Nu Ditulis ku Yahya
3 Aya hiji pamingpin Yahudi ti kalangan urang Farisi, ngaranna téh Nikodémus.+ 2 Peuting-peuting, manéhna datang+ ka Isa tuluy ngomong kieu, ”Rabi,*+ urang sadaya terang yén Rabi téh guru nu diutus ku Allah, sabab euweuh nu bisa nyieun mujijat-mujijat+ kitu lamun teu disarengan ku Allah.”+ 3 Isa ngajawab, ”Sing percaya kana benerna omongan urang. Lamun hiji jalma teu dilahirkeun deui,*+ manéhna moal bisa asup kana Pamaréntahan Allah.”+ 4 Ceuk Nikodémus, ”Piraku jalma déwasa bisa dilahirkeun deui? Nya moal bisa atuh manéhna asup kana kandungan indungna tuluy dilahirkeun deui.” 5 Isa ngajawab, ”Sing percaya kana benerna omongan urang. Lamun hiji jalma teu dilahirkeun deui ku cara dibaptis ku cai+ sarta narima kawasa suci,*+ manéhna moal bisa asup kana Pamaréntahan Allah. 6 Nu lahir ti manusa téh nya manusa, ari nu lahir ti kawasa suci mah nya anak Allah. 7 Ulah héran lamun urang ngomong yén maranéh kabéh kudu dilahirkeun deui. 8 Angin niup ka mana waé karepna, sorana kadéngé ku anjeun, tapi anjeun teu nyaho ti mana datangna jeung ka mana inditna. Nya kitu ogé, anjeun moal ngarti kumaha carana jalma lahir ti kawasa suci.”+
9 Jadi Nikodémus nanya, ”Mémang kumaha carana?” 10 Isa ngajawab, ”Pan anjeun téh guru di Israél, piraku teu nyaho? 11 Sing percaya kana benerna omongan urang. Urang jeung murid-murid geus nyaritakeun naon nu urang kabéh nyaho sarta nerangkeun ngeunaan naon nu ditingali, tapi ku aranjeun teu ditarima. 12 Lamun anjeun teu percaya kana hal-hal nu dicaritakeun di dunya, nya komo deui kana hal-hal nu aya di sorga. 13 Salian ti éta, can aya nu pernah naék ka sorga,+ iwal ti Anak manusa nu turun ti sorga.+ 14 Sakumaha oorayan nu digantung ku Musa dina tihang basa di tanah gurun téa,+ nya kitu ogé Anak manusa kudu digantung,+ 15 supaya kabéh nu percaya ka manéhna bisa meunangkeun hirup langgeng.+
16 ”Allah téh nyaah pisan ka ieu dunya nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina,*+ supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng.+ 17 Allah ngutus Putra-Na ka dunya téh lain keur ngahakiman dunya, tapi supaya dunya disalametkeun ku jalan manéhna.+ 18 Saha waé nu boga iman ka manéhna moal dihakiman.+ Tapi, nu teu boga iman mah geus dihakiman, sabab manéhna teu boga iman ka Putra Allah* nu ngan hiji-hijina.+ 19 Tah, ieu dasar keur ngahakiman téh: Caang geus datang ka dunya,+ tapi manusa resepna téh kana poék lain caang, sabab kalakuanana jarahat. 20 Nu kalakuanana jahat mah teu resepeun kana caang sarta embung nyampeurkeun caang, da sieun kalakuanana katémbong. 21 Tapi, nu kalakuanana bener mah nyampeurkeun éta caang.+ Éta téh ngarah katingali jelas yén kalakuanana sajalan jeung kahoyong Allah.”
22 Geus kitu, Isa jeung murid-muridna indit ka kampung-kampung di Yudéa. Anjeunna jeung murid-muridna cicing di dinya pikeun sababaraha waktu bari ngabaptis jalma-jalma di dinya.+ 23 Yahya gé ngabaptis di Aénon deukeut Salim, lantaran di dinya loba caina.+ Jalma-jalma pada daratang ka dinya harayangeun dibaptis.+ 24 Harita téh Yahya can dipanjarakeun.+
25 Murid-murid Yahya paadu omong jeung salah sahiji urang Yahudi ngeunaan upacara nyucikeun diri. 26 Jadi, maranéhna nyampeurkeun Yahya tuluy ngomong kieu, ”Rabi, jalma nu pernah dicaritakeun ku Rabi,+ nu ngadatangan Rabi di peuntaseun Walungan Yordan téa, ayeuna ngabaptis jalma-jalma. Kabéh jalma datang ka anjeunna.” 27 Ceuk Yahya, ”Lamun teu dibéré kawasa ku Allah mah jalma moal bisa kukumaha. 28 Maranéh ngadéngé sorangan pan basa urang ngomong, ’Urang mah lain Al-Masih,+ tapi diutus miheulaan anjeunna.’+ 29 Pangantén awéwé téh milikna pangantén lalaki.+ Ari sobatna pangantén lalaki mah, ngan saukur nangtung gigireunana sarta ngadéngé ucapanana gé, geus bungah. Nya sarua, urang gé ngarasa bungah pisan. 30 Nu dilampahkeun ku Al-Masih bakal beuki loba, tapi nu dilampahkeun ku urang bakal beuki saeutik.”
31 Nu asalna ti luhur+ tangtu leuwih unggul tibatan nu séjén, ari nu asalna ti bumi mah ngomongkeun hal-hal nu aya di bumi, da asalna ti bumi. Nu asalna ti sorga téh leuwih unggul tibatan nu séjén.+ 32 Anjeunna nerangkeun ngeunaan naon nu ditingali jeung didéngé ku anjeunna,+ tapi euweuh nu percaya.+ 33 Saha waé nu percaya kana kateranganana bakal ngaku* yén Allah téh bener.+ 34 Putra nu diutus ku Allah téh nepikeun kekecapan Allah,+ sabab Allah teu asa-asa* waktu méré kawasa suci-Na. 35 Bapa téh nyaah ka Putra+ sarta masrahkeun sagalana ka Putra.+ 36 Nu boga iman ka Putra bakal meunangkeun kahirupan nu langgeng,+ tapi nu teu taat ka Putra mah moal meunangkeun kahirupan,+ sabalikna bakal terus narima amarah ti Allah.+