Nu Ditulis ku Markus
14 Dua poé deui bakal aya Paskah jeung Parayaan Roti nu Teu Diragian. Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét nyieun siasat licik pikeun néwak jeung maéhan Isa. 2 Tapi ceuk maranéhna, ”Ulah pas parayaan, bisi aya karusuhan.”
3 Basa keur di Bétani, Isa dahar di imahna Simon nu barétona boga panyakit kusta, tuluy datang saurang awéwé mawa botol marmer nu eusina minyak seungit tina narwastu murni, nu mahal pisan. Manéhna muka botolna tuluy ngucurkeun minyakna kana sirah Isa. 4 Ningali kitu, aya nu arambekeun jeung pada ngomong kieu, ”Ku naon minyak seungit téh bet dihambur-hambur kitu? 5 Mun dijual pan hargana leuwih ti 300 dinar,* jeung duitna bisa disidekahkeun ka nu mariskin!” Jadi, maranéhna jéngkél ka* awéwé éta. 6 Tapi ceuk Isa, ”Keun antepkeun. Ku naon maranéh bet ngomongkeun éta awéwé siga kitu? Manéhna téh keur nyieun kahadéan ka urang. 7 Nu mariskin mah aya waé di antara maranéh, iraha waé gé maranéh bisa nulungan maranéhna, ari urang moal salilana bareng jeung maranéh. 8 Éta nu mampuh dilakukeun ku manéhna. Manéhna ngucurkeun minyak seungit ka awak urang téh keur nyiapkeun pamakaman urang engké. 9 Sing percaya, di mana waé warta hadé diuarkeun di sakuliah dunya, naon nu dilakukeun ku awéwé ieu ogé bakal dicaritakeun supaya manéhna terus diinget.”
10 Salah saurang ti 12 rasul, nyaéta Yudas Iskariot, indit manggihan imam-imam kapala rék mantuan maranéhna néwak* Isa. 11 Ngadéngé manéhna nyanggupan kitu, maranéhna atoheun pisan jeung ngajangjikeun duit pérak. Ti harita, manéhna néangan waktu nu cocog pikeun nyerahkeun Isa.
12 Dina poé kahiji Parayaan Roti nu Teu Diragian, nyaéta waktu keur ngurbankeun sato Paskah, murid-murid nanya ka Isa, ”Di mana urang kudu nyiapkeun jamuan Paskah?” 13 Manéhna ngutus dua muridna jeung ngomong kieu, ”Pék indit ka kota, engké di ditu saurang lalaki nu mawa kendi cai bakal manggihan maranéh. Tuturkeun manéhna 14 nepi asup ka jero imah. Tuluy tanyakeun ka nu boga imahna, ’Ceuk Guru, ”Di mana kamar tamu nu bisa dipaké keur ngadahar jamuan Paskah bareng jeung murid-murid urang?”’ 15 Manéhna bakal nuduhkeun hiji kamar nu lega di loténg nu geus diatur jeung siap dipaké. Sok siapkeun jamuanana di dinya.” 16 Jadi murid-muridna indit, asup ka kota, jeung naon nu diucapkeun ku Isa téh bener kajadian. Tuluy maranéhna nyiapkeun Paskah.
17 Pas geus peuting, manéhna datang bareng jeung 12 rasulna. 18 Basa maranéhna diuk ngurilingan méja bari dahar, Isa ngomong, ”Sabenerna, salah sahiji ti maranéh nu dahar bareng jeung urang bakal ngahianat ka urang.” 19 Maranéhna jadi sedih, tuluy saurang-saurang nanya ka manéhna, ”Lain urang, pan?” 20 Ceuk Isa, ”Manéhna téh salah saurang ti 12 rasul nu bareng jeung urang nganclomkeun roti kana mangkok. 21 Putra manusa bakal maot, sakumaha nu geus ditulis ngeunaan manéhna. Tapi, cilaka jalma nu ngahianat ka Putra manusa! Leuwih hadé lamun éta jalma teu lahir ka dunya.”
22 Bari dahar bareng, manéhna nyokot roti, ngadoa, tuluy rotina disemplékan jeung dibikeun ka maranéhna. Ceuk manéhna, ”Tampanan, ieu ngalambangkeun awak urang.” 23 Terus manéhna nyokot sagelas cianggur, ngucapkeun sukur, jeung mikeun ka murid-murid. Maranéhna kabéh nginum tina gelas éta. 24 Isa ngomong ka maranéhna, ”Ieu ngalambangkeun getih urang, nyaéta ’getih perjangjian’ nu bakal dikucurkeun pikeun nyalametkeun loba jalma. 25 Sabenerna, urang moal nginum cianggur deui nepi ka urang nginum cianggur anyar bareng jeung maranéh dina Pamaréntahan Allah.” 26 Ahirna, sanggeus ngawihkeun pupujian,* maranéhna indit ka Gunung Zaitun.
27 Isa ngomong ka maranéhna, ”Iman maranéh kabéh bakal goncang* sabab aya ayat nu nyebutkeun, ’Kuring bakal nyerang pangangonna, jeung domba-dombana bakal paburencay.’ 28 Tapi sanggeus urang dihirupkeun deui, urang bakal miheulaan maranéh ka Galiléa.” 29 Tapi Pétrus ngomong, ”Sanajan kabéh goncang imanna,* urang mah moal!” 30 Ku Isa ditémbalan, ”Sabenerna, poé ieu, peuting ieu kénéh, saacan hayam kongkorongok dua kali, manéh bakal nyangkal urang tilu kali.” 31 Tapi manéhna keukeuh, ”Sanajan kudu paéh bareng jeung Guru gé, urang moal nyangkal Guru.” Kabéh gé mulai ngaromong kitu.
32 Geus kitu, maranéhna datang ka taman nu disebut Gétsemani. Isa ngomong ka murid-muridna, ”Sok diuk daragoan di dieu, urang rék ngadoa.” 33 Manéhna ngajak Pétrus, Yakobus, jeung Yahya. Harita, manéhna ngarasa sieun, hariwang, jeung guligah pisan. 34 Manéhna ngomong, ”Urang téh meni nalangsa pisan, asa rék paéh. Dagoan di dieu nya, jaga-jaga.” 35 Isa maju saeutik, bruk sujud jeung ngadoa, ménta supaya mun bisa mah manéhna ulah nepi ka ngalaman kaayaan nu susah éta. 36 Manéhna ngadoa, ”Abba,* Bapa, teu aya nu mustahil keur Bapa. Abdi ulah disina nginum tina gelas* ieu. Tapi, lain kahayang abdi nu laksana, tapi kahayang Bapa.” 37 Waktu manéhna nyampeurkeun murid-muridna, ari pék téh maranéhna keur sararé. Jadi manéhna ngomong ka Pétrus, ”Simon, saré manéh téh? Manéh teu kuat kitu jaga-jaga barang sajam? 38 Maranéh kudu jaga-jaga bari terus ngadoa, supaya maranéh teu kagoda. Mémang, haté mah sumanget,* tapi awak lemah.” 39 Manéhna indit deui jeung ngadoakeun hal nu sarua. 40 Isa nyampeurkeun deui murid-muridna, maranéhna sararé kénéh waé da tarunduheun pisan, jadi maranéhna teu nyaho rék ngajawab naon. 41 Katilu kalina, manéhna balik deui tuluy ngomong, ”Dina kaayaan siga kieu maranéh ngadon sararé jeung istirahat! Tong saré deui! Ieu geus waktuna! Putra manusa rék diserahkeun ka leungeun jalma-jalma dosa. 42 Cengkat, hayu indit. Tuh, nu rék ngahianat ka urang geus deukeut.”
43 Isa keur ngomong kénéh, torojol Yudas, salah saurang ti 12 rasul, datang bareng jeung gorombolan titahan imam-imam kapala, ahli-ahli Torét, jeung para pamingpin bangsa éta. Maranéhna marawa pedang jeung pepentung. 44 Nu rék ngahianat ka Isa geus méré tanda ka maranéhna, ”Saha nu dicium ku urang, éta jelemana. Téwak manéhna, tuluy bawa bari dikawal.” 45 Yudas langsung nyampeurkeun Isa bari ngomong, ”Rabi!”* tuluy Isa dicium. 46 Geus kitu, maranéhna néwak Isa. 47 Tapi, salah saurang nu aya di dinya nyabut pedangna jeung nyabet palayan imam agung, beunang ceulina nepi ka sapat. 48 Tuluy, Isa ngomong ka maranéhna, ”Urang téh rampog kitu, maké mamawa pedang jeung pepentung sagala keur néwak urang? 49 Unggal poé gé urang aya di antara maranéh, ngajar di bait, tapi ku maranéh teu ditéwak. Tapi da kudu kitu, supaya nu ditulis dina Kitab Suci jadi kanyataan.”
50 Kabéh murid kalabur ninggalkeun manéhna. 51 Tapi aya saurang lalaki ngora nu nuturkeun ti deukeut. Manéhna ngan maké kaén linén alus hungkul. Ku maranéhna rék ditéwak, 52 tapi manéhna ngaleupaskeun kaén linénna tuluy kabur bari taranjang.*
53 Maranéhna mawa Isa ka imam agung. Di dinya, geus karumpul imam-imam kapala, para pamingpin, jeung ahli-ahli Torét. 54 Ari Pétrus nuturkeun ti kajauhan nepi ka buruan imahna imam agung. Manéhna diuk bareng jeung para palayan imah bari milu siduru. 55 Para imam kapala jeung kabéh anggota Sanhédrin néangan jalma-jalma nu bakal méré kasaksian ngeunaan Isa supaya manéhna bisa dihukum pati, tapi teu hasil. 56 Mémang, aya loba nu méré kasaksian palsu ngeunaan manéhna, tapi kasaksianana kabéh papalingpang. 57 Aya ogé sababaraha urang nu nangtung méré kasaksian palsu, cenah, 58 ”Ceuk manéhna, ’Urang bisa ngaruntuhkeun bait nu dibangun ku leungeun manusa, tapi dina tilu poé ku urang bakal dibangun deui, lain ku leungeun manusa.’” 59 Tapi ngeunaan hal ieu ogé, kasaksian maranéhna téh papalingpang.
60 Geus kitu imam agung nangtung di tengah-tengah maranéhna tuluy nanya ka Isa, ”Manéh teu daék ngabantah? Teu kadéngé kitu tuduhan maranéhna?” 61 Tapi Isa cicing waé, teu ngajawab sakecap-kecap acan. Imam agung nanya deui ka manéhna, ”Bener manéh téh Al-Masih, Putra Allah Nu Mahasuci?” 62 Isa ngajawab, ”Bener, jeung maranéh bakal nempo Putra manusa diuk di katuhueun Nu Kawasa* jeung datang dina awan-awan di langit.” 63 Ngadéngé kitu, béréwék imam agung nyoékkeun baju luarna jeung ngomong, ”Keur naon aya saksi-saksi deui? 64 Geus kadéngé pan manéhna ngahina Allah? Naon putusan maranéh?”* Kabéh mutuskeun Isa kudu dihukum pati. 65 Tuluy manéhna diciduhan, dituruban sirahna, jeung ditonjok. Ceuk maranéhna, ”Lamun manéh nabi, saha yeuh nu neunggeul manéh?” Geus kitu, manéhna ditampiling ku patugas pangadilan jeung dibawa ku maranéhna.
66 Basa Pétrus aya di handap, di buruan, saurang awéwé palayanna imam agung nyampeurkeun. 67 Ningali Pétrus keur siduru, manéhna neuteup Pétrus bari ngomong, ”Manéh téh babaturanana Isa urang Nazarét téa, pan?” 68 Tapi manéhna mungkir, ngomong kieu, ”Urang mah teu wawuh. Ngomong naon sih manéh téh?” Manéhna leumpang ka luar ka arah gerbang. 69 Di dinya, palayan awéwé éta ningali manéhna deui, tuluy ngomong ka nu narangtung di dinya, ”Si éta téh muridna Isa.” 70 Pétrus mungkir deui. Teu lila, jalma-jalma nu narangtung éta ngomong ka Pétrus, ”Moal salah deui, manéh téh salah saurang ti maranéhna, da manéh téh urang Galiléa.” 71 Terus, manéhna ngajawab, ”Urang teu wawuh ka jelema nu diomongkeun ku maranéh!” bari sumpah jeung ngomong daék dikutuk lamun ngabohong. 72 Harita kénéh kadéngé sora hayam kongkorongok kadua kalina. Ras baé Pétrus ingeteun kana omongan Isa, ”Saacan hayam kongkorongok dua kali, manéh bakal nyangkal urang tilu kali.” Manéhna teu tahan deui, segruk baé ceurik.