Nu Ditulis ku Markus
7 Sababaraha urang Farisi jeung ahli Torét daratang ti Yérusalém. Isa diriung ku maranéhna.+ 2 Maranéhna nempo aya murid-murid Isa nu dalahar maké leungeun nu najis, nyaéta leungeun nu can dikumbah.* 3 (Lantaran nyekel pageuh tradisi karuhunna, urang Farisi jeung kabéh urang Yahudi moal waka dahar saacan ngumbah leungeun nepi ka siku. 4 Lamun balik ti pasar, maranéhna gé moal waka dahar saacan ngabersihan awakna ku cai. Loba deui tradisi nu ditarima jeung dicekel pageuh ku maranéhna, siga ngeueum gelas, téko, jeung parabot tina tambaga.)+ 5 Éta sababna urang Farisi jeung ahli Torét nanya ka Isa, ”Ku naon murid-murid manéh teu ngajalankeun tradisi karuhun urang? Maranéhna dalahar maké leungeun nu najis kénéh.”+ 6 Ceuk anjeunna, ”Jalma-jalma munapék, ramalan Yésaya ngeunaan aranjeun téh cocog pisan, ’Ieu umat mah hormat ka Kuring téh ngan semet biwir, ari haténa mah jauh ti Kuring.+ 7 Cumah baé maranéhna ibadah ka Kuring, sabab nu diajarkeun téh kalah ka paréntah manusa.’+ 8 Aranjeun mah paréntah Allah ditinggalkeun, ari tradisi manusa dicekel pageuh.”+
9 Isa neruskeun, ”Aranjeun pinter pisan néangan alesan supaya henteu ngajalankeun paréntah Allah tapi tetep ngajalankeun tradisi aranjeun.+ 10 Contona, Musa ngomong, ’Manéh kudu hormat ka indung bapa,’+ sarta, ’Saha waé nu nyumpahan* bapana atawa indungna kudu dipaéhan.’+ 11 Tapi ceuk aranjeun, ’Mun aya jalma nu ngomong ka indung bapana, ”Sagala milik abdi nu tadina badé dianggo ngarawat Ema sareng Bapa tos dikurbankeun (maksudna, dibaktikeun ka Allah),”’ 12 éta jalma ku aranjeun teu diidinan ngabantu naon-naon deui ka indung bapana.+ 13 Ku kituna, aranjeun teu ngajalankeun firman Allah demi ngajalankeun tradisi nu diteruskeun ku aranjeun ka batur.+ Loba kénéh hal séjén nu siga kitu nu dilampahkeun ku aranjeun.”+ 14 Jadi, Isa ngageroan jalma réa sina kumpul. Ceuk anjeunna, ”Daréngékeun ku saréréa, aranjeun kudu paham omongan abdi.+ 15 Anu matak jalma jadi najis téh lain nu asup kana baham, tapi nu kaluar ti dinya.”+ 16* ——
17 Sanggeus Isa ninggalkeun jalma réa tuluy asup ka hiji imah, murid-muridna nanyakeun harti éta ibarat.+ 18 Jadi anjeunna ngomong, ”Maranéh gé teu ngarti geuning? Piraku teu nyaho naon nu diasupkeun kana baham téh teu matak jalma jadi najis? 19 Kapan asupna téh lain kana haté, tapi ka jero beuteung, tuluy dipiceun ka jamban.” Ku kituna, kabéh dahareun ku Isa dinyatakeun halal. 20 Anjeunna neruskeun, ”Nu matak jalma jadi najis mah naon nu kaluar ti manéhna,+ 21 sabab kaluarna ti jero haté,+ nyaéta pikiran-pikiran goréng, nu nyababkeun jalma jadi cabul,* maling, maéhan, 22 jinah, sarakah, ngalampahkeun nu jahat, nipu, teu éra nyieun kagoréngan,* sirikan, ngahina, sombong, jeung teu asup akal. 23 Kabéh hal jahat ieu kaluarna ti jero haté, éta nu matak jalma jadi najis.”
24 Ti dinya, anjeunna indit ka daérah Tirus jeung Sidon.+ Anjeunna asup ka hiji imah, hayangna mah teu kanyahoan ku batur, tapi angger kanyahoan. 25 Karék gé nepi, béja ngeunaan Isa kadéngé ku hiji awéwé nu budak awéwéna kasurupan roh jahat. Manéhna datang, bruk sujud hareupeun Isa.+ 26 Éta awéwé téh urang Yunani, bangsa* Sirofénisia. Manéhna teterusan ménta supaya Isa ngusir roh jahat ti budakna. 27 Tapi, Isa ngomong ka manéhna, ”Barudak heula nu kudu seubeuh. Jadi, salah lamun nyokot roti nu barudak tuluy dibikeun ka anak-anak anjing.”+ 28 Tapi manéhna ngajawab, ”Muhun, Pa, tapi anak-anak anjing di kolong méja ngadahar réméh rotina éta barudak.” 29 Ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Ku sabab anjeun ngomong kitu, jung geura balik. Roh jahatna geus kaluar ti budak anjeun.”+ 30 Éta awéwé balik ka imah. Kasampak budakna keur ngagolér di tempat saré, roh jahatna geus nyingkah.+
31 Waktu Isa rék balik ka Situ Galiléa ti daérah Tirus, anjeunna ngaliwatan Sidon jeung ngaliwatan daérah Dékapolis.*+ 32 Di dinya, aya nu mawa hiji lalaki nu torék jeung hésé ngomong.+ Maranéhna méménta sangkan Isa nyageurkeun éta lalaki. 33 Jadi, Isa mawa éta lalaki misah ti jalma réa. Sanggeus paduduaan, anjeunna ngasupkeun ramona kana ceuli éta lalaki. Geus kitu, anjeunna nyiduh tuluy nyabak létah éta lalaki.+ 34 Bari tanggah ka langit, anjeunna ngarénghap jero tuluy ngomong, ”Éffata,” nu hartina, ”Muka.” 35 Harita kénéh, éta lalaki bisa ngadéngé,+ ngomongna gé jadi béntés padahal tadina balélol. 36 Tuluy, Isa ngalarang jalma-jalma bébéja ka sasaha.+ Tapi beuki dilarang, maranéhna kalah ka beuki cacarita.+ 37 Maranéhna kacida tarajubeunana+ jeung ngaromong kieu, ”Nu dilampahkeun ku manéhna téh luar biasa. Ku kawasana, nu torék jadi bisa ngadéngé, nu pireu jadi bisa ngomong.”+