Nu Ditulis ku Lukas
20 Hiji poé, basa Isa keur ngajar di bait jeung nguarkeun warta hadé, para imam kapala, ahli Torét, jeung kokolot nyampeurkeun 2 tuluy ngomong ka anjeunna, ”Cik béjaan, naon wewenang manéh ngalampahkeun ieu kabéh? Saha nu nitah manéh?”+ 3 Anjeunna ngajawab, ”Abdi rék nanya heula ka aranjeun. Cik béjaan, 4 nu nitah Yahya ngabaptis téh Allah di sorga atawa manusa?” 5 Maranéhna patanya-tanya kieu pada baturna, ”Mun urang ngajawab, ’Allah di sorga,’ atuh engké manéhna ngomong, ’Naha atuh aranjeun bet teu percaya ka manéhna?’ 6 Tapi mun ngajawab, ’Manusa,’ atuh engké urang kabéh dibalédogan ku jalma-jalma, da maranéhna percaya yén Yahya téh nabi.”+ 7 Jadi, maranéhna ngajawab teu nyaho. 8 Isa ngomong ka maranéhna, ”Mun kitu, abdi gé moal méré nyaho saha nu nitah abdi ngalampahkeun ieu kabéh.”
9 Tuluy, anjeunna nyaritakeun ieu ibarat ka jalma-jalma, ”Aya lalaki boga kebon anggur+ nu diséwakeun sina digarap ku nu séjén, terus manéhna indit ka luar nagri rada lila.+ 10 Waktu keur usum* panén, manéhna nitah salah saurang pagawéna nyokot sabagian hasil tina kebon anggurna. Tapi ku nu nyaréwa, éta pagawé kalah ka digebugan tuluy dititah indit bari teu dibéré nanaon.+ 11 Manéhna ngutus pagawé nu séjén. Nu ieu gé digebugan, dihina-hina, jeung dititah indit bari teu dibéré nanaon. 12 Manéhna ngutus deui nu katilu. Nu ieu gé diteunggeulan jeung diusir. 13 Jadi nu boga kebon mikir, ’Kudu kumaha, nya? Cik, ayeuna mah urang rék ngutus anak urang nu dipikanyaah.+ Sigana ka anak urang mah bakal pada ngahormat.’ 14 Tapi waktu ningali anak nu boga kebon, nu nyaréwa ngaromong kieu, ’Tuh tempo, ahli warisna datang. Hayu urang paéhan ngarah warisanana jadi milik urang.’ 15 Ti dinya, anak nu boga kebon téh ku maranéhna diséréd ka luareun kebon anggur tuluy dipaéhan.+ Naon nu bakal dilampahkeun ku nu boga kebon ka maranéhna? 16 Manéhna bakal ngontrog jeung maéhan nu nyaréwa, tuluy kebonna diséwakeun ka nu séjén.”
Ngadéngé kitu, jalma-jalma ngomong, ”Duh, nu kitu mah ulah nepi ka kajadian!” 17 Tapi Isa neuteup maranéhna terus ngomong, ”Mun kitu, naon atuh hartina ieu ayat, ’Batu nu teu kapaké ku tukang wangunan geus jadi batu juru nu utama’?+ 18 Saha waé nu tibeubeut kana éta batu bakal ancur,+ jeung saha waé nu katinggang ku éta batu bakal remuk.”
19 Ngadéngé kitu, para ahli Torét jeung imam kapala nyaho yén nu dimaksud dina éta ibarat téh maranéhna. Harita kénéh maranéhna hayang néwak Isa tapi teu wani, da sieun ku jalma réa.+ 20 Maranéhna néang-néang kasempetan, tuluy cicing-cicing nyogok sababaraha jalma sina pura-pura jadi jalma nu boga niat hadé. Tujuanana téh rék néangan kasalahan tina omongan Isa+ sangkan bisa diserahkeun ka pamaréntah, nyaéta ka gubernur. 21 Maranéhna nanya kieu ka Isa, ”Guru, urang terang naon nu diomongkeun jeung diajarkeun ku Guru téh bener. Guru gé tara ngabéda-béda jalma sarta ngajarkeun nu bener ngeunaan Allah. 22 Kieu Guru, meunang teu urang mayar pajeg ka Kaisar?” 23 Tapi Isa nyaho niat licik maranéhna, tuluy némbalan, 24 ”Cik, ka dieukeun duit dinar.* Ieu gambar jeung ngaran saha?” Maranéhna ngajawab, ”Kaisar.” 25 Ceuk Isa, ”Jadi, sok bikeun ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar,+ tapi bikeun ka Allah naon nu jadi hakna Allah.”+ 26 Maranéhna teu bisa néangan kasalahan tina omongan Isa, tapi kalah ka ngabetem bakating ku tajub.
27 Geus kitu, datang sababaraha urang Saduki, nu teu percaya yén jalma nu maot téh bisa dihirupkeun deui.+ Maranéhna nanya,+ 28 ”Guru, Musa nulis, ’Lamun hiji lalaki maot, ninggalkeun pamajikanana tapi teu boga budak, lanceuk atawa adi lalakina kudu kawin jeung pamajikan manéhna ngarah bisa neruskeun turunanana.’+ 29 Baréto di urang aya tujuh lalaki adi lanceuk. Nu panggedéna kawin, tapi maot jeung teu boga budak. 30 Pamajikanana dikawin ku nu kadua, 31 tuluy ku nu katilu, kitu terus nepi ka nu katujuh. Kabéhanana maot, tapi teu boga budak. 32 Tungtungna, éta awéwé ogé maot. 33 Tah waktu nu maraot dihirupkeun deui, éta awéwé jadi pamajikan saha? Pan tujuhanana pernah kawin jeung manéhna.”
34 Isa ngomong ka maranéhna, ”Jalma-jalma dina jaman* ieu mah kawin jeung dikawinkeun. 35 Tapi, jalma nu layak dihirupkeun deui jeung meunangkeun kahirupan dina jaman* nu bakal datang mah moal kawin atawa dikawinkeun.+ 36 Malah, maranéhna moal bisa maot deui, sabab maranéhna siga malaikat. Ku lantaran dihirupkeun deui, maranéhna bakal jadi anak-anak Allah. 37 Ngeunaan dihirupkeunana nu maot, Musa ogé pernah nyebutkeun ieu waktu nyaritakeun rungkun cucuk téa. Ceuk anjeunna, Yéhuwa* téh ’Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub’.+ 38 Anjeunna téh Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh. Keur Anjeunna mah maranéhna kabéh téh hirup.”+ 39 Ngadéngé kitu, sababaraha ahli Torét ngomong, ”Ucapan Guru téh bener pisan.” 40 Geus kitu mah maranéhna teu wani nanya nanaon deui.
41 Isa malik nanya, ”Ku naon jalma-jalma nyebutkeun yén Al-Masih téh putrana Daud?+ 42 Padahal Daud sorangan nyebutkeun kieu dina kitab Jabur, ’Saur Yéhuwa* ka Juragan abdi, ”Diuk katuhueun Kuring 43 nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh handapeun suku manéh.”’+ 44 Daud nyebut manéhna Juragan, jadi kumaha bisa Al-Masih téh putrana?”
45 Waktu kabéh jalma keur ngadaréngékeun kénéh, Isa ngomong ka murid-muridna, 46 ”Ati-ati ka ahli-ahli Torét nu karesepna téh leuleumpangan di pasar-pasar bari maké jubah panjang, sarta resep lamun jalma-jalma di dinya pada ngucapkeun salam bari ngahormat. Di tempat ibadah, maranéhna téh hayang diuk panghareupna.* Di hajatan gé, maranéhna hayang diuk di tempat keur jalma-jalma penting.+ 47 Maranéhna ngarampas pangaboga* randa-randa, ngadoana gé pararanjang da hayang katempo ku batur. Nu siga kitu téh bakal narima hukuman nu leuwih beurat.”