Nu Ditulis ku Markus
5 Geus kitu, maranéhna nepi ka peuntas, nyaéta ka daérah urang Gérasa.+ 2 Kakara gé turun tina parahu, Isa didatangan ku lalaki nu kasurupan roh jahat nu jolna ti antara makam-makam. 3 Éta lalaki cicingna téh di antara makam-makam éta. Nepi ka harita, euweuh nu bisa nalian manéhna, sanajan ku ranté. 4 Suku jeung leungeunna sering diranté, tapi ku manéhna dipegat-pegatkeun, sarta ranté sukuna diancurkeun. Ku bedas-bedasna, euweuh nu bisa nalukkeun manéhna. 5 Beurang peuting, manéhna ceuceuleuweungan di makam-makam jeung di gunung-gunung bari nurihan awakna ku batu. 6 Tapi basa ningali Isa ti kajauhan, manéhna ngaberetek lumpat jeung sujud hareupeunana.+ 7 Manéhna ngagorowok, ”Rék naon anjeun ka dieu, Isa, Putra ti Allah Nu Maha Agung? Sok sumpah demi Allah, anjeun moal nyiksa urang.”+ 8 Sabab saacanna, Isa geus ngomong kieu, ”Éh, roh jahat, kaluar ti éta jalma!”+ 9 Terus, ku Isa ditanya, ”Saha ngaran manéh?” Dijawabna, ”Légiun,* sabab urang téh lobaan.” 10 Manéhna terus ménta ka Isa supaya roh-roh éta teu diusir ti daérah dinya.+
11 Harita, aya loba pisan babi+ nu keur nyaratu di gunung.+ 12 Jadi, roh-roh éta ménta ka Isa, ”Idinan urang saréréa nyurup ka babi-babi.” 13 Ku Isa diidinan. Jadi, roh-roh jahat éta kalaluar, seug nyarurup ka babi-babi nu lobana kira-kira 2.000. Geus kitu, babi-babina ngabalecir ka sisi gawir, ngarajleng ka situ, kabéh tingkerelep. 14 Ari tukang ngangonna kalabur jeung ngalaporkeun hal éta ka kota jeung ka daérah sakurilingna. Jalma-jalma daratang hayang ningali kajadianana.+ 15 Barang maranéhna manggihan Isa, katingali jalma nu tadina kasurupan légiun téa keur diuk, geus dibaju, jeung geus waras. Maranéhna jadi sarieuneun. 16 Jalma-jalma nu nyaraksian gé nyaritakeun ka maranéhna naon nu kaalaman ku jalma nu kasurupan jeung babi-babi éta. 17 Jadi, maranéhna kabéh méménta supaya Isa indit ti éta daérah.+
18 Waktu Isa naék kana parahu, jalma nu tadina kasurupan téa hayangeun pisan milu ka Isa.+ 19 Tapi, ku Isa teu diidinan bari diomongan kieu, ”Mending balik. Béjaan dulur-dulur anjeun sagala nu geus dilampahkeun ku Yéhuwa* ka anjeun jeung caritakeun sakumaha karunyana Allah ka anjeun.” 20 Jadi, éta lalaki indit jeung nguar-nguarkeun di Dékapolis* sagala nu dilampahkeun ku Isa keur manéhna. Kabéh jalma tarajubeun.
21 Isa naék parahu deui ka peuntaseun situ. Kakara gé nepi ka sisi situ, loba jalma geus daratang ngagimbung.+ 22 Jol datang kapala tempat ibadah nu ngaranna Yairus. Barang ningali Isa, bruk manéhna sujud hareupeunana.+ 23 Manéhna teterusan ménta kieu, ”Anak awéwé abdi nuju teu damang, parah pisan.* Hayu sumping ka bumi abdi. Upami dicepeng ku Bapa,+ tangtu pun anak téh damang deui sareng teras hirup.” 24 Isa milu jeung manéhna bari dituturkeun ku jalma réa nu pasesedek hayang deukeut ka Isa.
25 Aya awéwé nu geus 12 taun+ ngagetih.+ 26 Manéhna geus sering datang ka loba tabib, tapi éta kalah ka nyangsarakeun* manéhna, jaba harta bandana gé béak. Lain cageur, panyakitna kalah ka beuki parah. 27 Waktu ngadéngé béja ngeunaan Isa, manéhna sésélékét ti tukang di antara jalma réa tuluy nyabak baju luar Isa,+ 28 sabab éta awéwé mikir, ”Mun bisa nyabak baju luarna wéh, urang pasti cageur.”+ 29 Ngagetihna langsung eureun. Manéhna ngarasa geus cageur tina panyakit nu nyusahkeun éta.
30 Isa langsung ngarasa aya kawasa+ nu kaluar ti dirina. Anjeunna malik ka tukang ka jalma réa jeung nanya kieu, ”Saha nu nyabak baju luar urang?”+ 31 Tapi murid-muridna ngomong, ”Kapan loba jalma keur pasedek-sedek tukangeun Guru, naha maké nanya, ’Saha nu nyabak urang?’” 32 Tapi, anjeunna luak-lieuk néangan jalmana. 33 Nyaho geus cageur, éta awéwé nyampeurkeun Isa bari sieun jeung ngadégdég. Bruk manéhna sideku hareupeun Isa tuluy nyaritakeun nu sabenerna. 34 Isa ngomong ka manéhna, ”Néng, Enéng cageur téh lantaran boga iman. Jung indit,+ ulah hariwang. Enéng geus cageur tina panyakit nu nyusahkeun.”+
35 Waktu Isa keur ngomong kénéh, datang sababaraha jalma ti imahna kapala tempat ibadah terus ngomong kieu, ”Budak téh geus maot. Geus, teu kudu ngarérépot Guru deui.”+ 36 Tapi éta omongan kadéngé ku Isa, jadi anjeunna ngomong ka kapala tempat ibadah, ”Ulah hariwang, percaya wéh.”+ 37 Nu séjénna teu diidinan milu kajaba Pétrus, Yakobus, jeung Yahya dulurna Yakobus.+
38 Waktu maranéhna nepi ka imahna kapala tempat ibadah, Isa ningali kaayaan kacida ributna ku jalma-jalma nu ceurik jejeritan.+ 39 Sanggeus asup, anjeunna ngomong, ”Ku naon bet careurik jeung raribut? Budak téh lain maot, tapi keur saré.”+ 40 Jalma-jalma ngadon nyaleungseurikeun anjeunna. Tuluy maranéhna dititah kalaluar, ngan indung bapa éta budak jeung murid-muridna nu diidinan milu jeung anjeunna ka tempat éta budak digolérkeun. 41 Bari nyekel leungeun éta budak, anjeunna ngomong, ”Talita kumi,” nu hartina, ”Néng, geura hudang!”+ 42 Éta budak langsung hudang tuluy leumpang. (Umurna téh 12 taun.) Atuh puguh indung bapana gumbira kabina-bina. 43 Tapi ku Isa maranéhna diomat-omat ulah* bébéja ka sasaha.+ Terus, anjeunna nitah éta budak dibéré dahar.