Nu Ditulis ku Yahya
10 ”Urang ngomong nu sabener-benerna, jalma nu asup ka kandang domba teu liwat panto tapi nérékél kana témbok, manéhna téh bangsat jeung rampog. 2 Ari nu asup liwat panto mah pangangonna. 3 Tukang jaga panto mukakeun panto keur manéhna, jeung dombana ngadéngékeun sora manéhna. Manéhna ngageroan ngaran-ngaran dombana tuluy dibawa kaluar. 4 Waktu kabéh dombana geus kalaluar, manéhna leumpang panghareupna bari dituturkeun ku domba-dombana nu apal kana sorana. 5 Domba-domba moal nuturkeun jalma nu teu dikenal, tapi bakal kalalabur sabab teu apaleun kana sorana.” 6 Isa nyaritakeun ibarat ieu ka maranéhna, tapi pada teu ngalartieun maksudna.
7 Jadi Isa ngomong deui, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, urang téh panto keur domba-domba. 8 Saha waé nu nyamar jadi urang, manéhna téh bangsat jeung rampog. Domba-domba mah moal ngadéngékeun manéhna. 9 Urang téh pantona. Saha waé nu asup liwat urang bakal salamet. Manéhna bisa asup jeung kaluar sarta manggihan tegal jukut. 10 Bangsat mah datang téh ngan saukur rék maling, maéhan, jeung ngabinasakeun. Ari urang mah datang téh supaya domba-domba bisa hirup, jeung hirup sapapanjangna. 11 Urang téh pangangon nu hadé. Pangangon nu hadé mah réla ngorbankeun nyawana demi domba-dombana. 12 Nu buburuh ngangon mah lain pangangon. Waktu ajag datang, manéhna kabur ninggalkeun domba-domba éta pédah lain milikna. Jadi, domba-domba téh dirontok ku ajag jeung paburencay. 13 Éta téh lantaran manéhna tukang buburuh jeung teu paduli ka domba-domba. 14 Urang téh pangangon nu hadé. Urang kenal ka domba urang, domba urang gé kenal ka urang, 15 sakumaha Bapa kenal ka urang, jeung urang kenal ka Bapa. Urang gé ngorbankeun nyawa demi domba-domba.
16 ”Urang boga domba-domba lian, nu lain ti kandang ieu, nu kudu ditungtun ogé. Maranéhna bakal ngadéngé sora urang jeung bakal jadi sapangangonan ku hiji pangangon. 17 Éta sababna Bapa nyaah ka urang, lantaran urang ngorbankeun nyawa supaya bisa meunangkeunana deui. 18 Euweuh nu bisa nyokot éta ti urang, tapi urang ngorbankeunana ku kahayang sorangan. Urang boga hak pikeun ngorbankeunana, jeung boga hak pikeun meunangkeunana deui. Ieu téh paréntah ti Bapa urang.”
19 Omongan ieu nyababkeun urang Yahudi jadi teu sapaham deui. 20 Loba jalma ngomong, ”Manéhna téh kasurupan, geus teu éling! Jang naon didéngékeun?” 21 Ceuk nu séjénna, ”Nu kasurupan mah moal bisa ngomong kitu. Piraku roh jahat bisa ngabeuntakeun panon nu lolong!”
22 Di Yérusalém, keur aya Parayaan Pangresmian Bait. Harita téh keur usum tiris, 23 jeung Isa keur leumpang di bait, di Lorong Sulaéman. 24 Geus kitu, Isa dikurilingan ku urang Yahudi nu ngomong kieu ka manéhna, ”Manéh téh masih kénéh rék ngabingbangkeun urang? Sing terus terang, manéh téh Al-Masih atawa lain?” 25 Isa ngajawab, ”Urang pan geus ngabéjaan maranéh, tapi maranéh teu percaya. Naon nu dilakukeun ku urang maké ngaran Bapa urang, éta nu nerangkeun ngeunaan urang. 26 Tapi maranéh teu percaya téh da maranéh lain domba-domba urang. 27 Domba-domba urang ngadéngékeun sora urang. Urang kenal ka maranéhna, jeung maranéhna nuturkeun urang. 28 Urang méré hirup langgeng ka maranéhna, jeung maranéhna moal pernah binasa. Moal aya nu bisa ngarampas maranéhna ti genggeman urang. 29 Naon nu geus dibikeun ku Bapa ka urang leuwih punjul tibatan naon waé. Moal aya nu bisa ngarampas éta ti genggeman Bapa. 30 Urang jeung Bapa téh hiji.”*
31 Sakali deui, urang Yahudi mulungan batu rék malédogan manéhna. 32 Isa ngomong, ”Urang geus némbongkeun loba hal hadé nu asalna ti Bapa. Nu mana nu ngalantarankeun maranéh hayang malédogan urang?” 33 Urang Yahudi ngajawab, ”Urang malédogan manéh téh lain lantaran hal-hal hadé éta, tapi lantaran manéh geus ngahina Allah. Manéh pan jelema, maenya nyaruakeun diri jeung Allah?” 34 Jawab Isa, ”Lainna dina Torét maranéh ditulis, ’Ceuk Kuring, ”Maranéh téh allah-allah”’?* 35 Allah nyebut jalma-jalma nu dikutuk ku firman Allah téh ’allah-allah’, padahal Kitab Suci teu pernah salah. 36 Ku naon urang, nu disucikeun jeung diutus ku Bapa ka dunya, dianggap ngahina Allah pédah urang ngaku Putra Allah? 37 Lamun urang teu ngalakukeun kahayang Bapa urang, tong percaya ka urang. 38 Tapi lamun urang ngalakukeunana, sanajan maranéh teu percaya ka urang, sahenteuna mah percaya kana naon nu dilakukeun ku urang. Ku kituna, maranéh bakal nyaho jeung leuwih ngarti yén Bapa téh ngahiji jeung urang, sarta urang téh ngahiji jeung Bapa.” 39 Jadi, maranéhna rék néwak Isa deui, tapi manéhna bisa lolos.
40 Tuluy Isa meuntasan deui Walungan Yordan ka tempat Yahya mimiti ngabaptis, jeung cicing di dinya. 41 Loba jalma ngadatangan Isa jeung ngomong kieu ka pada baturna, ”Yahya mah teu nyieun mujijat hiji-hiji acan, tapi nu diomongkeun ku Yahya ngeunaan jalma ieu téh sakabéhna bener.” 42 Ku kituna, di tempat éta jadi loba nu boga iman ka Isa.