Nu Ditulis ku Lukas
6 Sakali waktu pas poé Sabat, Isa ngaliwatan ladang gandum. Murid-muridna maretik gandum, gandumna digesek-gesek ku dampal leungeun, tuluy didalahar. 2 Pas katempo ku sababaraha urang Farisi, maranéhna ngomong, ”Ku naon maranéh ngalanggar aturan poé Sabat?” 3 Tapi Isa ngajawab, ”Maranéh teu pernah maca naon nu dilakukeun ku Daud jeung baladna waktu maranéhna lapar? 4 Manéhna asup ka imah Allah* tuluy nampa roti nu dibaktikeun, didahar, jeung dibikeun ka balad-baladna, padahal éta téh teu meunang didahar salian ku para imam, pan?” 5 Geus kitu manéhna ngomong deui, ”Putra manusa téh Juraganna poé Sabat.”
6 Dina poé Sabat séjénna deui, Isa datang ka tempat ibadah jeung mulai ngajar. Di dinya, aya lalaki nu leungeun katuhuna lumpuh jeung mungkered sabeulah. 7 Ahli-ahli Torét jeung urang Farisi merhatikeun Isa, hayang nyaho manéhna bakal nyageurkeun lalaki éta moal dina poé Sabat, supaya boga alesan keur nuduh manéhna. 8 Tapi lantaran nyaho naon nu dipikirkeun ku maranéhna, manéhna ngomong ka nu leungeunna lumpuh éta, ”Ka dieu, nangtung di tengah.” Lalaki éta cengkat jeung nangtung di dinya. 9 Geus kitu Isa nanya ka maranéhna, ”Mana nu meunang dipigawé dina poé Sabat: nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa atawa maéhan?” 10 Maranéhna kabéh diteuteup ku Isa, tuluy manéhna ngomong ka lalaki éta, ”Cing asongkeun leungeun manéh.” Lalaki éta nurut, jeung leungeunna cageur. 11 Tapi maranéhna kacida arambekeunana, tuluy badami nyieun rencana rék nyilakakeun Isa.
12 Hiji poé, manéhna indit ka gunung rék ngadoa ka Allah, ngadoana téh sapeuting jeput. 13 Beurangna, manéhna ngageroan murid-muridna jeung milih 12 priya ti antara maranéhna nu ku manéhna disebut rasul-rasul, nyaéta: 14 Simon, nu ku Isa dingaranan Pétrus, Andréas adina, Yakobus, Yahya, Filipus, Bartoloméus, 15 Matius, Tomas, Yakobus anakna Alféus, Simon nu disebut ”jalma nu sumanget”, 16 Yudas anakna Yakobus, jeung Yudas Iskariot nu engkéna ngahianat Isa.
17 Geus kitu, Isa turun jeung maranéhna, tuluy nangtung di tempat nu rata. Di dinya geus aya loba muridna, aya ogé jalma réa ti sakuliah Yudéa jeung Yérusalém sarta ti daérah basisir Tirus jeung Sidon, nu hayang ngadéngékeun manéhna sarta hayang dicageurkeun tina panyakitna. 18 Malah jalma-jalma nu diganggu ku roh jahat ogé dicalageurkeun. 19 Waktu jalma-jalma nyabak Isa, aya kawasa nu kaluar ti manéhna jeung maranéhna calalageur tina panyakitna. Ku sabab éta, kabéh jalma jadi hayang nyabak Isa.
20 Isa neuteup murid-muridna tuluy ngomong,
”Bagja maranéh nu miskin, sabab Pamaréntahan Allah téh eukeur maranéh.
21 ”Bagja maranéh nu ayeuna keur lapar, sabab maranéh bakal diseubeuhkeun.
”Bagja maranéh nu ayeuna keur sedih, sabab maranéh bakal seuri.
22 ”Bagja maranéh lamun dipikangéwa, dijauhan, dipoyokan ku batur, jeung ngaran maranéh digogoréng sarta disebut jahat demi Putra manusa, 23 sabab éta gé nu dilakukeun ku karuhun maranéhna ka para nabi. Dina poé éta, maranéh kudu atoh jeung ajrug-ajrugan bakating ku bungah, sabab ganjaran maranéh gedé di sorga.
24 ”Tapi cilaka maranéh nu beunghar, sabab ngan éta kasenangan nu ditarima ku maranéh.
25 ”Cilaka maranéh nu ayeuna seubeuh, sabab maranéh bakal kalaparan.
”Cilaka maranéh nu ayeuna seuseurian, sabab maranéh bakal sedih jeung ceurik.
26 ”Cilaka maranéh lamun dipuji-puji ku kabéh jalma, sabab éta nu dilakukeun ku karuhun maranéhna ka nabi-nabi palsu.
27 ”Tapi urang ngabéjaan maranéh nu ngadéngékeun: Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh, sing bageur ka jalma nu ngéwa ka maranéh, 28 berkahan jalma nu nyumpahan maranéh, jeung doakeun jalma nu ngahina maranéh. 29 Lamun aya nu nampiling pipi maranéh, bikeun ogé pipi nu sabeulahna deui. Jeung lamun aya nu ngarebut baju luar maranéh, keun baé manéhna sina ngarebut baju séjén nu keur dipaké ku maranéh. 30 Lamun aya nu barangpénta ka maranéh, béré. Jeung lamun aya nu nyokot barang maranéh, ulah ménta dipulangkeun.
31 ”Salian ti éta, naon nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur.
32 ”Lamun maranéh ngan nyaah ka nu mikanyaah maranéh, naon nu rék dipuji ti maranéh? Jelema dosa gé mikanyaah jalma nu nyaah ka maranéhna. 33 Jeung lamun maranéh ngan bageur ka nu bageur ka maranéh, naon nu rék dipuji ti maranéh? Jelema dosa gé kitu. 34 Salian ti éta, lamun maranéh méré nginjeum* ka jalma nu dirasa bakal mulangkeun, naon nu rék dipuji ti maranéh? Jelema dosa gé méré nginjeum ka jelema dosa téh lantaran hayang éta dipulangkeun sarua jumlahna. 35 Sabalikna, terus pikanyaah musuh maranéh, sing bageur, jeung béré injeum bari teu ngarep dipulangkeun. Lamun kitu, maranéh bakal meunang ganjaran nu gedé, jeung bakal jadi putra-putra ti Nu Maha Agung, sabab Anjeunna gé bageur ka jalma nu jahat jeung nu tara mulang tarima. 36 Kudu terus karunyaan, siga Bapa maranéh ogé karunyaan.
37 ”Salian ti éta, tong sok ngahakiman batur, maranéh gé moal dihakiman. Ulah sok nyalahkeun batur, maranéh gé moal disalahkeun. Kudu terus ngahampura,* maranéh gé bakal dihampura.* 38 Kudu terus barangbéré, maranéh gé bakal dibéré. Batur bakal ngaborolokeun hiji takeran nu pinuh, nu didedetkeun, dioyag-oyag, jeung muncung, ka kantong jubah maranéh. Sabab takeran nu dipaké ku maranéh keur ngukur batur bakal dipaké ogé keur ngukur maranéh.”
39 Geus kitu, manéhna nyaritakeun ibarat ieu, ”Bisa teu nu lolong nungtun nu lolong? Nya moal, sabab duanana bakal tigebrus kana lombang. 40 Murid moal ngaleuwihan guruna, tapi saha waé nu meunang palatihan nu sampurna bakal siga guruna. 41 Jadi, ku naon manéh nilik-nilik jarami dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan teu katempo? 42 Pantes teu manéh ngomong kieu ka dulur, ’Ka dieu Lur, urang cokot éta jarami dina panon manéh,’ padahal manéh teu ningali aya balok dina panon sorangan. Éh jalma nu munapék! Piceun heula balok dina panon manéh kakara manéh bisa ningali jelas jarami nu rék dicokot tina panon dulur manéh.
43 ”Tangkal nu alus buahna moal goréng, tangkal nu goréng buahna moal alus. 44 Sabab tina buahna urang bisa nyaho éta tangkal naon. Misalna, moal aya jalma nu ngala buah ara tina rungkun cucuk, atawa metik anggur tina rungkun cucuk. 45 Jalma hadé omonganana gé hadé, lantaran haténa pinuh ku hal-hal hadé. Tapi, jalma jahat omonganana gé jahat, lantaran haténa pinuh ku hal-hal jahat. Sabab omongan anu mudal tina biwir téh asalna ti jero haté.
46 ”Jadi, keur naon maranéh nyebut urang, ’Juragan! Juragan!’ tapi teu nurut kana omongan urang? 47 Urang ngabéjaan, unggal jelema nu datang ka urang, ngadéngékeun omongan urang, jeung ngalampahkeunana téh siga kieu: 48 Manéhna téh siga jalma nu ngabangun imah. Manéhna ngali taneuh nepi ka jero, terus nyieun pondasi dina cadas. Jadi waktu aya banjir jeung cai walungan narajang éta imah, imahna teu oyag-oyag acan, sabab bangunanana weweg. 49 Sabalikna, saha waé nu ngadéngékeun tapi teu ngalampahkeun nanaon téh siga jalma nu ngabangun imah dina taneuh tapi euweuh pondasian. Waktu cai walungan narajang, brug imahna runtuh, rugrug amburadul.”