Nu Ditulis ku Lukas
17 Tuluy Isa ngomong ka murid-muridna, ”Nu nyababkeun jalma nyieun dosa* tangtu aya waé. Tapi, cilaka jalma nu nyababkeun batur nyieun dosa!* 2 Leuwih hadé lamun beuheungna dikalungan ku batu gilingan tuluy dialungkeun ka laut, tibatan manéhna nyababkeun jalma-jalma leutik ieu nyieun dosa.* 3 Ku sabab kitu, sing ati-ati. Lamun dulur manéh nyieun dosa, pék tegor. Lamun manéhna tobat, sok hampura. 4 Sanajan manéhna nyieun dosa ka manéh tujuh kali sapoé tapi tujuh kali ogé manéhna ngomong, ’Hampura nya,’ manéhna kudu dihampura.”
5 Geus kitu, para rasul ngomong ka Juragan, ”Kuatkeun iman urang-urang.” 6 Juragan ngajawab, ”Lamun maranéh boga iman sagedé siki sasawi,* maranéh bisa nitah ka tangkal murbéi hideung* ieu, ’Sing karabut, pindah ka laut!’ Tangkal éta bakal nurut.
7 ”Upama maranéh boga palayan nu kakara balik ngawuluku* atawa ngangon domba. Maenya maranéh ngomong ka manéhna, ’Buru ka dieu, dahar dina méja’? 8 Maranéh tangtu bakal ngomong, ’Geura salin, siapkeun dahareun urang, tuluy ladénan nepi ka urang bérés dahar jeung nginum, kakara manéh dahar jeung nginum.’ 9 Jeung, piraku maranéh nganuhunkeun ka éta palayan pédah manéhna geus ngajalankeun tugasna? 10 Kitu ogé, sanggeus maranéh ngaréngsékeun kabéh nu ditugaskeun, maranéh kudu ngomong kieu, ’Urang mah palayan nu teu layak dipuji, da naon nu geus digawékeun téh geus kawajiban urang.’”
11 Basa indit ka Yérusalém, Isa ngaliwatan wates Samaria jeung Galiléa. 12 Barang manéhna asup ka hiji kampung, aya sapuluh lalaki kusta nu ningali manéhna ti kajauhan. Maranéhna nangtung 13 tuluy ngageroan Isa ku sora nu tarik, ”Isa, Guru, sing karunya ka abdi sadaya!” 14 Waktu nempo maranéhna, Isa ngomong, ”Jig indit ka imam ménta dipariksa.” Pas keur di jalan, maranéhna cageur. 15 Waktu sadar geus cageur, salah saurang ti maranéhna balik deui bari ngamulyakeun Allah ku sora nu tarik. 16 Bruk manéhna sujud di hareupeun Isa, nganuhunkeun ka Isa. Manéhna téh urang Samaria. 17 Isa ngomong, ”Nu dicageurkeun téh aya sapuluh, pan? Ari nu salapan deui ka mana? 18 Ku naon maranéhna teu balik pikeun ngamulyakeun Allah, teu siga jalma ti bangsa séjén ieu?” 19 Tuluy Isa ngomong ka manéhna, ”Hudang, jung indit. Manéh cageur lantaran boga iman.”
20 Waktu ditanya ku urang Farisi iraha Pamaréntahan Allah datang, manéhna ngajawab, ”Datangna Pamaréntahan Allah moal katingali jelas ku kabéh jalma. 21 Jalma-jalma gé moal ngomong, ’Ieu di dieu!’ atawa, ’Tuh di ditu!’ sabab Pamaréntahan Allah aya di tengah-tengah maranéh.”*
22 Tuluy, manéhna ngomong ka murid-muridna, ”Engké aya waktuna maranéh ngarep-ngarep mangsana Putra manusa babarengan deui jeung maranéh, tapi maranéh moal ningali hal éta. 23 Jalma-jalma ogé bakal ngomong ka maranéh, ’Tuh di ditu!’ atawa, ’Ieu di dieu!’ Ulah kaluar atawa nuturkeun maranéhna. 24 Sabab siga kilat nu ngaburinyay di langit, ti tungtung nepi ka tungtung, kitu ogé kaayaanana dina poé Putra manusa. 25 Tapi saacanna, manéhna kudu ngalaman loba kasangsaraan jeung ditolak ku jalma-jalma jaman ayeuna. 26 Salian ti éta, kaayaan dina mangsana Putra manusa bakal sarua siga jaman Nuh: 27 jalma-jalma téh dahar, nginum, lalaki kawin, jeung awéwé dikawinkeun, nepi ka poéna Nuh asup ka kapal,* terus Caah Gedé datang jeung ngamusnakeun maranéhna kabéh. 28 Kaayaanana ogé sarua siga jaman Lot: jalma-jalma téh dahar, nginum, jual beuli, pulak-pelak, jeung ngabangun imah. 29 Tapi waktu Lot kaluar ti Sodom, hujan seuneu jeung walirang turun ti langit, ngamusnakeun maranéhna kabéh. 30 Kitu ogé kaayaanana dina poé Putra manusa némbongkeun dirina.
31 ”Dina poé éta, jalma nu keur aya di hateup imah,* ulah turun jeung nyokotan barang-barang di jero imah. Kitu ogé, jalma nu keur aya di kebon ulah balik heula ka imah nyokotan barang-barangna. 32 Inget pamajikan Lot. 33 Sabab saha waé nu ngabélaan nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana bakal hirup deui. 34 Urang ngabéjaan, peuting éta lamun aya dua jalma saré saranjang, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui bakal ditinggalkeun. 35 Lamun aya dua awéwé ngagiling gandum maké hiji gilingan, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui bakal ditinggalkeun.” 36 *—— 37 Ku kituna, maranéhna nanya, ”Di mana éta téh, Juragan?” Ceuk manéhna, ”Di mana aya mayit, nya di dinya ngumpulna manuk heulang.”