Nu Ditulis ku Lukas
16 Tuluy Isa ogé nyarita kieu ka murid-muridna, ”Aya jelema beunghar nu dibéré nyaho yén harta bandana geus dihambur-hambur ku pangurusna.* 2 Jelema beunghar éta ngageroan manéhna terus ngomong, ’Urang ngadéngé laporan goréng ngeunaan manéh. Ka dieukeun catetan harta urang nu diurus ku manéh. Manéh teu meunang gawé di dieu deui.’ 3 Terus, pangurus éta ngomong di jero haténa, ’Aing rék dieureunkeun gawé ku dunungan. Aing kudu kumaha nya? Rék macul geus teu kuat, rék ménta-ménta éra. 4 Ah, aing boga akal, kumaha carana supaya mun engké geus teu digawé deui, aya nu daék narima aing di imahna.’ 5 Ti dinya, manéhna ngageroan hiji-hiji jalma nu baroga hutang ka dununganana. Ka nu kahiji, manéhna nanya, ’Manéh boga hutang sabaraha ka dunungan urang?’ 6 Dijawab, ’Saratus takeran* minyak zaitun.’ Manéhna ngomong deui, ’Bawa ka dieu surat hutang manéh. Sok diuk, gancang tulis 50.’ 7 Terus manéhna ngomong ka nu séjén, ’Ari manéh boga hutang sabaraha?’ Dijawab, ’Saratus takeran gedé* gandum.’ Manéhna ngomong, ’Bawa ka dieu surat hutang manéh, sok tulis 80.’ 8 Tuluy pangurus éta dipuji ku dununganana, sabab sanajan manéhna téh teu bener, tindakanana bijaksana.* Kitu ogé, tibatan jalma-jalma nu aya dina caang, jalma-jalma dina jaman* ieu leuwih bijaksana nyanghareupan jalma-jalma sajamanna.
9 ”Urang gé ngabéjaan maranéh: Paké harta banda nu teu bener keur ngajalin sosobatan. Jadi, waktu harta éta béak, sobat-sobat maranéh bakal narima maranéh di tempat anu langgeng. 10 Jalma nu satia* dina urusan leutik, satia* ogé dina urusan gedé. Jalma nu teu bener dina urusan leutik, teu bener ogé dina urusan gedé. 11 Jadi, lamun maranéh kabukti teu satia dina ngagunakeun harta banda nu teu bener, maranéh gé moal dipercayakeun harta banda nu sajati. 12 Sarta, lamun maranéh kabukti teu satia dina ngurus harta banda batur, maranéh gé moal dibéré warisan nu sakuduna rék dibikeun ka maranéh. 13 Moal aya nu bisa jadi palayan keur dua dunungan, sabab manéhna bakal nyaah ka nu hiji jeung ngéwa ka nu séjén, atawa bakal satia ka nu hiji jeung teu satia ka nu séjén. Maranéh moal bisa jadi palayan Allah ongkoh, palayan Kabeungharan ongkoh.”
14 Ngadéngé kitu, urang Farisi nu beuki duit mulai ngaléléwé Isa. 15 Jadi, Isa ngomong ka maranéhna, ”Maranéh ngakuna jalma bener di hareupeun manusa, tapi Allah nyaho eusi haté maranéh. Sabab nu diagul-agul ku manusa, dipikaijid ku Allah.
16 ”Torét jeung Kitab Para Nabi diwartakeun nepi ka jamanna Yahya. Ti saprak éta, nu diuarkeun téh warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah, jeung sagala rupa jalma bajoang sakuat tanaga asup ka dinya. 17 Sabenerna, leuwih gampang langit jeung bumi musna tibatan teu laksanana hiji hurup atawa hiji titik nu aya dina Torét.
18 ”Saha waé nu megatkeun pamajikanana, tuluy kawin deui, manéhna téh jinah. Jeung, lamun awéwé nu dipegatkeun ku salakina kawin deui, lalaki nu ngawinna gé milu jinah.
19 ”Aya saurang lalaki beunghar nu sok maké baju tina kaén ungu jeung linén. Unggal poé, manéhna senang-senang jeung hirup méwah. 20 Tapi, aya tukang ménta-ménta nu ngaranna Lazarus. Awakna pinuh ku bisul. Manéhna sok dibawa ka hareupeun gerbang imah jalma beunghar éta. 21 Manéhna ngarep-ngarep aya dahareun nu ragrag tina méja makan jalma beunghar éta keur ngeusian beuteungna. Malah, anjing-anjing sok datang ngalétakan bisulna. 22 Ka dieunakeun, tukang ménta-ménta éta maot jeung dibawa ku para malaikat ka gigireun* Ibrahim.
”Jalma beunghar éta gé maot tuluy dikuburkeun. 23 Pas keur sangsara di Kuburan,* manéhna tanggah terus ningali ti kajauhan aya Ibrahim jeung Lazarus di gigireunana.* 24 Jadi manéhna gegeroan, ’Bapa Ibrahim, sing karunya ka abdi. Titah Lazarus sina nganclomkeun ramona saeutik kana cai supaya niiskeun létah abdi. Abdi geus teu kuat ku seuneu nu sakieu panasna.’ 25 Ibrahim ngajawab, ’Inget anaking, manéh mah saumur hirup geus seubeuh hirup ngeunah, ari Lazarus hirupna sangsara. Tapi ayeuna, manéhna keur diupahan di dieu, ari manéh mah sangsara di dinya. 26 Salian ti éta, aya jurang nu gedé di antara urang jeung manéh, nu teu bisa dipeuntasan. Jadi, nu ti dieu moal bisa ka dinya, nu ti dinya moal bisa ka dieu.’ 27 Nu beunghar éta ngomong, ’Mun kitu, abdi ménta ka Bapa, titah manéhna indit ka imah bapa abdi, 28 sabab abdi boga dulur lima. Jadi, maranéhna bisa dibéjaan ngarah teu asup ka tempat siksaan ieu.’ 29 Tapi Ibrahim ngajawab, ’Pan maranéhna boga tulisan Musa jeung Para Nabi. Keun wéh sina ngadéngékeun ti dinya.’ 30 Manéhna ngomong deui, ’Moal didéngé, Bapa Ibrahim. Tapi, mun aya nu maot hirup deui terus ngadatangan maranéhna, pasti tobat.’ 31 Tapi Ibrahim ngajawab, ’Lamun maranéhna teu ngadéngékeun tulisan Musa jeung Para Nabi, nya didatangan ku jalma nu dihirupkeun deui gé angger moal ngagugu.’”