Nu Ditulis ku Yahya
4 Isa* nyahoeun yén urang Farisi téh geus meunang béja yén anjeunna ngabaptis+ leuwih loba sarta boga murid leuwih loba tibatan Yahya. 2 (Sabenerna nu ngabaptis téh lain Isa, tapi murid-muridna.) 3 Jadi, anjeunna ninggalkeun Yudéa tuluy indit deui ka Galiléa. 4 Tapi, jalanna téh kudu ngaliwatan daérah Samaria. 5 Tungtungna anjeunna nepi ka kota Sikhar di Samaria, deukeut lahan milik Yakub nu dibikeun ka Yusuf anakna.+ 6 Di dinya téh aya sumur Yakub.+ Sanggeus iinditan, Isa capéeun pisan, gék anjeunna diuk di sisi sumur.* Harita téh kira-kira jam 12 beurang.*
7 Geus kitu, aya hiji awéwé Samaria datang rék nimba cai. Pok Isa ngomong ka manéhna, ”Punten Nyai, tiasa nyuhunkeun cai? Abdi hoyong nginum.” 8 (Ari murid-muridna mah keur meuli dahareun ka kota.) 9 Éta awéwé Samaria ngomong, ”Bapa pan urang Yahudi, maenya nyuhunkeun cai ka abdi, awéwé Samaria?” (Sabab urang Yahudi tara ngomong jeung urang Samaria.)+ 10 Isa ngajawab, ”Lamun Nyai terang kana kurnia ti Allah+ sarta terang saha nu nyuhunkeun cai ka Nyai, Nyai tangtu bakal nyuhunkeun cai ka manéhna, sarta ku manéhna tangtu bakal dipasihan cai kahirupan.”+ 11 Ceuk éta awéwé, ”Pan Bapa teu gaduh timba, sumurna gé jero deuih. Jadi, Bapa badé masihan cai kahirupan ti mana? 12 Ieu sumur téh warisan ti Yakub, karuhun bangsa abdi. Yakub, putra-putrana, sareng ingon-ingonna nginum ti dieu. Mémangna Bapa téh langkung hébat ti Yakub?” 13 Dijawab ku Isa, ”Nu nginum cai ti dieu mah bakal haus deui. 14 Ari nu nginum cai ti abdi mah moal haus deui.+ Cai ti abdi téh bakal kawas cinyusu di jero dirina nu ngahasilkeun kahirupan langgeng.”+ 15 Ceuk éta awéwé, ”Pa, nyuhunkeun atuh caina, ngarah abdi teu haus deui sarta teu kudu bulak-balik nimba cai ka dieu.”
16 Ceuk Isa ka manéhna, ”Sok sauran heula salaki Nyai, sina ka dieu.” 17 Dijawab kieu, ”Abdi mah teu gaduh salaki.” Isa ngomong, ”Ucapan Nyai téh bener. Nyai mémang teu gaduh salaki. 18 Da Nyai tos lima kali gaduh salaki, ngan nu ayeuna bareng jeung Nyai mah lain salaki Nyai. Nu diucapkeun ku Nyai téh bener.” 19 Ceuk éta awéwé, ”Bapa pasti nabi.+ 20 Karuhun abdi téh ibadahna di ieu gunung, tapi saur bangsa Bapa mah ibadah téh kedah di Yérusalém.”+ 21 Isa ngomong ka manéhna, ”Nyai, sing percaya, bakal datang mangsana aranjeun sadaya ibadah ka Allah téh lain di ieu gunung lain di Yérusalém. 22 Aranjeun teu kenal ka nu disembah ku aranjeun,+ ari urang sadaya mah kenal ka nu disembah, sabab nu mimiti disalametkeun téh* urang Yahudi.+ 23 Tapi engké dina waktuna, malahan ti ayeuna kénéh, hamba Allah nu sajati bakal nyembah ka Anjeunna sajalan jeung bingbingan kawasa suci sarta bebeneran, sabab Allah néangan jalma-jalma nu siga kitu.+ 24 Allah téh Roh,+ jadi jalma-jalma nu nyembah ka Anjeunna téh nyembahna kedah sajalan jeung bingbingan kawasa suci sarta bebeneran.”+ 25 Éta awéwé ngomong, ”Abdi terang yén Mésias nu disebut Al-Masih téh bakal datang. Mun anjeunna datang, anjeunna bakal nerangkeun sagalana ka urang sadaya.” 26 Ceuk Isa, ”Abdi jalmana téh, nu nuju nyarios sareng Nyai.”+
27 Jol murid-muridna daratang, reuwaseun ningali Isa keur ngobrol jeung hiji awéwé. Tapi, nya tangtu euweuh nu wani nanya ku naon Isa ngobrol jeung éta awéwé atawa aya perlu naon ka éta awéwé. 28 Ari éta awéwé cul baé ninggalkeun wadah caina tuluy ngagidig ka kota, bébéja kieu ka jalma-jalma, 29 ”Hayu geura, urang tingali jalma nu nyaritakeun sagala kalakuan abdi baheula. Boa-boa anjeunna téh Al-Masih!” 30 Brul maranéhna arindit ti kota tuluy manggihan Isa.
31 Harita, murid-muridna ngadesek ka anjeunna, ”Rabi,*+ geura dahar.” 32 Tapi, anjeunna ngomong, ”Urang geus boga dahareun, tapi maranéh teu nyaho éta téh naon.” 33 Murid-muridna silih tanya jeung pada baturna, ”Mémangna aya nu geus méré dahareun ka anjeunna, kitu?” 34 Isa ngomong ka maranéhna, ”Dahareun urang mah ngalaksanakeun kahayang Anjeunna nu ngutus urang+ sarta ngaréngsékeun tugas ti Anjeunna.+ 35 Maranéh ngomong panén téh opat bulan deui. Tapi urang ngabéjaan: Sok tempo éta lahan, geus barodas siap dipanén.+ 36 Anu ngala téh geus diburuhan, maranéhna keur ngumpulkeun buahna. Buahna téh nyaéta jalma-jalma nu ngawaris hirup abadi. Jadi, boh nu melak boh nu ngala, sarua bungahna.+ 37 Bener ceuk ieu paribasa: Nu hiji melak, nu séjén ngala. 38 Maranéh diutus téh pikeun ngala naon nu teu dipelak ku maranéh. Batur nu digawé, tapi maranéh gé milu meunang hasilna.”
39 Loba urang Samaria ti éta kota jadi boga iman ka anjeunna lantaran éta awéwé ngomong kieu, ”Anjeunna nyaritakeun sagala kalakuan abdi baheula.”+ 40 Waktu manggihan Isa, urang Samaria ménta supaya Isa cicing bareng jeung maranéhna. Jadi, Isa cicing di dinya dua poé. 41 Hasilna, beuki loba baé nu percaya kana ucapan anjeunna. 42 Maranéhna ngomong ka éta awéwé, ”Ayeuna urang percaya téh lain ku omongan manéh wungkul, da urang gé geus ngadéngé sorangan. Urang nyaho anjeunna nu bakal nyalametkeun dunya téh.”+
43 Sanggeus dua poé, anjeunna indit ti dinya terus ka Galiléa. 44 Isa ngomong yén euweuh nabi nu dihargaan di lemburna sorangan.+ 45 Tapi barang nepi ka Galiléa, urang dinya pada ngabagéakeun Isa, sabab maranéhna geus ningali sagala nu dilampahkeun ku Isa basa maranéhna datang ka perayaan di Yérusalém.+
46 Tuluy, anjeunna datang deui ka Kana di Galiléa, tempat anjeunna ngarobah cai jadi cianggur téa.+ Di dinya aya hiji pajabat istana, nu anak lalakina keur gering di Kapernaum. 47 Basa ngadéngé Isa datang ti Yudéa ka Galiléa, manéhna ngadatangan Isa jeung méménta supaya Isa milu jeung manéhna pikeun nyageurkeun budakna nu geus sakarat. 48 Tapi Isa ngomong ka manéhna, ”Maranéh mah moal percaya lamun teu ningali tanda jeung mujijat.”+ 49 Éta pajabat istana ngomong, ”Juragan, hayu atuh datang, saacan budak abdi maot.” 50 Isa ngomong ka manéhna, ”Jung geura balik, budak téh geus cageur.”+ Manéhna percaya kana omongan Isa tuluy indit. 51 Di jalan kénéh, manéhna dipapag ku para palayanna nu ngabéjaan yén budakna geus cageur. 52 Jadi, manéhna nanyakeun jam sabaraha cageurna. Dijawab ku maranéhna, ”Muriangna cageur kamari, kira-kira jam hiji beurang.”* 53 Bapa éta budak ingeteun, jamna téh pas pisan jeung waktu Isa ngomong, ”Budak téh geus cageur.”+ Jadi, manéhna jeung saeusi imahna percaya ka Isa. 54 Ieu téh mujijat nu kadua+ waktu Isa datang ti Yudéa ka Galiléa.