Nu Ditulis ku Markus
6 Ti dinya, Isa indit ka daérah asalna+ bareng jeung murid-muridna. 2 Waktu keur poé Sabat, anjeunna ngajar di tempat ibadah. Kalolobaan jalma nu ngadéngékeun anjeunna haréraneun tuluy ngaromong kieu, ”Manéhna diajar ieu kabéh téh ti saha?+ Naha manéhna bet bisa bijaksana jeung bisa nyieun mujijat siga kitu?+ 3 Lain tukang kai+ téa manéhna téh, anakna Maryam,+ sarta lanceukna Yakobus,+ Yusuf, Yudas, jeung Simon?+ Adi-adina nu awéwé ogé aya di dieu, pan?” Jadi, maranéhna teu daék percaya ka Isa. 4 Tapi ceuk Isa, ”Nabi mah di mana-mana gé dihormat. Tapi di lemburna, di antara barayana, jeung di kulawargana sorangan mah tara dianggap.”+ 5 Jadi, anjeunna teu nyieun loba mujijat di dinya. Anjeunna ngan nyageurkeun sababaraha nu gering ku cara numpangkeun leungeunna. 6 Anjeunna héran pisan lantaran maranéhna teu baroga iman. Tuluy, anjeunna indit ka kampung-kampung di sakuriling pikeun ngajar.+
7 Geus kitu, 12 rasul dikumpulkeun ku anjeunna tuluy diutus duaan-duaan+ jeung dibéré kawasa ngusir roh jahat.+ 8 Maranéhna gé dibéré pituduh ulah mawa nanaon keur di jalan iwal ti iteuk, sarta ulah mawa dahareun, kantong dahareun, jeung duit.*+ 9 Meunang maké sendal, tapi ulah mawa baju salin.* 10 Anjeunna ogé ngomong, ”Lamun indit ka hiji daérah, pék cicing di salah sahiji imah nepi ka manéh indit deui ti éta daérah.+ 11 Lamun di hiji daérah euweuh nu daék narima atawa embung ngadéngékeun maranéh, pék indit ti dinya, terus kebutkeun kekebul tina suku maranéh, tanda maranéhna geus diélingan.”+ 12 Bral maranéhna indit jeung ngawawarkeun yén jalma-jalma kudu tarobat.+ 13 Maranéhna gé ngusir loba roh jahat,+ ngoléskeun minyak ka nu gering, tuluy nyageurkeun jalma-jalma.
14 Ieu kadéngé ku Raja Hérodés sabab ngaran Isa geus kasohor. Jalma-jalma ngaromong, ”Yahya Jurubaptis geus hirup deui, matakna manéhna bisa nyieun mujijat-mujijat.”+ 15 Tapi nu séjénna ngomong, ”Manéhna téh Élia.”* Aya deui nu ngomong, ”Manéhna téh nabi, kawas nabi-nabi jaman baheula.”+ 16 Basa ngadéngé éta, Hérodés ngomong kieu, ”Yahya nu dipenggel beuheungna ku aing hirup deui.” 17 Hérodés téh kawin jeung Hérodias,+ nu tadina pamajikan Filipus, lanceukna Hérodés. Ku sabab hayang nyenangkeun Hérodias, Hérodés maréntahkeun supaya Yahya ditéwak, diranté, jeung dipanjarakeun. 18 Yahya sering negor Hérodés, ”Pamajikan lanceuk téh teu meunang dikawin.”+ 19 Jadi, Hérodias geuleuheun ka Yahya sarta hayang maéhan manéhna tapi teu bisa, 20 sabab manéhna dilindungan ku Hérodés. Hérodés sieuneun ka Yahya, da nyahoeun Yahya téh jalma bener jeung suci.+ Hérodés gé resep ngadéngékeun manéhna. Unggal ngadéngékeun Yahya, Hérodés bingung Yahya rék dikumahakeun.
21 Tapi, Hérodias meunang kasempetan waktu Hérodés ngayakeun pésta dina poé ulang taunna.+ Hérodés ngondang para pajabat pamaréntahan, komandan militér, jeung jalma-jalma nu boga pangaruh di Galiléa.+ 22 Anak awéwéna Hérodias datang jeung ngigel nepi ka Hérodés jeung tamu-tamuna aratoheun. Raja ngomong ka manéhna, ”Sok, Enéng rék ménta naon, pasti dibéré.” 23 Raja nepi ka sumpah, ”Ménta naon waé gé tangtu dibéré, rék ménta satengah karajaan gé dibikeun.” 24 Anak awéwé éta indit nanyakeun ka indungna, ”Rék ménta naon nya?” Ceuk indungna, ”Sirahna Yahya Jurubaptis.” 25 Manéhna buru-buru nyampeurkeun Raja jeung ménta kieu, ”Abdi nyuhunkeun sirahna Yahya Jurubaptis dina baki ayeuna kénéh.”+ 26 Ngadéngé kitu, Raja jadi kacida sedihna. Tapi, Raja teu bisa nolak éta paménta lantaran geus sumpah hareupeun tamu-tamu. 27 Jadi, Raja langsung nitah pangawalna sina mawa sirahna Yahya. Éta pangawal indit jeung menggel beuheungna Yahya nu aya di panjara. 28 Sirahna dibawa maké baki tuluy dibikeun ka anak awéwé éta. Ku anak awéwé éta dibikeun ka indungna. 29 Basa murid-muridna Yahya nyarahoeun, maranéhna datang nyokot jasadna tuluy dimakamkeun.
30 Para rasul ngumpul deui jeung Isa tuluy nyaritakeun sagala hal nu dilampahkeun jeung diajarkeun ku maranéhna.+ 31 Ku lantaran loba jalma jul-jol, maranéhna teu kaburu dahar-dahar acan. Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Hayu urang indit heula ka tempat nu sepi ngarah bisa istirahat sakeudeung.”+ 32 Jadi, maranéhna naék parahu meuntas ka tempat nu sepi ngarah misah ti jalma-jalma.+ 33 Tapi, jalma-jalma ningali maranéhna indit, loba ogé nu nyahoeun. Jadi, jalma-jalma ti kabéh kota lalumpatan jeung miheulaan maranéhna. 34 Basa turun tina parahu, Isa ningali jalma réa geus karumpul. Anjeunna karunyaeun+ sabab maranéhna téh siga domba-domba nu taya pangangonna.+ Jadi, Isa ngajarkeun loba hal ka maranéhna.+
35 Waktu geus soré, murid-muridna nyampeurkeun jeung ngomong ka anjeunna, ”Ieu tempat téh jauh ti mamana, jaba geus soré deuih.+ 36 Jalma-jalma téh sina bubar baé, sina meuli dahareun+ sorangan ka kampung-kampung.” 37 Isa ngajawab, ”Maranéh wéh nu méré dahar.” Dijawab deui ku maranéhna, ”Jadi, urang kudu indit meuli roti 200 dinareun* keur méré dahar maranéhna?”+ 38 Ceuk anjeunna, ”Jung tingali, boga roti sabaraha hiji.” Sanggeus ditingali, maranéhna ngomong, ”Aya lima, jeung lauk dua siki.”+ 39 Geus kitu, anjeunna nitah kabéh jalma dariuk sakelompok-sakelompok dina jukut héjo.+ 40 Gék maranéhna dariuk. Sakelompokna téh aya nu 100, aya nu 50 urang. 41 Anjeunna nyokot lima roti jeung dua lauk éta, tanggah ka langit, jeung ngucap sukur.+ Rotina disemplékan, dibikeun ka murid-muridna supaya dibagi-bagikeun ka jalma réa. Dua laukna ogé dibagi-bagikeun ka kabéhan. 42 Jadi, kabéh dalahar nepi ka wareg. 43 Maranéhna ngumpulkeun sésa roti, aya 12 karanjang pinuh, can kaasup laukna.+ 44 Nu dalahar éta roti aya 5.000 lalaki.
45 Geus kitu, anjeunna langsung nitah murid-muridna indit ti heula naék parahu, meuntas ka arah Bétsaida. Ari anjeunna mah rék ngabubarkeun jalma réa.+ 46 Sanggeus jalma-jalma arindit, anjeunna naék ka gunung rék ngadoa.+ 47 Nepi ka peuting, Isa masih kénéh aya di dinya sorangan, ari murid-murid dina parahu geus aya di tengah situ.+ 48 Isa ningali murid-muridna keur susah payah ngadayung sabab anginna ngagelebug. Jadi waktu subuh-subuh,* anjeunna nyampeurkeun murid-muridna, leumpang dina cai, tapi siga nu rék ngaliwatan maranéhna. 49 Waktu murid-muridna ningali aya nu keur leumpang dina cai, maranéhna ngagorowok, ”Éta naon siga aya nu datang!”* 50 Kabéh rareuwaseun ningali anjeunna, tapi Isa langsung ngomong, ”Tenang, ulah sieun! Ieu urang.”+ 51 Sanggeus anjeunna naék kana parahu, jep anginna jempé. Ningali ieu, maranéhna haréraneun, 52 sabab maranéhna can paham kénéh kana harti mujijat roti. Éta kabéh can katepi ku pikiranana.
53 Sanggeus meuntas, maranéhna nepi ka Génésarét, parahuna balabuh di dinya.+ 54 Barang maranéhna turun tina parahu, urang dinya nyarahoeun ka Isa. 55 Maranéhna lalumpatan ngabéjaan penduduk dinya. Geus kitu, jalma-jalma ngagotongan nu garering dina tandu dibawa ka anjeunna. 56 Ka mana waé Isa indit, ka kampung-kampung atawa ka kota-kota, jalma-jalma marawa nu garering ka pasar-pasar, marénta idin pikeun nyabak tungtung baju luarna wungkul.+ Kabéh nu nyabak jadi calageur.