawasa suci nu siga manuk japati eunteup ka anjeunna.+ 11 Tuluy aya sora ti langit, ”Hidep téh Putra Bapa.* Bapa* nyaah jeung resep ka hidep.”+
12 Harita kénéh, anjeunna dijurung ku kawasa suci indit ka tanah gurun. 13 Salila 40 poé, anjeunna aya di tanah gurun, di tempat sasatoan liar. Di ditu, anjeunna digoda ku Sétan.+ Geus kitu, anjeunna diladénan ku para malaikat.+
14 Sanggeus Yahya ditéwak, Isa indit ka Galiléa+ ngawawarkeun warta hadé ti Allah.+ 15 Ceuk anjeunna, ”Ayeuna geus waktuna, Pamaréntahan Allah geus deukeut. Geura tarobat,+ sing percaya kana warta hadé ieu.”
16 Waktu mapay basisir Situ Galiléa, anjeunna panggih jeung Simon sarta adina, nyaéta Andréas.+ Maranéhna keur ngajaring lauk,+ da pagawéanana téh nalayan.+ 17 Ceuk Isa, ”Hayu milu jeung urang. Ku urang rék diajarkeun ngala jalma.”+ 18 Harita kénéh jaringna diculkeun, tuluy maranéhna milu jeung Isa.+ 19 Teu jauh ti dinya, anjeunna panggih jeung anak-anakna Zébédéus, nyaéta Yakobus jeung Yahya, nu keur ngoméan jaring dina parahu.+ 20 Isa langsung ngageroan maranéhna. Jadi maranéhna ninggalkeun Zébédéus, bapana, nu keur bareng jeung para pagawéna dina parahu, tuluy nuturkeun Isa. 21 Geus kitu, maranéhna arindit ka Kapernaum.
Dina poé Sabat, Isa asup ka tempat ibadah jeung ngajar di dinya.+ 22 Jalma-jalma tarajub kana cara anjeunna ngajar lantaran pangajaran anjeunna asalna ti Allah,* teu siga ahli-ahli Torét.+ 23 Harita di tempat ibadah, aya lalaki nu kasurupan ku roh jahat. Manéhna ngagorowok, 24 ”Éh, Isa urang Nazarét! Rék naon ka dieu?+ Rék ngabinasakeun kuring? Kuring nyaho pisan anjeun téh Nu Suci utusan Allah!”+ 25 Tapi ku Isa dibentak, ”Jempé! Kaluar ti manéhna!” 26 Éta lalaki kejang-kejang tuluy ngagorowok satarik-tarikna. Geus kitu, roh jahatna kaluar. 27 Kabéh jalma téh arolohokeun jeung pada ngomong kieu, ”Naon ieu téh? Cara ngajarna* béda! Kawasana mani gedé pisan. Roh jahat dititah kaluar gé mani nurut.” 28 Ku kituna, carita ngeunaan anjeunna gancang nyebar ka mana-mana, ka sakuliah Galiléa.
29 Sanggeus kaluar ti tempat ibadah, maranéhna indit ka imahna Simon sarta Andréas bareng jeung Yakobus sarta Yahya.+ 30 Harita, mitohana Simon nu awéwé+ keur ngagolér lantaran muriang, terus aya nu ngabéjaan Isa. 31 Ku Isa manéhna disampeurkeun, dicekel leungeunna, jeung dibantu sina hudang. Rep muriangna cageur, tuluy manéhna ngaladénan saréréa.
32 Waktu geus peuting jeung panonpoé geus surup, jalma-jalma daratang mawa kabéh nu gering jeung kasurupan+ 33 nepi ka sakabéh penduduk kota tumplek di hareupeun panto imah. 34 Jadi, anjeunna nyageurkeun loba jalma gering nu panyakitna rupa-rupa+ sarta ngusir loba roh jahat. Tapi, Isa teu ngidinan roh-roh jahat éta ngomong lantaran maranéhna nyahoeun anjeunna téh Al-Masih.*
35 Subuh-subuh, basa keur poék kénéh, anjeunna hudang jeung indit ka tempat nu sepi tuluy ngadoa.+ 36 Simon jeung murid-murid séjén néangan anjeunna. 37 Barang geus kapanggih, maranéhna ngomong, ”Kabéh pada néangan.” 38 Tapi anjeunna ngajawab, ”Hayu urang indit ka tempat séjén, ka kota-kota deukeut dieu. Urang gé kudu méré nyaho warta hadé ka urang dinya. Éta tujuan urang datang téh.”+ 39 Tuluy anjeunna indit, ngawawar di tempat-tempat ibadah di sakuliah Galiléa jeung ngusir roh-roh jahat.+
40 Harita ogé, aya jalma nu boga panyakit kusta nyampeurkeun anjeunna, méménta nepi ka sujud, ngomong kieu, ”Upami kersa mah Juragan tiasa nyageurkeun abdi.”+ 41 Lantaran karunyaeun, Isa nyodorkeun leungeunna jeung nyabak manéhna bari ngomong, ”Abdi daék! Ku abdi bakal dicageurkeun.”+ 42 Panyakit kustana langsung leungit, manéhna teu najis deui. 43 Ku Isa buru-buru dititah indit jeung diomat-omat, 44 ”Omat, ulah nyarita ka sasaha nya. Tapi, jung indit ka imam, ménta dipariksa. Tuluy, baktikeun kurban sakumaha nu diatur ku Hukum Musa,+ ngarah maranéhna nyaho anjeun téh geus cageur.”+ 45 Sanggeus indit, ieu lalaki kalah ka cacarita ka ditu ka dieu nepi ka nyebar ka mamana. Jadi, Isa teu bisa deui terang-terangan asup ka jero kota, kudu cicing di luar kota di tempat nu sepi. Sanajan kitu, angger wéh jalma-jalma daratang ti mamana.+