Kisah Para Rasul
14 Basa di Ikonium, maranéhna asup ka tempat ibadah urang Yahudi jeung ngawawar di dinya. Ngawawarna téh alus nepi ka loba pisan jalma jadi percaya, boh urang Yahudi boh urang Yunani. 2 Tapi urang Yahudi nu teu percaya ngahasud jalma-jalma ti bangsa séjén supaya nentang maranéhna. 3 Jadi Paulus jeung Barnabas cicing di dinya rada lila sarta dibéré kawasa ku Yéhuwa pikeun wani ngawawarkeun welas asih Allah nu taya bandingna.* Maranéhna gé digunakeun ku Anjeunna pikeun nyieun tanda-tanda jeung mujijat-mujijat. Ieu nunjukkeun pangwawaran maranéhna didukung ku Anjeunna. 4 Tapi, penduduk kota éta jadi papecah, aya nu mihak ka urang Yahudi, aya nu mihak ka para rasul. 5 Waktu jalma-jalma ti bangsa séjén sarta urang Yahudi jeung para pangawasana rék nganiaya jeung malédogan maranéhna duaan ku batu, 6 maranéhna dibéjaan. Ku kituna, maranéhna kabur ka kota Likaonia, Listra, Dérbé, jeung kampung-kampung di sakurilingna. 7 Di dinya, maranéhna terus nguarkeun warta hadé.
8 Di Listra, aya saurang lalaki nu sukuna cacad. Ti barang lahir, manéhna pincang jeung teu pernah bisa leumpang. 9 Manéhna keur diuk ngadéngékeun Paulus ngomong. Ku Paulus manéhna diteuteup, katingali manéhna téh boga iman jeung percaya bisa dicageurkeun. 10 Ku sora nu tarik, Paulus ngomong, ”Geura nangtung!” Koréjat manéhna nangtung tuluy leuleumpangan. 11 Barang jalma réa ningali naon nu dilakukeun ku Paulus, maranéhna ngagorowok maké basa Likaonia, ”Déwa-déwa geus turun ka urang jaradi manusa!” 12 Ku maranéhna, Barnabas disebut Zéus, ari Paulus disebut Hérmés sabab manéhna nu leuwih loba ngomong. 13 Geus kitu imam Zéus, nu kuilna aya di deukeut gerbang kota, mawa sapi jalu jeung mamakutaan tina kembang ka gerbang. Manéhna jeung jalma-jalma hayang méré kurban keur dua rasul éta.
14 Tapi waktu Rasul Barnabas jeung Rasul Paulus ngadéngé éta, maranéhna nyoékkeun bajuna jeung lumpat nyampeurkeun jalma réa tuluy ngomong ku sora nu tarik, 15 ”Nanaonan aranjeun téh? Urang duaan gé sarua jelema nu boga kakurangan siga aranjeun. Urang ngawawarkeun warta hadé ka aranjeun téh supaya aranjeun ninggalkeun hal-hal nu euweuh hartina ieu jeung nyembah ka Allah nu hirup, nu nyiptakeun langit, bumi, laut, jeung sagala eusina. 16 Dina jaman baheula, Anjeunna ngantep bangsa-bangsa mawa karep sorangan. 17 Sanajan kitu, Anjeunna némbongkeun saha diri-Na ku cara nyieun kahadéan. Anjeunna méré hujan ti langit, usum panén, jeung dahareun nepi ka puas. Anjeunna gé méré hal-hal nu pikabungaheun.” 18 Sanajan geus diomongan kitu gé, jalma réa ampir-ampiran teu bisa dicegah méré kurban ka maranéhna.
19 Tapi urang Yahudi ti Antiokhia jeung Ikonium daratang tuluy mangaruhan jalma réa. Geus kitu, Paulus dibalédogan ku batu tuluy digusur ka luar kota lantaran disangkana geus maot. 20 Tapi waktu diriung ku murid-murid, manéhna hudang jeung asup ka kota. Isukna, manéhna jeung Barnabas indit ka Dérbé. 21 Sanggeus nguarkeun warta hadé di dinya jeung ngabantu sababaraha jalma jadi murid, maranéhna balik deui ka Listra, Ikonium, jeung Antiokhia. 22 Di kota-kota éta, maranéhna negerkeun murid-murid supaya kuat iman. Maranéhna ngomong kieu, ”Asup ka Pamaréntahan Allah mah kudu ngalaman loba kasangsaraan.” 23 Salian ti éta, maranéhna ngalantik para kokolot di unggal sidang. Maranéhna gé ngadoa jeung puasa, tuluy masrahkeun para kokolot éta ka Yéhuwa nu dipercaya ku maranéhna.
24 Terus, maranéhna indit ka Pamfilia liwat Pisidia. 25 Sanggeus ngawawarkeun firman di Pérga, maranéhna turun ka Atalia. 26 Ti dinya, maranéhna balayar ka Antiokhia. Di kota éta, baréto dulur-dulur ngadoa ka Allah sangkan méré welas asih nu taya bandingna* ka maranéhna pikeun ngajalankeun tugas nu ayeuna geus réngsé.
27 Pas nepi, maranéhna ngariung bareng jeung sidang jamaah. Maranéhna nyaritakeun kumaha Allah ngagunakeun maranéhna pikeun ngalakukeun loba hal, jeung kumaha Anjeunna muka jalan keur bangsa-bangsa séjén supaya boga iman. 28 Jadi, maranéhna cicing rada lila bareng jeung murid-murid.