Nu Ditulis ku Lukas
1 Loba jalma geus sabisa-bisa ngumpulkeun jeung nuliskeun katerangan-katerangan ngeunaan sakabéh kajadian, nu dipercaya pisan ku urang kabéh.+ 2 Nu ditulis ku maranéhna téh cocog jeung nu didéngé ku urang ti jalma-jalma nu nyaraksian langsung ti awalna+ sarta ti jalma-jalma nu nguarkeun warta ti Allah.+ 3 Ku kituna, Nu Mulya Téofilus,+ abdi gé rék nuliskeun kajadianana nurutkeun urutanana, sabab kabéhanana geus ditaliti enya-enya ku abdi ti mimiti. 4 Ieu téh supaya anjeun terang yén anu diajarkeun ka anjeun sacara lisan téh mémang bener.+
5 Dina jaman Hérodés*+ raja Yudéa, aya imam nu ngaranna Zakharia ti golongan Abiya.+ Pamajikanana téh salah sahiji turunan Harun,* ngaranna Élisabét. 6 Dina pandangan Allah, duanana téh jalma bener, nu taat pisan kana sakabéh paréntah sarta hukum Yéhuwa.* 7 Tapi maranéhna teu boga budak lantaran Élisabét mandul, jaba duanana geus kolot.
8 Harita, basa golonganana+ meunang giliran tugas, Zakharia ngalalayanan salaku imam di payuneun Allah. 9 Sakumaha kabiasaan, para imam téh ngundi* pikeun nangtukeun saha nu bakal meuleum dupa.+ Ari pék téh manéhna nu kapilih. Jadi, manéhna asup ka tempat suci Yéhuwa.*+ 10 Harita téh loba pisan jalma keur ngadoa di luar waktu dupa dibeuleum. 11 Bréh malaikat Yéhuwa* némbongan ka Zakharia, nangtung katuhueun mézbah dupa. 12 Zakharia ngagebeg, kacida sieuneunana. 13 Tapi ceuk éta malaikat, ”Ulah sieun, Zakharia. Doa paménta manéh geus didéngé ku Allah. Élisabét pamajikan manéh bakal ngalahirkeun budak lalaki. Éta budak kudu dingaranan Yahya.+ 14 Manéh bakal atoh pisan jeung kacida bungahna. Batur gé bakal milu bungah ku karana lahirna éta budak,+ 15 sabab éta budak bakal jadi jalma penting dina pandangan Yéhuwa.*+ Tapi, manéhna teu meunang nginum cianggur atawa inuman alkohol séjénna.+ Saméméh lahir gé,* manéhna bakal dibéré kawasa suci.+ 16 Manéhna bakal nungtun loba urang Israél balik deui ka Yéhuwa* Allah maranéhna.+ 17 Manéhna bakal diutus miheulaan Allah sarta boga sumanget jeung kawasa siga Élia.*+ Manéhna bakal ngarobah haté bapa jadi kawas haté budak+ sarta ngabantu jalma nu teu taat jadi bijaksana jeung ngalampahkeun nu bener. Ku kituna, maranéhna bakal jadi umat nu siap ngalalayanan Yéhuwa.”*+
18 Ceuk Zakharia ka éta malaikat, ”Piraku? Bisa kitu? Abdi pan geus kolot, nya kitu kénéh pun istri.” 19 Éta malaikat ngajawab, ”Kuring téh Jibril,+ nu terus aya di hareupeun Allah.+ Kuring diutus téh rék méré nyaho warta pikabungaheun ka manéh. 20 Tapi manéh kalah ka teu percaya kana omongan kuring, nu bakal laksana dina waktuna. Jadi, manéh bakal pireu nepi ka éta kabéh laksana.” 21 Harita jalma-jalma téh keur ngadagoan. Maranéhna héraneun ku naon Zakharia téh mani lila pisan di jero tempat suci. 22 Waktu kaluar, Zakharia teu bisa ngomong. Manéhna jadi pireu, ngomongna téh maké isarat. Ningali kitu, jalma-jalma nyimpulkeun yén manéhna téh kakara ningali hal nu ahéng* di tempat suci. 23 Sanggeus bérés ngajalankeun palayanan sucina, manéhna balik ka imah.
24 Teu lila ti harita, Élisabét pamajikanana ngandung. Élisabét ngerem di imah salila lima bulan. Ceuk manéhna, 25 ”Yéhuwa* tos ngalampahkeun nu saé keur abdi. Anjeunna inget ka abdi, ku kituna abdi teu dianggap hina deui ku batur.”+
26 Sanggeus kakandungan Élisabét nincak genep bulan, malaikat Jibril+ diutus ku Allah ka kota Nazarét di Galiléa 27 pikeun manggihan hiji parawan+ nu ngaranna Maryam,+ nu geus tunangan jeung Yusuf, turunan Daud. 28 Waktu datang, éta malaikat ngucap kieu, ”Salam, Maryam nu dipikanyaah jeung disarengan ku Yéhuwa.”* 29 Maryam ngagebeg, seug mikirkeun naon hartina éta salam. 30 Éta malaikat ngomong, ”Ulah sieun, Maryam. Enéng téh dipikaresep ku Allah. 31 Enéng bakal ngandung tuluy ngajurukeun hiji anak lalaki.+ Éta budak kudu dingaranan Isa.+ 32 Éta budak bakal jadi jalma penting+ sarta bakal disebut Putra ti Allah Nu Maha Agung.+ Anjeunna bakal dibéré tahta Daud karuhunna*+ ku Allah Yéhuwa.* 33 Anjeunna bakal jadi Raja nu ngawasaan turunan Yakub salilana. Pamaréntahanana moal aya anggeusna.”+
34 Tapi Maryam némbalan, ”Tiasa kitu? Abdi pan parawan kénéh.”+ 35 Ceuk éta malaikat, ”Nu Maha Agung bakal méré kawasa suci ka Enéng,+ sarta kawasa-Na bakal mayungan Enéng. Éta sababna budak nu bakal dilahirkeun téh suci+ sarta disebut Putra Allah.+ 36 Élisabét baraya Enéng gé ayeuna keur ngandung genep bulan padahal geus kolot jeung ku batur disebut mandul. 37 Keur Allah mah teu aya nu mustahil.”*+ 38 Tuluy Maryam ngomong, ”Abdi téh palayan awéwé milik Yéhuwa.* Mugia laksana ka abdi naon nu diucapkeun ku anjeun.” Sanggeusna, malaikat téh indit.
39 Ti dinya, Maryam buru-buru indit ka daérah pagunungan, ka hiji kota di Yéhuda. 40 Waktu nepi ka imahna Zakharia, manéhna ngucapkeun salam ka Élisabét. 41 Barang Élisabét ngadéngé salam ti Maryam, orok dina kandunganana ngoréjat. Élisabét jadi pinuh ku kawasa suci, 42 seug ngomong tarik, ”Mugia Enéng diberkahan di antara sadaya wanita! Mugia orok di jero kandungan Enéng diberkahan! 43 Saha atuh abdi téh dugi ka dianjangan ku ibuna Juragan abdi? 44 Yeuh tingali, waktu abdi ngadéngé salam Enéng, orok dina kandungan téh ngoréjat atoheun! 45 Bagja Enéng ku lantaran percaya. Sadaya nu diucapkeun ku Yéhuwa* ka Enéng tangtu laksana.”
46 Pok Maryam ngomong, ”Haté abdi muji ka Yéhuwa.*+ 47 Haté téh kacida bungahna ku lantaran Allah Jurusalamet abdi.+ 48 Anjeunna tos merhatikeun palayan awéwé-Na nu rendah.+ Ti semet ayeuna, seueur jalmi* bakal nyebut abdi téh bagja,+ 49 sabab Allah nu kuat tos midamel hal-hal nu luar biasa kanggo abdi. Suci nami-Na téh.+ 50 Jalmi-jalmi nu hormat* ka Anjeunna bakal dipikawelas salamina.+ 51 Anjeunna némbongkeun kawasa ku panangan-Na. Jalmi-jalmi nu haténa sombong dipaburencaykeun.+ 52 Para pangawasa diturunkeun tina tahta,+ ari jalmi alit dijungjung luhur.+ 53 Nu kakurangan ku Anjeunna dipasihan sagala kasaéan+ dugi ka puas, ari nu baleunghar disina indit bari teu mawa nanaon. 54 Anjeunna nulungan Israél hamba-Na. Éta téh bukti yén Anjeunna salawasna inget kana jangji-Na pikeun némbongkeun welas asih+ 55 ka Ibrahim sareng turunanana,+ sakumaha nu diucapkeun ku Anjeunna ka karuhun urang.” 56 Maryam matuh di imahna Élisabét salila tilu bulan tuluy balik.
57 Dina waktuna, Élisabét ngalahirkeun. Budakna téh lalaki. 58 Tatangga jeung barayana nyarahoeun yén Yéhuwa* téh kacida welas asihna ka manéhna, jadi kabéhanana milu bungah.+ 59 Dina poé kadalapan, kabéhanana daratang, waktu éta budak rék disunatan.+ Éta budak ku maranéhna rék dingaranan Zakharia, sarua siga ngaran bapana. 60 Tapi indungna némbalan, ”Ulah! Rék dingaranan Yahya.” 61 Ceuk maranéhna, ”Baraya manéh euweuh nu dingaranan kitu.” 62 Tuluy pada nanya ka bapana maké isarat, budak téh rék dingaranan naon. 63 Jadi, Zakharia ménta papan paranti nulis tuluy nulis, ”Ngaranna Yahya.”+ Kabéhanana haréraneun. 64 Harita kénéh manéhna bisa ngomong deui,+ seug muji Allah. 65 Nu maratuh di éta daérah tarajubeun. Éta kajadian diomongkeun ku jalma-jalma di sakuliah daérah pagunungan Yudéa. 66 Nu ngadaréngé éta béja, haténa tingtaranya, ’Bakal jadi naon budak téh, nya?’ Kitu sotéh lantaran jelas pisan yén éta budak diberkahan ku Yéhuwa.*
67 Zakharia, bapana éta budak, pinuh ku kawasa suci tuluy ngucapkeun ieu ramalan,* 68 ”Sagala puji kasanggakeun ka Yéhuwa* Allah Israél,+ sabab Anjeunna tos merhatikeun sarta ngabébaskeun umat-Na.+ 69 Anjeunna tos nyadiakeun jurusalamet nu perkasa*+ ti turunan Daud hamba-Na,+ 70 sakumaha jangji-Na nu ditepikeun ku perantaraan nabi-nabi-Na nu satia dina jaman baheula.+ 71 Anjeunna jangji bakal nyalametkeun urang ti musuh-musuh sarta ti sakabéh nu ngéwa ka urang.+ 72 Anjeunna bakal mikawelas ka urang, sakumaha jangji-Na ka karuhun urang sarta bakal inget kana perjangjiana-Na nu suci.+ 73 Anjeunna tos sumpah ka Ibrahim karuhun urang.+ 74 Sanggeus nyalametkeun urang ti musuh-musuh, Anjeunna bakal masihan urang kahormatan pikeun ngalaksanakeun palayanan suci ka Anjeunna tanpa rasa sieun, 75 sangkan urang satia sarta ngalampahkeun nu bener hareupeun Anjeunna saumur hirup urang. 76 Ari hidep, anaking, hidep bakal disebut nabi ti Allah Nu Maha Agung, sabab hidep bakal diutus miheulaan Yéhuwa* pikeun nyiapkeun jalan keur Anjeunna.+ 77 Hidep gé bakal nguarkeun warta yén Allah bakal nyalametkeun umat-Na ku cara ngahampura dosa maranéhna,+ 78 lantaran Allah téh welas asih. Ieu welas asih ti sorga téh bakal nyaangan urang lir meletékna panonpoé. 79 Éta caang bakal nyaangan jalma-jalma nu aya dina poék jeung jalma-jalma nu kapoékan ku kalangkang* ajal,+ sarta bakal nungtun léngkah urang ka jalan katengtreman.”
80 Éta budak beuki gedé sarta beuki déwasa. Manéhna matuh di gurun keusik nepi ka waktuna nguarkeun warta ti Allah ka urang Israél.