Nu Ditulis ku Yahya
5 Sanggeus éta, Isa indit ka Yérusalém sabab aya perayaan+ urang Yahudi. 2 Di Yérusalém, di deukeut Gerbang Domba,+ aya kolam nu dina basa Ibrani disebut Bétzata. Ieu kolam téh dikurilingan ku lima lorong. 3 Di lorong-lorong éta, tinggalolér jalma-jalma nu gering, lolong, pincang, jeung lumpuh. 4* —— 5 Di dinya, aya bapa-bapa nu geus gering salila 38 taun. 6 Ningali manéhna ngagolér jeung nyaho manéhna geus gering sakitu lilana, Isa ngomong kieu, ”Bapa hoyong damang?”+ 7 Dijawab ku nu gering, ”Pa, teu aya nu mantuan abdi ancrub* ka kolam waktu caina oyag. Kakara gé rék ka dinya, geus kapiheulaan ku batur.” 8 Isa ngomong, ”Sok ngadeg! Candak samakna tuluy leumpang.”+ 9 Seug manéhna cageur. Geus kitu, manéhna nyokot samakna tuluy leumpang.
Harita téh keur poé Sabat. 10 Jadi, urang Yahudi* ngomong ka éta jalma nu dicageurkeun, ”Ieu téh poé Sabat. Bapa teu meunang mamawa samak.”+ 11 Tapi manéhna ngajawab, ”Tadi, jalma nu nyageurkeun abdi ngomong kieu, ’Candak samakna tuluy leumpang.’” 12 Maranéhna nanya, ”Saha nu nitah Bapa nyokot samak tuluy leumpang?” 13 Tapi éta lalaki nu dicageurkeun teu nyahoeun saha nu nitahna, sabab Isa geus nyulusup ka tengah jalma réa nu ngagimbung.
14 Geus kitu, Isa panggih jeung manéhna di bait tuluy ngomong, ”Ayeuna Bapa tos damang. Ulah nyieun dosa deui, bisi matak leuwih cilaka.” 15 Éta lalaki indit jeung méré nyaho urang Yahudi yén nu nyageurkeun manéhna téh Isa. 16 Éta sababna urang Yahudi ngamusuhan Isa, pédah Isa ngalampahkeun éta kabéh dina poé Sabat. 17 Tapi Isa ngomong ka maranéhna, ”Bapa abdi terus digawé nepi ka ayeuna, nya abdi gé terus digawé.”+ 18 Ku sabab éta, urang Yahudi beuki hayang maéhan Isa, sabab ceuk maranéhna mah Isa lain saukur ngalanggar Sabat, tapi ogé nyebut Allah téh Bapana,+ nyaruakeun dirina jeung Allah.+
19 Ku kituna Isa ngomong ka maranéhna, ”Sing percaya kana benerna omongan abdi. Putra teu bisa ngalampahkeun nanaon ku kahayangna sorangan, tapi ngan nyonto naon nu dilampahkeun ku Bapa.+ Naon waé nu dilampahkeun ku Bapa, éta ogé nu dilampahkeun ku Putra. 20 Bapa nyaah ka Putra,+ matakna Anjeunna némbongkeun sagala nu dilampahkeuna-Na ka Putra. Bapa gé bakal némbongkeun hal-hal nu leuwih hébat deui ka Putra, sangkan aranjeun tajub.+ 21 Sakumaha Bapa ngahirupkeun deui nu maot,+ Putra ogé ngahirupkeun saha waé nu dipikahayangna.+ 22 Bapa teu ngahakiman sasaha, sabab tugas ngahakiman mah geus dipasrahkeun ka Putra,+ 23 supaya kabéh jalma hormat ka Putra sakumaha maranéhna hormat ka Bapa. Anu teu hormat ka Putra sarua jeung teu hormat ka Bapa nu ngutus manéhna.+ 24 Sing percaya kana benerna omongan abdi. Saha waé nu ngadéngé omongan abdi jeung percaya ka Bapa nu ngutus abdi bakal meunangkeun hirup langgeng.+ Manéhna moal dihakiman tapi bakal hirup, sanajan tadina mah kudu maot.+
25 ”Sing percaya kana benerna omongan abdi. Engké aya mangsana, malah ti ayeuna, nu maot bakal ngadéngé sora Putra Allah. Saha waé nu merhatikeun jeung nurut tangtu bakal hirup. 26 Bapa téh boga kawasa pikeun méré kahirupan,+ jadi Anjeunna gé méré kawasa ka Putra pikeun méré kahirupan.+ 27 Salian ti éta, Bapa méré manéhna kawasa pikeun ngahakiman,+ sabab manéhna téh Anak manusa.+ 28 Ulah héran kana hal ieu, sabab engké aya mangsana kabéh nu aya di jero kuburan* bakal ngadéngé sorana+ 29 tuluy kalaluar. Nu ngalampahkeun hal-hal hadé bakal dihirupkeun deui sarta meunangkeun hirup langgeng, tapi nu ngalampahkeun hal-hal jahat bakal dihirupkeun deui sarta dihakiman.+ 30 Abdi teu bisa ngalampahkeun nanaon ku kahayang sorangan. Abdi ngahakiman téh dumasar kana naon nu diucapkeun ku Bapa. Cara abdi ngahakiman téh adil,+ sabab abdi teu nuturkeun kahayang sorangan, tapi nuturkeun kahoyong Anjeunna nu ngutus abdi.+
31 ”Lamun ngan abdi sorangan nu nerangkeun diri abdi, éta teu bisa dipercaya.+ 32 Tapi, aya deui nu nerangkeun diri abdi. Abdi nyaho yén katerangan Anjeunna téh bener.+ 33 Aranjeun geus ngirim utusan ka Yahya. Manéhna geus méré nyaho nu bener.+ 34 Sabenerna, abdi mah teu butuh sasaha pikeun nerangkeun diri abdi. Abdi ngomong kieu téh supaya aranjeun bisa salamet. 35 Manéhna téh ibarat lampu nu hurung caang. Saharitaeun mah aranjeun téh resep pisan kana caangna.+ 36 Tapi, aya nu leuwih hébat tibatan katerangan ti Yahya, nyaéta pagawéan nu ditugaskeun ku Bapa ka abdi, nu keur dijalankeun ku abdi. Éta jadi bukti yén abdi téh diutus ku Bapa.+ 37 Bapa nu ngutus abdi gé nerangkeun diri abdi.+ Aranjeun teu pernah ngadéngé sora-Na atawa ningali wujud-Na.+ 38 Firman-Na gé teu disimpen dina haté aranjeun, sabab aranjeun teu percaya ka jalma nu diutus ku Bapa.
39 ”Aranjeun ngarulik Kitab Suci+ sabab ceuk pamikir aranjeun mah aranjeun bakal meunangkeun hirup langgeng. Tah, sabenerna Kitab Suci téh méré katerangan ngeunaan abdi.+ 40 Tapi, aranjeun embung datang ka abdi+ pikeun meunangkeun hirup langgeng. 41 Abdi teu hayang dipuji-puji ku manusa, 42 ari aranjeun mah sabalikna. Abdi nyaho yén aranjeun teu nyaah ka Allah. 43 Abdi datang mawa nami Bapa abdi, tapi teu ditarima ku aranjeun. Ari batur nu datang mawa nami sorangan, ditarima ku aranjeun. 44 Kumaha aranjeun rék percaya, da aranjeun mah hayang dipuji-puji ku batur sarta teu néangan pujian ti Allah nu ésa?+ 45 Ulah nyangka abdi rék nuduh aranjeun hareupeun Bapa. Nu nuduh aranjeun mah Musa,+ jalma nu dipercaya ku aranjeun. 46 Lamun enya aranjeun percaya ka Musa, kuduna mah aranjeun percaya ka abdi, sabab Musa nulis ngeunaan abdi.+ 47 Tapi lamun aranjeun teu percaya kana tulisanana, kumaha aranjeun rék percaya kana ucapan abdi?”