Nu Ditulis ku Lukas
19 Tuluy Isa asup ka Yérikho jeung leumpang ngaliwatan kota éta. 2 Di dinya, aya kapala tukang mulung pajeg nu ngaranna Zakhéus. Manéhna téh jelema beunghar. 3 Manéhna hayang ningali Isa, tapi teu bisa da awakna pendék jadi kahalangan ku jalma réa. 4 Nu matak manéhna lumpat miheulaan jalma réa jeung nérékél kana tangkal* ngarah bisa ningali Isa nu bakal ngaliwat. 5 Pas nepi ka dinya, Isa tanggah jeung ngomong ka manéhna, ”Zakhéus, gancang turun. Poé ieu urang rék nganjang ka imah manéh.” 6 Zakhéus turun tuturubun jeung bungah narima Isa di imahna. 7 Ningali kitu, jalma-jalma haharéwosan, ”Manéhna nganjang ka imahna jelema dosa.” 8 Zakhéus nangtung jeung ngomong ka Juragan, ”Juragan, satengah harta abdi rék dibikeun ka nu miskin, jeung duit meunang meres* rék dipulangkeun opat kali lipet.” 9 Jadi Isa ngomong ka manéhna, ”Poé ieu, manéh jeung kulawarga manéh geus meunang kasalametan, sabab manéh téh turunan Ibrahim kénéh. 10 Putra manusa datang téh rék néangan jeung nyalametkeun jalma-jalma nu sasab.”
11 Waktu jalma-jalma keur ngadéngékeun hal-hal ieu, Isa nyaritakeun ibarat séjén. Éta téh lantaran manéhna geus deukeut ka Yérusalém jeung jalma-jalma nyangka Pamaréntahan Allah bakal langsung ngawujud waktu manéhna nepi di ditu. 12 Kieu ceuk manéhna, ”Aya saurang bangsawan nu indit ka nagri nu jauh rék diangkat jadi raja. Geus kitu manéhna balik deui. 13 Méméh indit, manéhna ngumpulkeun sapuluh palayanna jeung méré sapuluh mina* ka maranéhna bari ngomong, ’Golangkeun ieu nepi ka urang balik deui.’ 14 Tapi, penduduk di dinya teu resepeun ka manéhna jeung ngirim sakelompok utusan sina ngomong kieu ka manéhna, ’Urang kabéh embung manéh jadi raja urang.’
15 ”Ahirna manéhna balik sanggeus jadi raja, tuluy ngumpulkeun palayan-palayan nu geus dibéré duit.* Manéhna hayang nyaho hasil tina ngagolangkeun duit téa. 16 Jadi, palayan nu kahiji datang jeung ngomong, ’Juragan, ti hiji mina, abdi meunang bati sapuluh mina.’ 17 Juraganna ngajawab, ’Alus, manéh téh palayan nu hadé! Lantaran manéh geus kabukti satia dina urusan leutik, manéh dibéré kawasa nyekel sapuluh kota.’ 18 Nu kadua ngomong kieu, ’Juragan, ti hiji mina, abdi meunang bati lima mina.’ 19 Manéhna ngomong ka nu ieu, ’Manéh gé dipercayakeun nyekel lima kota.’ 20 Tapi nu séjénna datang jeung ngomong, ’Juragan, ieu mina Juragan, ku abdi disimpen dina kaén. 21 Abdi sieun da Juragan mah barangasan. Juragan sok nyokot naon nu dikumpulkeun ku batur, jeung ngala naon nu dipelak ku batur.’ 22 Juraganna ngajawab, ’Palayan jahat. Ku urang, manéh rék dihukum nurutkeun omongan manéh sorangan. Geuning manéh nyaho urang téh barangasan, osok nyokot naon nu dikumpulkeun ku batur jeung ngala naon nu dipelak ku batur? 23 Ari kitu mah ku naon duit* urang téh teu disimpen di bank? Jadi pas urang datang, urang bisa nyokot duitna bareng jeung bungana.’
24 ”Terus, juraganna ngomong ka nu narangtung di dinya, ’Cokot mina éta ti manéhna, bikeun ka nu boga sapuluh mina.’ 25 Ceuk maranéhna, ’Juragan, pan manéhna geus boga sapuluh mina!’ 26 Ceuk juraganna, ’Urang ngabéjaan, saha waé nu geus boga bakal ditambahan. Tapi, saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot. 27 Ayeuna, bawa ka dieu musuh-musuh urang nu embung urang jadi raja, jeung paraéhan di hareupeun urang.’”
28 Sanggeus nyaritakeun hal-hal ieu, Isa neruskeun perjalananana ka Yérusalém. 29 Pas geus deukeut ka Bétfagé jeung Bétani nu aya di Gunung Zaitun, Isa ngutus dua muridna 30 bari dibéré nyaho kieu, ”Pék indit ka kampung di hareup. Sanggeus asup, maranéh bakal ningali anak kaldé nu keur dicangcang, jeung can pernah ditumpakan ku sasaha. Leupaskeun talina tuluy bawa ka dieu. 31 Tapi lamun aya nu nanya, ’Ku naon bet dileupaskeun?’ béjakeun kieu, ’Dipénta ku Juragan.’” 32 Nu diutus téa indit jeung manggih anak kaldé, percis sakumaha nu diucapkeun ku Isa. 33 Pas maranéhna ngaleupaskeun kaldéna, nu bogana nanya, ”Ku naon anak kaldéna bet dileupaskeun?” 34 Ceuk maranéhna, ”Dipénta ku Juragan.” 35 Anak kaldéna dibawa ka Isa ku maranéhna, terus tonggongna ditilaman ku baju luar maranéhna, tuluy ku Isa ditumpakan.
36 Barang manéhna ngaliwat, jalma-jalma ngamparkeun baju luarna di jalan. 37 Pas geus deukeut pupudunan Gunung Zaitun, kabéh muridna pada galumbira jeung maruji Allah ku sora nu tarik sabab maranéhna geus ningali mujijat-mujijatna. 38 Ceuk maranéhna, ”Mugia diberkahan Raja nu datang mawa ngaran Yéhuwa! Sorga sing tengtrem, jeung mugia dimulyakeun Allah nu aya di sorga!” 39 Tapi, sababaraha urang Farisi nu aya di antara jalma réa ngomong ka manéhna, ”Guru, tegor atuh murid-murid Guru téh.” 40 Tapi Isa ngajawab, ”Urang ngabéjaan, lamun maranéhna jempé, batu-batu ieu nu bakal sarurak.”
41 Basa téréh nepi ka Yérusalém, manéhna melong ka éta kota bari ceurik. 42 Ceuk manéhna, ”Coba mun manéh ngarti hal-hal naon nu bisa nengtremkeun manéh. Hanjakalna, éta kabéh ku manéh ayeuna teu katénjo. 43 Sabab bakal datang mangsana musuh-musuh manéh nyieun pager tina kai-kai nu diseukeutan di sakuriling manéh. Maranéhna bakal ngepung jeung nyerang* manéh ti unggal juru. 44 Manéh jeung rahayat manéh bakal diancurkeun, rata jeung taneuh. Moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén, sabab manéh teu ngarti waktu dihakiman* ku Allah.”
45 Tuluy manéhna asup ka bait jeung ngusiran nu daragang. 46 Ceuk manéhna, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Imah Kuring bakal disebut imah doa,’ tapi ku maranéh kalah ka dijadikeun sayang* bégal.”
47 Unggal poé, manéhna ngajar di bait. Ku para imam kapala, ahli Torét, jeung pamingpin urang Yahudi, Isa diarah rék dipaéhan, 48 tapi teu manggih jalanna, sabab manéhna diriung terus ku jalma-jalma nu keur ngadéngékeun manéhna.