Nu Ditulis ku Markus
3 Manéhna asup deui ka tempat ibadah. Di dinya, aya lalaki nu leungeunna lumpuh jeung mungkered sabeulah. 2 Urang Farisi merhatikeun Isa, hayang nyaho manéhna bakal nyageurkeun lalaki éta moal dina poé Sabat, supaya bisa nuduh manéhna. 3 Isa ngomong ka nu leungeunna lumpuh éta, ”Ka dieu, nangtung di tengah.” 4 Tuluy manéhna ngomong ka maranéhna, ”Mana nu meunang dipigawé dina poé Sabat: nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa atawa maéhan?” Maranéhna kalah ka ngabetem. 5 Isa neuteup maranéhna bari jeung keuheul, haténa sedih kabina-bina lantaran maranéhna meni teu boga parasaan. Terus manéhna ngomong ka lalaki éta, ”Cing asongkeun leungeun manéh.” Barang diasongkeun, leungeunna cageur. 6 Sanggeus kitu, urang Farisi ngalaléos ka luar, langsung badami jeung anggota partéy Hérodés, nyieun rencana maéhan Isa.
7 Isa jeung murid-muridna terus indit ka situ. Anu naluturkeun kacida lobana, ti Galiléa jeung ti Yudéa. 8 Malahan réa ogé nu daratang ti Yérusalém, ti Iduméa, ti peuntaseun Walungan Yordan, jeung ti daérah Tirus sarta Sidon, sabab maranéhna geus ngadéngé sagala nu dilampahkeun ku Isa. 9 Jadi, manéhna ménta murid-muridna nyiapkeun parahu ngarah teu kasedek ku jalma réa. 10 Lantaran manéhna geus nyageurkeun loba jalma, kabéh nu boga panyakit parah ngagimbung hayang nyabak manéhna. 11 Malah unggal nempo manéhna, jalma nu kasurupan roh jahat bakal sujud jeung ngagorowok, ”Manéh téh Putra Allah.” 12 Tapi, Isa ngomat-ngomat supaya maranéhna henteu nyaritakeun ngeunaan dirina.
13 Isa naék ka gunung tuluy ngageroan jalma-jalma nu dipilih ku manéhna. Maranéhna nyalampeurkeun. 14 Nu dipilih téh 12 priya nu ku manéhna disebut rasul-rasul. Maranéhna ieu nu maturan Isa, nu diutus pikeun ngawawar, 15 jeung nu dibéré kawasa ngusir roh jahat.
16 Dua belas jalma nu dipilih ku Isa téh nyaéta Simon (nu disebut ogé Pétrus ku Isa), 17 Yakobus (anakna Zébédéus) jeung Yahya dulurna (ku Isa, adi lanceuk ieu disebut Boanérgés, nu hartina ”Anak-Anak Guludug”), 18 Andréas, Filipus, Bartoloméus, Matius, Tomas, Yakobus (anakna Alféus), Tadéus, Simon urang Kanani, 19 jeung Yudas Iskariot nu ka dieunakeun ngahianat ka Isa.
Geus kitu, Isa asup ka imah. 20 Breg deui jalma-jalma daratang nepi ka maranéhna teu kaburu dahar-dahar acan. 21 Waktu hal éta kadéngé ku kulawargana, maranéhna nyusulan rék mawa Isa, sabab ceuk maranéhna, ”Manéhna geus teu waras.” 22 Para ahli Torét nu daratang ti Yérusalém gé ngomong kieu, ”Manéhna kaasupan Béélzébul.* Bisa ngusir roh-roh jahat téh da dibantuan ku pangawasa roh-roh jahat.” 23 Jadi, maranéhna digeroan ku Isa, tuluy Isa nyaritakeun ibarat ka maranéhna, ”Bisa kitu Sétan ngusir Sétan? 24 Lamun dina hiji karajaan, rahayatna silih lawan, karajaanana tangtu ancur, 25 jeung lamun dina hiji rumah tangga, anggotana silih lawan, rumah tangga éta tangtu paburantak. 26 Salian ti éta, lamun Sétan ngalawan dirina sorangan jeung karajaanana papecah, manéhna moal terus aya tapi bakal musna. 27 Tangtu, moal aya nu bisa asup ka imahna jelema bedas jeung maling harta bandana, lamun jelema bedas éta teu ditalian heula. Sanggeus kitu, kakara imahna bisa dijarah. 28 Sabenerna, sagala dosa nu dilampahkeun jeung sagala hinaan nu diucapkeun ku manusa bakal dihampura. 29 Tapi, saha waé nu ngahina kawasa suci moal pernah dihampura, sabab éta téh dosa abadi.” 30 Isa ngomong kitu téh pédah ceuk maranéhna, ”Manéhna kaasupan roh jahat.”
31 Jol datang indung jeung dulur-dulurna. Maranéhna ngadagoan di luar jeung nitah saurang jalma pikeun ngageroan Isa. 32 Nu ngarariung deukeut manéhna ngomong kieu, ”Itu aya indung jeung dulur néangan, maranéhna ngadagoan di luar.” 33 Tapi ku Isa dijawab, ”Saha indung jeung dulur-dulur urang?” 34 Terus bari neuteup jalma-jalma nu ngariung di deukeutna, manéhna ngomong, ”Tah ieu indung jeung dulur-dulur urang téh! 35 Saha waé nu ngajalankeun kahayang Allah, nya manéhna nu jadi dulur awéwé, dulur lalaki, jeung indung urang.”