Nu Ditulis ku Markus
13 Basa Isa ninggalkeun bait, saurang muridna ngomong kieu ka manéhna, ”Guru, tingali! Batu-batu jeung bangunan-bangunanana meni alus pisan!” 2 Tapi Isa ngomong ka manéhna, ”Manéh ningali bangunan nu alagréng ieu? Ieu kabéh bakal dirugrugkeun, moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén.”
3 Basa keur diuk di Gunung Zaitun nyanghareup ka bait, Pétrus, Yakobus, Yahya, jeung Andréas nanya ka manéhna pas keur euweuh sasaha, 4 ”Cik béjaan, iraha hal-hal ieu bakal kajadian, sarta naon tandana hal-hal ieu téréh nepi kana panungtunganana?” 5 Ti dinya, Isa ngabéjaan, ”Kadé, maranéh ulah beunang kabobodo. 6 Loba nu bakal datang maké ngaran urang, ngaku-ngaku, ’Urang jelemana,’ jeung loba nu bakal kasasabkeun. 7 Salian ti éta, lamun maranéh ngadéngé dur-derna perang jeung béja-béja ngeunaan perang, ulah sieun sabab hal-hal ieu kudu kajadian, tapi ieu téh lain ahirna.
8 ”Sabab bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan ogé silih perangan, bakal aya lini di mana-mana, sarta bakal aya kalaparan. Tapi, ieu kabéh téh kakara awalna kasusahan.*
9 ”Maranéh gé kudu ati-ati. Jalma-jalma bakal mawa maranéh ka pangadilan, ngagebugan maranéh di tempat-tempat ibadah, jeung lantaran nuturkeun urang, maranéh bakal dibawa ka hareupeun gubernur-gubernur jeung raja-raja supaya bisa ngajelaskeun kapercayaan maranéh ka maranéhna. 10 Salian ti éta, warta hadé kudu diuarkeun heula ka sagala bangsa. 11 Waktu maranéh dibawa ka pangadilan, teu kudu hariwang rék ngomong naon. Harita kénéh, maranéh bakal nyaho kudu ngomong naon, sabab nu ngomong téh lain maranéh, tapi kawasa suci. 12 Terus, dulur bakal nyerahkeun dulurna ngarah dipaéhan, kitu ogé bapa ka budakna. Budak bakal ngalawan ka kolot jeung nyerahkeun kolotna ngarah dipaéhan. 13 Lantaran nuturkeun urang, maranéh bakal dipikangéwa, tapi nu tabah nepi ka ahir bakal disalametkeun.
14 ”Tapi waktu maranéh ningali hal pikageuleuheun nu nyababkeun kabinasaan aya di tempat nu teu sakuduna (supaya bisa paham, nu maca kudu mikirkeun bener-bener), saha waé nu aya di Yudéa kudu kabur ka pagunungan. 15 Nu aya di hateup imah,* ulah turun jeung nyokot nanaon di jero imah, 16 jeung nu aya di kebon ulah balik heula nyokot baju luarna. 17 Cilaka awéwé nu keur ngandung jeung nyusuan orokna dina mangsa éta! 18 Pék terus ngadoa supaya éta henteu kajadian pas keur usum tiris, 19 sabab dina waktu éta, bakal aya kasangsaraan nu can pernah kajadian ti mimiti Allah nyiptakeun dunya nepi ka ayeuna, jeung moal bakal kajadian deui. 20 Malah lamun ku Yéhuwa mangsa éta teu disinggetkeun, moal aya nu salamet. Tapi mangsa éta ku Anjeunna disinggetkeun demi jalma-jalma nu geus dipilih ku Anjeunna.
21 ”Salian ti éta, lamun aya nu ngomong ka maranéh, ’Tah, Al-Masih aya di dieu!’ atawa ’Tuh, manéhna aya di ditu!’ ulah percaya. 22 Sabab bakal muncul loba Al-Masih jeung nabi palsu, maranéhna bakal nyieun mujijat nu luar biasa, supaya bisa nyasabkeun jalma-jalma nu geus dipilih ku Allah. 23 Maranéh kudu waspada. Urang geus ngabéjaan ieu kabéh saacanna.
24 ”Dina mangsa éta, sanggeus kasangsaraan éta, panonpoé bakal poék, bulan moal cahayaan, 25 béntang-béntang bakal ragragan ti langit, jeung kakuatan langit bakal oyag. 26 Maranéhna gé bakal nempo Putra manusa datang ku kakawasaan jeung kamulyaan nu hébat dina awan. 27 Terus manéhna bakal ngutus para malaikatna ka opat arah angin pikeun ngumpulkeun jalma-jalma nu geus dipilih, ti tungtung bumi nepi ka tungtung langit.
28 ”Pék diajar ti ibarat ngeunaan tangkal ara: Lamun dahan-dahan anyarna ngahéjoan jeung daunan, éta tandana geus téréh usum panas. 29 Kitu ogé, lamun maranéh ningali hal-hal ieu kajadian, éta tandana Putra manusa geus aya di lawang panto. 30 Sing percaya, jalma-jalma dina jaman ieu* moal musna nepi ka kabéh hal ieu kajadian. 31 Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi kekecapan urang bakal aya salilana.
32 ”Ngeunaan poé atawa jamna euweuh nu nyaho, para malaikat di sorga jeung Putra gé teu nyaho, ngan Bapa nu nyaho. 33 Maranéh kudu terus sadar jeung waspada, sabab maranéh teu nyaho waktu nu geus ditangtukeun éta. 34 Éta téh siga saurang jalma nu rék indit ka luar nagri jeung ninggalkeun imahna. Palayan-palayanna dibéré wewenang pikeun ngurus imahna, masing-masing dibéré tugas. Nu jaga panto dititah terus waspada. 35 Ku kituna, maranéh kudu terus waspada, sabab maranéh teu nyaho iraha datangna nu boga imah, boa peuting, boa tengah peuting, boa saacan subuh,* atawa isuk-isuk, 36 supaya waktu manéhna datang ngadadak, manéhna teu nempo maranéh keur saré. 37 Nu dibéjakeun ka maranéh téh keur saréréa: Maranéh kudu terus waspada.”