Kisah Para Rasul
12 Dina mangsa éta, Raja Hérodés mulai nindes sababaraha jalma di sidang jamaah.+ 2 Manéhna maéhan Yakobus dulurna Yahya+ ku pedang.+ 3 Basa nyaho tindakanana téh dipikaresep ku urang Yahudi, manéhna gé néwak Pétrus. (Éta téh kajadianana waktu Perayaan Roti nu Teu Diragian.)+ 4 Pétrus ditéwak tuluy dijebloskeun ka panjara.+ Manéhna dijaga ku opat regu prajurit, sareguna téh opatan. Rencanana, manéhna bakal dibawa ka* hareupeun jalma-jalma sanggeus Paskah. 5 Salila Pétrus dipanjara, sidang jamaah terus sasambat ka Allah ngadoakeun manéhna.+
6 Dina peuting saacan Hérodés mawa Pétrus ka hareupeun jalma-jalma, Pétrus keur saré bari dihapit ku dua prajurit sarta ditalian ku dua ranté. Di hareupeun panto panjara gé aya tukang-tukang jaga. 7 Ujug-ujug, jleg aya malaikat Yéhuwa* nangtung di dinya.+ Sél panjara gé jadi caang. Éta malaikat ngageuingkeun Pétrus tuluy ngomong, ”Geura hudang!” Harita kénéh ranté-ranté di leungeunna lalésot.+ 8 Éta malaikat ngomong, ”Siap-siap, paké sendal anjeun.” Ku Pétrus diturut. Terus, éta malaikat ngomong, ”Paké baju luar anjeun, tuturkeun urang.” 9 Ku kituna, Pétrus kaluar jeung nuturkeun éta malaikat, bari teu engeuh yén nu dilampahkeun ku éta malaikat téh enyaan, disangkana mah éta téh titingalian. 10 Maranéhna ngaliwatan pos jaga nu kahiji jeung nu kadua, tuluy nepi ka gerbang beusi nu brasna ka kota. Bray éta gerbang muka sorangan. Sanggeus kaluar, maranéhna nepi ka hiji jalan. Les baé malaikat téh ninggalkeun manéhna. 11 Kakara Pétrus sadar kana kajadianana tuluy ngomong, ”Ayeuna urang yakin Yéhuwa* téh geus ngutus malaikat-Na jang nyalametkeun urang ti Hérodés sarta ti sagala maksud jahatna urang Yahudi.”+
12 Sanggeus mikir kitu, manéhna indit ka imahna Maryam, indungna Yahya nu disebut Markus.+ Di dinya, aya loba murid keur kumpul jeung ngadoa. 13 Waktu manéhna keketrok panto gerbang, palayan awéwé nu ngaranna Roda nyampeurkeun rék mangmukakeun panto. 14 Manéhna nyahoeun éta téh sorana Pétrus. Tapi bakating ku atoh-atohna, lain mangmukakeun panto, manéhna kalah ka lumpat ka jero tuluy ngabéjaan yén Pétrus aya di hareupeun gerbang. 15 Ceuk maranéhna, ”Ah, manéh mah ngalindur.” Tapi, manéhna keukeuh yén Pétrus mémang datang. Terus maranéhna ngomong, ”Malaikatna meureun éta mah.” 16 Ari Pétrus haben baé keketrok. Barang panto dibuka, maranéhna ngajenghok rareuwaseun ningali Pétrus. 17 Ku Pétrus maranéhna diisaratan sina jarempé, tuluy manéhna ngajéntrékeun kumaha Yéhuwa* ngaluarkeun manéhna ti panjara. Ceuk manéhna, ”Jung béjakeun ieu ka Yakobus*+ jeung dulur-dulur séjén.” Geus kitu, manéhna kaluar jeung indit ka tempat séjén.
18 Isukna, para prajurit raribut, baringungeun Pétrus téh ka mana. 19 Hérodés néangan Pétrus ka mamana tapi teu kapanggih. Para prajurit nu ngajagana gé dipariksa tuluy dibawa pikeun dihukum.+ Geus kitu, Hérodés indit ti Yudéa ka Kaisaréa tuluy cicing di dinya sababaraha waktu.
20 Hiji waktu, Hérodés ambek pisan ka* urang Tirus jeung Sidon. Jadi, jalma-jalma éta mupakat rék ménta tulung ka Blastus, kapala rumah tangga Raja, supaya maranéhna bisa akur deui jeung Raja, lantaran nagri maranéhna meunang dahareun ti nagrina Raja. 21 Dina poé nu geus ditangtukeun, Hérodés maké baju karajaan, gék diuk dina korsi pangadilan, tuluy pidato. 22 Jalma-jalma nu kumpul di dinya sarurak, ”Ieu sora allah, lain sora manusa!” 23 Harita kénéh, manéhna digebug ku malaikat Yéhuwa* lantaran manéhna henteu ngamulyakeun Allah. Balukarna, manéhna gering, dihakan ku cacing, terus maot.
24 Tapi firman Yéhuwa* beuki nyebar, beuki loba ogé jalma nu jadi murid.+
25 Ari Barnabas+ jeung Saul, sanggeus bérés ngirim bantuan ka Yérusalém,+ maranéhna balik ka Antiokhia bari ngajak Yahya,+ nu disebut ogé Markus.