Nu Ditulis ku Yahya
2 Dua poé sanggeusna, aya hajat kawinan di kota Kana, di Galiléa. Indungna Isa datang ka dinya. 2 Isa jeung murid-muridna ogé diondang ka éta hajat.
3 Waktu cianggur téréh béak, indungna Isa ngomong kieu ka anjeunna, ”Cianggurna béak.” 4 Tapi ku Isa dijawab, ”Bu, ieu pan lain urusan abdi jeung Ibu. Ayeuna mah can waktuna keur abdi.” 5 Tapi, indungna ngomong ka para palayan, ”Naon waé nu dipénta ku anjeunna, turutan wéh nya.” 6 Di dinya, aya genep gentong cai tina batu. Dina tradisi urang Yahudi, caina sok dipaké keur nyucikeun diri.+ Sagentong bisa dieusian cai kira-kira 44 nepi ka 66 liter.* 7 Isa ngomong ka para palayan, ”Eusian gentong-gentongna ku cai.” Seug gentong-gentong téh dieusian cai nepi ka pinuh. 8 Tuluy, anjeunna ngomong ka maranéhna, ”Siuk saeutik, anteurkeun ka pangawas hajat.” Seug éta dianteurkeun. 9 Cai nu geus jadi cianggur téh diasaan ku pangawas hajat, tapi manéhna teu nyahoeun éta cianggur téh ti mana (ari para palayan mah nyarahoeun). Tuluy manéhna ngageroan pangantén lalaki, 10 pokna, ”Batur mah biasana nu disuguhkeun ti heula téh cianggur nu alus. Engké mun jalma-jalma geus marabok, kakara ngaluarkeun nu biasa. Ari ieu mah, cianggur nu alus téh terus disimpen nepi ka ayeuna.” 11 Ieu téh mujijat Isa nu mimiti, nu kajadianana di Kana, di Galiléa. Ku cara kitu, Isa téh némbongkeun kawasana.+ Murid-muridna jadi baroga iman ka anjeunna.
12 Sanggeus kajadian éta, Isa, indungna, adi-adina,+ jeung murid-muridna indit ka Kapernaum,+ tapi cicing di dituna mah teu lila.
13 Sakeudeung deui, urang Yahudi rék ngarayakeun Paskah.+ Jadi, Isa indit ka Yérusalém. 14 Di bait, anjeunna ningali aya nu daragang sapi, domba, jeung manuk japati.+ Di dinya gé aya tukang nukeuran duit, keur dariuk. 15 Jadi, anjeunna nyieun pecut tina tali, tuluy tukang dagang, kitu deui sapi jeung dombana, dialusiran ti bait. Méja-méjana tukang nalukeuran duit diguling-gulingkeun, duitna diawur-awur.+ 16 Terus ka nu daragang japati, Isa ngomong kieu, ”Bawaan kabéh ka luar! Imah Bapa urang ulah dijadikeun pasar!”+ 17 Ras murid-murid téh jadi inget kana ayat nu nyebutkeun, ”Kanyaah* ka imah Gusti ngagedur siga seuneu dina haté abdi.”+
18 Ningali éta, urang Yahudi ngomong ka Isa, ”Sok tunjukkeun tanda ka urang,+ nu ngabuktikeun yén manéh boga hak ngalampahkeun ieu kabéh!” 19 Isa ngajawab, ”Sok runtuhkeun ieu bait, dina tilu poé ku urang bakal diwangun deui.”+ 20 Ceuk urang Yahudi, ”Ieu bait téh diwangun salila 46 taun, mémangna manéh sanggup ngawangun ieu bait ngan dina tilu poé?” 21 Sabenerna, bait nu dimaksud ku Isa téh awakna sorangan.+ 22 Sanggeus Isa dihirupkeun deui, murid-muridna inget yén Isa pernah ngomong kitu.+ Maranéhna jadi percaya kana ayat dina Kitab Suci jeung kana omongan Isa.
23 Basa Isa aya di Yérusalém waktu keur Perayaan Paskah, loba jalma jadi baroga iman ka anjeunna* lantaran ningali mujijat-mujijatna. 24 Sanajan kitu, Isa mah teu pati percaya ka maranéhna, da nyaho kana sipat maranéhna. 25 Isa mah teu kudu dibéré nyaho manusa téh siga kumaha lantaran geus nyaho kana eusi haté manusa.+