Nu Ditulis ku Yahya
9 Pas keur leumpang, Isa ningali lalaki nu lolong ti barang lahir. 2 Murid-muridna nanya, ”Rabi,* jelema ieu lolong ti barang lahir téh dosana saha, manéhna atawa kolotna?” 3 Isa ngajawab, ”Lain dosa manéhna, lain dosa kolotna ogé, tapi ieu téh supaya jalma-jalma ningali naon nu bisa dilakukeun ku Allah. 4 Meungpeung beurang kénéh, urang kabéh kudu ngalakukeun tugas ti Allah nu ngutus urang, sabab mun geus peuting mah euweuh nu bisa digawé. 5 Salila urang masih kénéh aya di dunya, urang téh caangna dunya.” 6 Sanggeus ngomong kitu, Isa nyiduh kana taneuh tuluy éta digaley nepi ka jadi leutak. Leutakna dioléskeun kana panon lalaki éta, 7 tuluy Isa ngomong, ”Jung sibeungeut ka kolam Siloam” (nu hartina ”Diutus”). Manéhna indit, sibeungeut, jeung bisa nénjo.
8 Tuluy tatangga jeung jalma-jalma nu sok ningali manéhna ménta-ménta ngomong, ”Manéhna téh nu sok diuk bari ménta-ménta téa lain?” 9 Aya nu ngomong, ”Enya bener.” Nu séjén ngomong, ”Ampir sarua, tapi lain ah.” Ari ceuk lalaki éta, ”Enya, ieu urang.” 10 Jadi maranéhna nanya ka lalaki éta, ”Geuning ayeuna bisa nénjo, kumaha cageurna?” 11 Manéhna ngajawab, ”Jalma nu ngaranna Isa nyieun leutak, dioléskeun kana panon urang, tuluy nitah, ’Jung indit sibeungeut ka Siloam.’ Jadi urang indit, sibeungeut, jeung bisa nénjo.” 12 Ceuk maranéhna, ”Mana jelemana?” Manéhna ngajawab, ”Duka atuh.”
13 Lalaki nu tadina lolong éta dibawa ka urang Farisi. 14 Kabeneran, Isa nyieun leutak jeung ngabeuntakeun panon manéhna téh pas keur poé Sabat. 15 Jadi, urang Farisi gé tatanya ka manéhna kumaha bisa nénjo. Dijawabna, ”Ku manéhna panon abdi diolésan leutak, tuluy abdi sibeungeut jeung bisa nénjo.” 16 Sababaraha urang Farisi ngomong, ”Jelema éta mah lain utusan Allah sabab teu ngajalankeun Sabat.” Ceuk nu séjénna, ”Mémangna aya jelema dosa nu bisa nyieun mujijat siga kitu?” Ku kituna, maranéhna jadi teu sapaham. 17 Maranéhna nanya deui ka lalaki lolong éta, ”Panon manéh pan geus dibeuntakeun, ari ceuk manéh, saha jelema éta téh?” Dijawabna, ”Manéhna nabi.”
18 Tapi, urang Yahudi teu percayaeun lalaki nu bisa nénjo éta téh tadina lolong, jadi maranéhna ngageroan indung bapana. 19 Maranéhna nanya ka kolotna, ”Bener ieu téh budak maranéh nu cenah lolong ti barang lahir? Kumaha caritana bisa nénjo?” 20 Ceuk kolotna, ”Bener manéhna anak abdi jeung lolong ti barang lahir. 21 Tapi, abdi teu apal kumaha manéhna bisa nénjo, abdi gé teu apal saha nu ngabeuntakeun panonna. Mangga tanyakeun wéh ka manéhna da manéhna geus gedé, geus bisa ngajawab sorangan.” 22 Kolotna ngomong kitu téh bakating ku sieun ka urang Yahudi, sabab urang Yahudi geus satuju bakal ngaluarkeun ti tempat ibadah saha waé nu nyebut Isa téh Al-Masih. 23 Éta alesanna kolotna ngomong, ”Manéhna geus gedé, mangga wéh tanya manéhna.”
24 Lalaki nu tadina lolong éta digeroan kadua kalina. Maranéhna ngomong, ”Mulyakeun Allah, jawab sing bener. Urang kabéh nyaho manéhna téh jelema dosa.” 25 Ceuk manéhna, ”Dosa henteuna mah abdi teu apal. Nu pasti mah abdi tadina lolong, ayeuna bisa nénjo.” 26 Tuluy maranéhna nanya, ”Dikumahakeun manéh téh? Kumaha manéhna ngabeuntakeun panon manéh?” 27 Manéhna ngomong ka maranéhna, ”Pan tadi ku abdi geus dicaritakeun, tapi ku aranjeun teu didangukeun. Ku naon ayeuna bet hoyong ngadangu deui? Aranjeun gé badé jadi muridna, kitu?” 28 Ngadéngé kitu, maranéhna ngaléléwé, ”Manéh meureun murid jelema éta mah, urang mah murid-muridna Musa. 29 Urang apal Allah nepikeun paréntah-Na ka Musa, tapi jelema éta mah teu puguh asalna ti mana.” 30 Ceuk lalaki éta, ”Abdi mah héran da nepi ka teu arapal asal manéhna ti mana, padahal manéhna geus ngabeuntakeun panon abdi. 31 Kabéh gé apal Allah moal ngadéngékeun jelema dosa. Tapi, Allah bakal ngadéngékeun saha waé nu sieun ka Anjeunna jeung ngalampahkeun kahayang-Na. 32 Ti baheula gé can aya nu bisa ngabeuntakeun panon jalma nu lolong ti barang lahir. 33 Mun teu diutus ku Allah mah manéhna moal bisa nanaon.” 34 Maranéhna ngomong, ”Dasar jelema nu pinuh ku dosa ti barang lahir! Rék mapatahan urang?” Tuluy manéhna diusir.
35 Isa ngadéngé lalaki éta geus diusir, jadi waktu panggih jeung manéhna, Isa nanya, ”Manéh boga iman teu ka Putra manusa?” 36 Jawabna, ”Saha anjeunna téh, Pa, ngarah abdi bisa boga iman ka anjeunna?” 37 Isa ngajawab, ”Manéh geus panggih, malah ayeuna keur ngomong jeung manéh.” 38 Ceuk lalaki éta, ”Abdi boga iman ka Juragan.” Bruk manéhna sujud ka Isa. 39 Tuluy Isa ngomong, ”Urang datang ka dunya téh ngarah jalma-jalma bisa dihakiman. Ku kituna, nu lolong bisa ningali, jeung nu bisa ningali jadi lolong.” 40 Barang éta kadéngé ku urang Farisi nu aya di dinya, maranéhna ngomong, ”Urang mah teu lolong, pan?” 41 Isa ngomong, ”Lamun maranéh lolong, maranéh moal dianggap boga dosa. Tapi lantaran maranéh ngaku bisa ningali, maranéh tetep boga dosa.”