Nu Ditulis ku Markus
2 Sanggeus sababaraha poé, Isa balik deui ka Kapernaum. Jalma-jalma nyarahoeun manéhna keur aya di imah. 2 Jadi, loba jalma tumplek ka imah éta nepi ka pajejel, lawang panto gé heurin ku jelema. Tuluy, manéhna nyaritakeun warta hadé ka maranéhna. 3 Geus kitu, datang opat jalma ngagotong jalma nu lumpuh. 4 Tapi ku sabab kahalangan ku jalma réa, maranéhna teu bisa mawa jalma éta ka Isa. Jadi maranéhna ngaliangan hateup, tuluy nurunkeun jalma nu lumpuh éta maké tanduna. 5 Ningali kitu, Isa nyaho maranéhna boga iman. Jadi, manéhna ngomong ka nu lumpuh éta, ”Jang, dosa-dosa manéh geus dihampura.” 6 Di dinya, aya sababaraha ahli Torét nu keur diuk. Maranéhna mikir kieu dina haténa, 7 ”Wawanianan jelema éta ngomong kitu! Ngahina Allah éta téh. Nu bisa ngahampura dosa mah ngan Allah, pan?” 8 Tapi, Isa langsung nyaho naon nu dipikirkeun ku maranéhna. Jadi, manéhna ngomong kieu, ”Ku naon maranéh mikir siga kitu? 9 Cik, mana nu leuwih gampang, ngomong ka nu lumpuh éta, ’Dosa manéh geus dihampura,’ atawa, ’Geura nangtung, bawa tandu manéh, sok leumpang’? 10 Tapi, supaya maranéh nyaho Putra manusa boga kawasa ngahampura dosa di dunya . . .” Tuluy manéhna ngomong ka nu lumpuh éta, 11 ”Pék nangtung, bawa éta tandu, jung geura balik.” 12 Nu lumpuh éta nangtung, langsung mawa tanduna, tuluy leumpang di hareupeun kabéh jalma. Kabéhanana tajub jeung muji sukur ka Allah. Ceuk maranéhna, ”Saumur-umur, kakara ayeuna ningali nu siga kieu.”
13 Manéhna indit deui ka basisir Situ Galiléa. Jalma réa terus daratang, tuluy Isa ngajar maranéhna. 14 Basa keur leumpang, manéhna nempo Léwi, anak Alféus, keur diuk di kantor pajeg. Isa ngomong ka manéhna, ”Hayu jadi murid urang.” Manéhna langsung cengkat nuturkeun Isa. 15 Ka dieunakeun, Isa dahar di imahna Léwi. Loba tukang mulung pajeg jeung jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa ngariung milu dahar jeung Isa sarta murid-muridna, sabab ti antara maranéhna loba nu jadi muridna. 16 Basa ahli Torét ti kaom Farisi nempo manéhna dahar jeung jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa sarta tukang mulung pajeg, maranéhna ngomong ka murid-murid Isa, ”Ku naon manéhna bet dahar jeung tukang mulung pajeg sarta jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa?” 17 Ngadéngé kitu, Isa ngajawab, ”Nu butuh dokter mah lain jalma jagjag, tapi jalma gering. Urang datang téh lain rék néangan jalma bener, tapi jalma nu ngalampahkeun dosa.”
18 Murid-muridna Yahya jeung urang Farisi osok puasa. Jadi, aya nu datang nanya kieu ka manéhna, ”Murid-murid Yahya jeung murid-murid urang Farisi mah osok puasa. Ari murid-murid anjeun naha tara puasa?” 19 Isa ngajawab, ”Mun pangantén lalaki babarengan kénéh jeung sobat-sobatna, jang naon sobat-sobatna puasa? Salila masih kénéh babarengan jeung pangantén lalaki mah teu mungkin maranéhna puasa. 20 Tapi engké, waktu pangantén lalakina dibawa, kakara sobat-sobatna paruasa. 21 Moal aya nu nambal baju butut ku kaén anyar. Mun kitu mah kaén anyar éta bakal murengked, jeung soékna kalah ka ngagedéan. 22 Kitu ogé, moal aya nu nyicikeun cianggur nu anyar kana kantong kulit nu heubeul. Mun kitu, kantong kulitna bakal bucat, jadi cianggurna kapiceun, kantongna gé dipiceun. Sabalikna, cianggur nu anyar mah dicicikeun kana kantong kulit nu anyar.”
23 Basa manéhna ngaliwatan ladang gandum dina poé Sabat, murid-muridna maretik gandum bari leumpang. 24 Jadi, urang Farisi ngomong ka manéhna, ”Tuh tingali! Ku naon murid-murid manéh ngalanggar aturan poé Sabat?” 25 Manéhna ngajawab, ”Maranéh teu pernah maca, naon nu dilakukeun ku Daud basa keur teu boga dahareun sarta basa manéhna jeung baladna lapar? 26 Dina kisah ngeunaan Imam Kapala Abiatar, Daud asup ka imah Allah* tuluy ngadahar roti nu dibaktikeun, malah dibikeun ogé ka balad-baladna, padahal éta téh teu meunang didahar salian ku para imam, pan?” 27 Geus kitu, manéhna ngomong kieu, ”Allah ngayakeun Sabat téh keur manusa, lain ngayakeun manusa keur Sabat. 28 Tah, Putra manusa téh Juraganna poé Sabat.”