Nu Ditulis ku Markus
8 Harita, jalma réa karumpul deui. Maranéhna teu barogaeun dahareun. Jadi, Isa ngageroan murid-muridna jeung ngomong kieu, 2 ”Urang karunya ka maranéhna.+ Geus tilu poé aya di dieu, teu baroga dahareun.+ 3 Lamun dititah balik tapi can dahar, maranéhna bakal kapiuhan* di jalan, jaba aya nu imahna jauh.” 4 Tapi murid-muridna ngajawab, ”Ieu tempat téh mencil. Di mana urang bisa meunang roti keur méré dahar jalma-jalma ieu?” 5 Anjeunna nanya, ”Maranéh boga roti sabaraha hiji?” Ceuk murid-muridna, ”Aya tujuh.”+ 6 Tuluy Isa nitah jalma réa dariuk dina taneuh. Geus kitu, anjeunna nyokot tujuh roti éta jeung ngucap sukur. Rotina disemplékan, dibikeun ka murid-muridna sina dibagikeun, seug ku maranéhna dibagikeun ka jalma réa.+ 7 Maranéhna gé boga sababaraha lauk leutik. Sanggeus ngucap sukur, Isa nitah maranéhna ngabagikeun laukna ogé. 8 Kabéh dahar nepi ka wareg. Geus kitu sésana dikumpulkeun, meunang tujuh tolombong pinuh.+ 9 Harita, aya kira-kira 4.000 lalaki. Geus kitu, maranéhna dititah balik.
10 Sanggeusna, Isa sarta murid-muridna naék parahu tuluy nepi ka daérah Dalmanuta.+ 11 Kurunyung daratang urang Farisi ngajak débat ka anjeunna. Maranéhna ménta tanda ti sorga pikeun ngadoja anjeunna.+ 12 Isa sedih pisan, tuluy ngomong, ”Ku naon jalma-jalma jaman ayeuna bet ménta tanda?+ Sing percaya, jalma-jalma ieu moal dibéré tanda.”+ 13 Maranéhna ditinggalkeun, tuluy Isa indit deui naék parahu ka peuntas.
14 Ari pék téh murid-murid pohoeun mawa roti. Dina parahu ngan aya roti sasiki,+ euweuh dahareun séjén. 15 Isa mépélingan maranéhna, ”Sing ati-ati jeung waspada kana ragi urang Farisi jeung ragi Hérodés.”+ 16 Jadi, maranéhna raribut lantaran teu mawa roti. 17 Ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Ku naon bet ngaributkeun teu mawa roti? Maranéh can ngarti jeung can paham kénéh? Ieu téh can katepi ku pikiran maranéh, kitu? 18 ’Sakitu boga panon, maranéh teu bisa nénjo? Sakitu boga ceuli, maranéh teu bisa ngadéngé?’ Inget kénéh teu 19 basa urang méré dahar 5.000 lalaki ku lima roti,+ maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha karanjang?” Maranéhna ngajawab, ”Dua belas.”+ 20 ”Basa urang méré dahar 4.000 lalaki ku tujuh roti, maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha tolombong?” Maranéhna ngajawab, ”Tujuh.”+ 21 Anjeunna nanya deui, ”Maranéh can ngarti kénéh?”
22 Maranéhna nepi ka Bétsaida. Di dinya, aya lalaki lolong nu dibawa ka Isa. Jalma-jalma ménta Isa nyageurkeun manéhna.+ 23 Lalaki lolong éta ditungtun ku Isa, dibawa ka luar kampung. Geus kitu, Isa nyiduh kana panonna,+ tuluy ngusap panonna bari nanya, ”Cik, manéh nempo naon?” 24 Éta lalaki ningali ka hareup tuluy ngomong, ”Ningali jalma-jalma, tapi siga tatangkalan nu leuleumpangan.” 25 Panonna diusap deui ku Isa. Bray waé manéhna bisa ningali, panonna jadi awas jeung cékas. 26 Tuluy, manéhna dititah balik bari diomongan, ”Ulah asup ka kampung.”
27 Geus kitu, Isa jeung murid-muridna indit ka kampung-kampung di Kaisaréa Filipi. Di jalan, anjeunna nanya kieu ka murid-muridna, ”Ari ceuk batur, urang téh saha?”+ 28 Maranéhna ngajawab, ”Yahya Jurubaptis.+ Tapi aya nu nyebutkeun Élia,+ aya ogé nu nyebutkeun salah sahiji nabi.” 29 Anjeunna nanya deui, ”Ari ceuk maranéh, urang téh saha?” Pétrus ngajawab, ”Guru téh Al-Masih.”+ 30 Terus, anjeunna ngalarang murid-murid bébéja ka sasaha ngeunaan dirina.+ 31 Anjeunna gé mulai ngajarkeun yén Anak manusa kudu ngalaman loba kasangsaraan sarta ditolak ku para kokolot, imam-imam kapala, jeung ahli Torét, tuluy dipaéhan+ sarta hirup deui tilu poé sanggeusna.+ 32 Anjeunna ngajelaskeunana téh mani terang-terangan pisan. Ku kituna, Isa ditarik ka sisi ku Pétrus tuluy ditegor.+ 33 Tapi Isa malik, ningali ka murid-muridna jeung ngabentak Pétrus, ”Nyingkah ka tukang, Sétan! Pikiran manéh téh pikiran manusa, lain pikiran Allah.”+
34 Tuluy Isa ngumpulkeun jalma-jalma jeung murid-muridna sarta ngomong kieu, ”Saha waé nu hayang nuturkeun urang, teu meunang nuturkeun kahayangna sorangan, tapi kudu manggul tihang siksaan* siga urang jeung terus nuturkeun urang.+ 35 Sabab saha waé nu hayang nyalametkeun nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana demi urang jeung demi warta hadé bakal hirup deui.+ 36 Sok, naon untungna lamun hiji jalma boga sagala hal di ieu dunya tapi kaleungitan nyawana?+ 37 Mémangna naon nu rék dibikeun keur gaganti nyawana?+ 38 Saha waé nu éra jadi murid urang jeung éra lantaran percaya kana kekecapan urang hareupeun jalma-jalma jaman ayeuna nu darosa jeung teu satia* ieu, Anak manusa gé bakal éra narima manéhna+ waktu Anak manusa datang dina kamulyaan Bapana bareng jeung malaikat-malaikat suci.”+