Kisah Para Rasul
13 Di sidang jamaah di Antiokhia, aya sababaraha nabi jeung guru, nyaéta Barnabas, Siméon nu disebut Nigér, Saulus, Lusius ti Kiréné, sarta Manaén nu dididik bareng jeung Hérodés nu jadi pangawasa daérah. 2 Waktu maranéhna ngalalayanan Yéhuwa jeung puasa, maranéhna dibéré nyaho liwat kawasa suci, ”Urang geus milih Barnabas jeung Saulus pikeun ngajalankeun tugas ti urang nu geus ditangtukeun keur maranéhna.” 3 Terus, sanggeus puasa jeung ngadoa, Barnabas jeung Saulus ditumpangan leungeun ku maranéhna tuluy diutus.
4 Jadi Barnabas jeung Saulus, nu diutus ku kawasa suci, indit ka Séléukia. Ti dinya, maranéhna balayar ka Siprus. 5 Pas nepi di Salamis, maranéhna ngawartakeun firman Allah di tempat-tempat ibadah urang Yahudi. Maranéhna gé dibantuan ku Yahya.
6 Sanggeus ngideran pulo éta jeung nepi di Pafos, maranéhna panggih jeung urang Yahudi nu ngaranna Bar-Yésus, saurang tukang sihir jeung nabi palsu. 7 Manéhna digawé keur Gubernur* Sérgius Paulus, jalma nu pinter pisan. Sérgius Paulus ngageroan Barnabas jeung Saulus lantaran hayang pisan ngadéngékeun firman Allah. 8 Tapi si tukang sihir éta, nyaéta Élimas (ngaran Élimas téh hartina ”tukang sihir”) ngahalang-halang maranéhna sangkan gubernur éta teu boga iman. 9 Terus manéhna diteuteup ku Saulus, nu disebut ogé Paulus, nu pinuh ku kawasa suci. 10 Ceuk Paulus, ”Hé anak Iblis, pikiran manéh pinuh ku tipu daya jeung kajahatan. Manéh téh musuh ti sagala nu bener, ku naon manéh nyimpang-nyimpangkeun jalan Yéhuwa nu bener? 11 Pék, manéh bakal dihukum ku Yéhuwa, manéh bakal lolong, moal ningali caang panonpoé keur sababaraha waktu.” Harita kénéh, panonna katutup ku haseup jeung jadi poék. Manéhna kakarayapan néangan jelema nu bisa nungtun manéhna. 12 Waktu ningali kajadian éta, gubernur jadi percaya lantaran tajub kana pangajaran Yéhuwa.
13 Paulus jeung babaturanana balayar ti Pafos tuluy nepi di Pérga di daérah Pamfilia. Tapi, Yahya ninggalkeun maranéhna jeung balik ka Yérusalém. 14 Sanajan kitu, maranéhna neruskeun perjalanan ti Pérga ka Antiokhia di Pisidia. Tuluy pas poé Sabat, maranéhna asup ka tempat ibadah jeung diuk di dinya. 15 Sanggeus Torét jeung Kitab Para Nabi dibacakeun, kapala tempat ibadah ngomong ka maranéhna, ”Dulur-dulur, lamun rék nepikeun kecap-kecap nu nguatkeun, sok mangga dihaturanan.” 16 Jadi Paulus nangtung jeung méré isarat ku leungeunna, tuluy ngomong,
”Dulur-dulur, urang Israél, jeung kabéh nu hormat ka Allah, mangga dangukeun. 17 Allahna bangsa Israél geus milih karuhun urang jeung ngajadikeun maranéhna bangsa nu kuat basa maranéhna jadi urang asing di Mesir. Maranéhna dibawa kaluar ti dinya ku leungeun Allah nu kuat. 18 Salila kira-kira 40 taun di gurun keusik, Anjeunna terus sabar ka maranéhna. 19 Sanggeus ngamusnakeun tujuh bangsa di nagri Kanaan, urut tanah wilayahna dibikeun ka maranéhna jadi tanah warisan. 20 Éta kabéh kajadianana téh kira-kira salila 450 taun.
”Geus kitu, pikeun mingpin maranéhna, Anjeunna ngalantik hakim-hakim nepi ka jaman Nabi Samuél. 21 Tapi, maranéhna kalah ka ménta raja. Jadi ku Allah dibéré Saul anakna Kis ti kaom Bényamin, nu maréntah salila 40 taun. 22 Sanggeus nyingkirkeun manéhna, Anjeunna ngalantik Daud jadi raja. Ngeunaan Daud, Allah ngomong, ’Kuring geus manggih Daud anak Isai nu nyenangkeun haté Kuring. Manéhna bakal ngalakukeun sagala kahayang Kuring.’ 23 Sakumaha jangji-Na, Allah méré jurusalamet keur bangsa Israél, nyaéta Isa ti turunan* manéhna. 24 Saacan Isa datang, Yahya ngawawar ka sakabéh urang Israél sangkan dibaptis, tanda maranéhna geus tobat. 25 Tapi sanggeus ngaréngsékeun tugasna, Yahya ngomong, ’Maranéh nyangkana urang téh saha? Urang lain jalma éta, manéhna mah datangna sanggeus urang. Ngaleupaskeun sendalna gé urang mah teu pantes.’
26 ”Dulur-dulur, turunan Ibrahim, jeung kabéh nu hormat ka Allah, warta ngeunaan kasalametan geus ditepikeun ka urang kabéh. 27 Penduduk Yérusalém jeung para pangawasana teu kenal ka jurusalamet ieu. Tapi basa ngahakiman manéhna, maranéhna ngalaksanakeun naon nu disebutkeun dina Kitab Para Nabi nu dibacakeun di hareupeun jalma-jalma unggal poé Sabat. 28 Sanajan teu boga alesan pikeun ngahukum pati, maranéhna keukeuh ménta sangkan Pilatus ngahukum pati manéhna. 29 Sanggeus maranéhna ngalaksanakeun sagala nu ditulis ngeunaan manéhna, manéhna diturunkeun tina tihang* jeung digolérkeun dina makam. 30 Tapi ku Allah, manéhna dihirupkeun deui. 31 Pikeun sababaraha waktu, manéhna némbongan ka jalma-jalma nu bareng jeung manéhna ti Galiléa nepi ka Yérusalém. Maranéhna ieu nu ayeuna méré kasaksian ngeunaan manéhna ka jalma-jalma.
32 ”Jadi ayeuna, urang-urang méré nyaho ka aranjeun warta hadé ngeunaan jangji Allah ka karuhun urang kabéh. 33 Allah geus ngalaksanakeun jangji éta ka urang kabéh, salaku anak-anak maranéhna, ku cara ngahirupkeun deui Isa. Ieu téh luyu jeung nu ditulis dina jabur nu kadua, ’Manéh téh putra Kuring; ayeuna Kuring jadi Bapa manéh.’ 34 Allah ngahirupkeun deui manéhna, jeung manéhna moal boga deui awak nu bisa musna. Ngeunaan hal ieu, Allah nyebutkeun, ’Kuring bakal méré berkah ka maranéh sakumaha nu dijangjikeun ku Kuring ka Daud lantaran asih Kuring nu satia ka manéhna. Jangji éta tangtu laksana.’* 35 Dina jabur nu séjén gé disebutkeun, ’Gusti moal ngantep hamba-Na nu satia musna.’ 36 Daud ngawula ka* Allah sapanjang hirupna. Tapi waktu manéhna maot* sarta dikuburkeun bareng jeung karuhunna, awakna musna. 37 Ari hamba nu dihirupkeun deui ku Allah mah awakna henteu musna.
38 ”Dulur-dulur, urang ngabéjaan, ngan ku lantaran manéhna, dosa aranjeun bisa dihampura. 39 Ku lantaran manéhna ogé, kabéh jalma nu percaya bisa disebut bener ku Allah. Tapi ku Hukum Musa mah aranjeun moal bisa disebut bener. 40 Ku kituna ati-ati, naon nu disebutkeun dina Kitab Para Nabi ieu téh ulah nepi kajadian ka aranjeun, 41 ’Éh maranéh tukang ngahina, tingali pagawéan nu dilakukeun ku Kuring dina jaman ieu. Maranéh moal percaya kana pagawéan ieu sanajan éta dijéntrékeun ka maranéh. Tapi maranéh bakal héran jeung bakal paéh.’”
42 Waktu Paulus jeung Barnabas kaluar ti dinya, jalma-jalma méménta supaya maranéhna ngabahas deui hal ieu dina Sabat saterusna. 43 Sanggeus jalma-jalma di tempat ibadah éta bubar, loba urang Yahudi jeung panganut agama Yahudi nu nyembah ka Allah naluturkeun Paulus jeung Barnabas. Duanana ngajurung jalma-jalma ngajaga tingkah lakuna ngarah terus narima welas asih Allah nu taya bandingna.*
44 Dina Sabat saterusna, ampir kabéh penduduk kota ngumpul pikeun ngadéngékeun firman Yéhuwa. 45 Waktu ningali nu daratang sakitu lobana, urang Yahudi jadi sirik tuluy ngabantah jeung ngahina kekecapan Paulus. 46 Tapi Paulus jeung Barnabas wani ngomong kieu ka maranéhna, ”Firman Allah mémang kudu ditepikeun ka maranéh heula. Tapi maranéh teu narima, ku kituna éta ngabuktikeun maranéh teu layak meunangkeun hirup langgeng. Jadi ayeuna urang-urang rék ngawarta ka bangsa-bangsa séjén, 47 sabab Yéhuwa geus maréntahkeun kieu, ’Manéh ku Kuring geus dijadikeun caang keur bangsa-bangsa supaya mawa kasalametan nepi ka tungtung bumi.’”
48 Barang jalma-jalma ti bangsa séjén ngadéngé kitu, maranéhna atoh pisan jeung ngamulyakeun firman Yéhuwa. Kabéh nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng jaradi percaya. 49 Salian ti éta, firman Yéhuwa nyebar nepi ka sakuliah nagri. 50 Tapi urang Yahudi ngahasud wanita-wanita soléh nu dihormat jeung priya-priya penting di kota éta. Ku kituna, Paulus jeung Barnabas dikaniaya jeung diusir sina kaluar ti daérah éta. 51 Jadi, maranéhna ngebutkeun kekebul tina sukuna, tanda jalma-jalma di dinya geus diélingan. Tuluy maranéhna indit ka Ikonium. 52 Ari para murid pinuh ku kawasa suci jeung haténa pinuh ku kabungah.