Nu Ditulis ku Lukas
7 Sanggeus ngucapkeun éta kabéh ka jalma-jalma, Isa asup ka Kapernaum. 2 Di dinya, aya hiji perwira nu boga palayan nu kacida dipikanyaahna. Éta palayan keur gering jeung téréh maot.+ 3 Basa ngadéngé ngeunaan Isa, éta perwira ngutus sababaraha kokolot urang Yahudi pikeun ménta Isa datang jeung nyageurkeun palayanna. 4 Maranéhna datang jeung méménta ka Isa, ”Nyuhunkeun pitulungna. Manéhna téh jalma bageur. 5 Manéhna nyaaheun ka bangsa urang, malah pernah mangnyieunkeun tempat ibadah keur urang.” 6 Jadi, Isa milu jeung maranéhna. Tapi barang téréh nepi, anjeunna dipapag ku sobat-sobatna éta perwira nu diutus mawa pesen kieu, ”Pa, ulah répot-répot, abdi teu layak narima Bapa di bumi.+ 7 Abdi gé teu mendakan Bapa, da ngarasa teu layak. Tos wéh nyarios ti dieu sangkan palayan abdi cageur, da pasti manéhna cageur. 8 Abdi gé bawahan hiji jalma, sarta abdi gaduh prajurit-prajurit bawahan. Upami abdi nitah ka nu hiji, ’Geura indit!’ manéhna bakal indit. Upami nitah nu séjén, ’Ka dieu!’ manéhna bakal nyampeurkeun. Upami nitah palayan abdi, ’Ieu gawékeun!’ pasti dipigawé.” 9 Ngadéngé kitu, Isa ngarasa tajub, pok ngomong ka jalma-jalma nu naluturkeun, ”Urang ngabéjaan, di Israél, urang can pernah manggihan jalma nu boga iman sakitu gedéna.”+ 10 Barang éta utusan-utusan baralik, éta palayan téh geus cageur.+
11 Teu lila, Isa indit ka kota Nain bari dituturkeun ku murid-muridna jeung jalma réa. 12 Waktu geus deukeut ka gerbang kota, aya nu keur ngagotong mayit. Nu maotna téh anak tunggal,+ jaba indungna téh randa. Loba jalma ti éta kota milu nganteurkeun. 13 Barang ningali éta randa, Juragan karunyaeun pisan,+ pok ngomong ka éta randa, ”Bu, ulah ceurik deui nya.”+ 14 Isa nyampeurkeun jeung nyabak pasaranna,* reg nu ngagarotong téh eureun. Ceuk anjeunna, ”Jang, urang nitah, geura hudang!”+ 15 Nu maot téh hirup deui, tuluy diuk sarta ngomong. Geus kitu, ku Isa dipasrahkeun ka indungna.+ 16 Kabéh jalma tarajubeun jeung ngamulyakeun Allah bari ngomong, ”Di antara urang, aya hiji nabi agung.”+ Maranéhna gé ngomong kieu, ”Allah geus inget ka umat-Na.”+ 17 Béja ngeunaan Isa nyebar ka sakuliah Yudéa jeung ka daérah sakurilingeunana.
18 Murid-muridna Yahya ngalaporkeun ieu kajadian-kajadian ka manéhna.+ 19 Jadi, Yahya nitah dua muridna nanya kieu ka Juragan, ”Leres anjeun téh Pribadi nu dijangjikeun téa,+ atanapi abdi sadaya kedah ngantosan nu lian?” 20 Jadi waktu panggih jeung Isa, maranéhna ngomong, ”Urang dititah nanya kieu ku Yahya Jurubaptis, ’Leres anjeun téh Pribadi nu dijangjikeun téa, atanapi abdi sadaya kedah ngantosan nu lian?’” 21 Harita, Isa nyageurkeun loba jalma nu garering,+ boh nu parah boh nu henteu, ngusir roh-roh jahat, jeung nyageurkeun nu lolong sangkan bisa ningali deui. 22 Ceuk anjeunna, ”Béjakeun ka Yahya naon nu ditingali jeung nu didéngé ku maranéh: Nu lolong jadi bisa ningali,+ nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu kusta jadi cageur, nu torék jadi bisa ngadéngé,+ nu maot dihirupkeun deui, jeung nu miskin ngadéngé warta hadé.+ 23 Bagja jalma nu teu cangcaya ka urang.”+
24 Sanggeus utusan Yahya baralik, Isa ngomong ngeunaan Yahya ka jalma réa, ”Maranéh indit ka tanah gurun téh rék nempo naon? Jujukutan jangkung nu luak-léok katebak ku angin?+ 25 Mun lain, rék nempo naon? Jalma nu maké baju méwah?*+ Jalma nu maké baju alus jeung hirup méwah mah ayana di istana. 26 Jadi, maranéh indit téh rék nempo naon? Nabi? Éta bener. Ceuk urang mah manéhna leuwih luhur tibatan nabi.+ 27 Manéhna nu dimaksud dina tulisan ieu, ’Kuring ngirim utusan miheulaan manéh, nu nyiapkeun jalan keur manéh!’+ 28 Urang ngabéjaan, di antara jalma nu pernah dijurukeun ku awéwé, euweuh nu leuwih luhur tibatan Yahya. Tapi, nu pangleutikna dina Pamaréntahan Allah leuwih punjul tibatan manéhna.”+ 29 (Waktu kabéh jalma jeung tukang narik pajeg ngadéngé ieu, maranéhna ngakukeun yén Allah téh adil. Kitu sotéh lantaran maranéhna geus dibaptis ku Yahya.+ 30 Tapi, urang Farisi jeung guru-guru Torét teu nurut kana pituduh Allah,+ lantaran maranéhna embung dibaptis ku Yahya.)
31 ”Ari jalma-jalma jaman kiwari bisa diupamakeun kawas saha? Maranéhna siga saha?+ 32 Maranéhna téh kawas barudak nu dariuk di pasar sarta ngomong ka babaturanana, ’Urang niup suling, tapi maranéh henteu ngigel. Urang ngawihkeun lagu sedih, tapi maranéh henteu ceurik.’ 33 Kitu ogé, Yahya Jurubaptis datang, teu dahar roti jeung teu nginum cianggur,+ tapi ceuk maranéh, ’Manéhna kasurupan roh jahat.’ 34 Anak manusa datang, osok dahar osok nginum cianggur, tapi ceuk maranéh, ’Tuh tempo, jalma rewog, tukang nginum cianggur. Babaturanana gé tukang narik pajeg jeung jalma-jalma dosa!’+ 35 Sanajan kitu, kabijaksanaan hiji jalma katémbong tina lalampahanana.”*+
36 Aya hiji urang Farisi nu teterusan ngondang Isa pikeun dahar bareng, jadi Isa datang ka imahna. Anjeunna diuk tuluy dahar. 37 Hiji awéwé, nu kasohor jalma dosa di éta kota, nyaho yén Isa keur dahar di imah éta urang Farisi, jadi manéhna datang bari mawa minyak seungit dina botol marmer.+ 38 Bruk manéhna sideku tukangeun Isa, deukeut sukuna. Segruk ceurik, cipanonna maseuhan suku Isa, tuluy diséka ku buukna. Suku Isa ku manéhna diciuman jeung dikucuran minyak seungit. 39 Ningali kitu, urang Farisi nu ngondang Isa ngomong dina haténa, ”Mun bener manéhna téh nabi, kuduna mah nyaho awéwé siga kumaha nu nyabak manéhna téh. Éta awéwé téh jalma dosa.”+ 40 Tapi lantaran nyaho nu dipikirkeun ku manéhna, Isa ngomong, ”Simon, urang rék nyarita.” Ceuk manéhna, ”Mangga, Guru!”
41 ”Aya dua jalma nu boga hutang ka tukang nginjeumkeun duit. Nu hiji hutangna 500 dinar,* nu hiji deui 50 dinar. 42 Maranéhna teu boga nanaon keur ngalunasan hutangna, tapi hutang duanana dianggap punah. Tah, saha nu bakal leuwih nyaah ka nu nginjeumkeun?” 43 Simon ngajawab, ”Sigana mah nu hutangna leuwih gedé.” Ceuk Isa, ”Enya, bener.” 44 Terus, anjeunna ningali ka éta awéwé tuluy ngomong ka Simon, ”Tingali ieu awéwé. Urang datang ka imah manéh, ku manéh teu dibéré cai keur ngumbah suku. Tapi, ieu awéwé ngabaseuhan suku urang ku cipanonna tuluy diséka ku buukna. 45 Manéh teu nyium urang, ari ieu awéwé mah ti barang urang datang, teu eureun-eureun nyiuman suku urang. 46 Manéh teu ngaminyakan sirah urang, tapi ieu awéwé mah ngucurkeun minyak seungit kana suku urang. 47 Ku kituna urang ngabéjaan, dosa ieu awéwé, sanajan loba* gé geus dihampura,+ da manéhna nyaah pisan ka urang. Tapi anu dosana teu pira tuluy dihampura, kanyaahna mah moal sabaraha.” 48 Geus kitu, Isa ngomong ka éta awéwé, ”Dosa-dosa Nyai geus dihampura.”+ 49 Nu dalahar bareng jeung anjeunna pada ngaromong kieu, ”Saha manéhna téh nepi ka bisa ngahampura dosa?”+ 50 Tapi Isa ngomong ka éta awéwé, ”Nyai téh salamet lantaran boga iman.+ Jung indit, ulah hariwang.”