Kisah Para Rasul
18 Ti Athéna, Paulus terus ka Korintus. 2 Di dinya, manéhna panggih jeung urang Yahudi nu ngaranna Akuila+ nu asalna ti Pontus. Manéhna jeung pamajikanana, Priskila, kakara datang ti Italia, lantaran aya paréntah ti Kaisar Klaudius sangkan sakabéh urang Yahudi indit ti Roma. Jadi, Paulus ngadatangan maranéhna. 3 Lantaran pagawéan maranéhna sarua jeung Paulus, nyaéta tukang nyieunan kémah,+ Paulus cicing di imah maranéhna bari digawé bareng. 4 Tapi unggal poé Sabat,+ manéhna hutbah* di tempat ibadah+ sarta ngayakinkeun urang Yahudi jeung Yunani supaya percaya.
5 Sanggeus Silas+ jeung Timotius+ datang ti Makédonia, Paulus jadi beuki sibuk ngawartakeun firman, ngabuktikeun ka urang Yahudi yén Isa téh Al-Masih.+ 6 Tapi lantaran terus dimusuhan jeung dihina, manéhna ngebutkeun bajuna+ tuluy ngomong, ”Abdi teu tanggung jawab kana naon nu bakal kaalaman ku aranjeun.+ Abdi bersih tina getih aranjeun.+ Ti ayeuna, abdi rék indit ka jalma-jalma ti bangsa séjén.”+ 7 Ti dinya* manéhna indit, terus pindah ka imahna Titius Yustus nu nyembah ka Allah. Imahna téh pagigir-gigir jeung tempat ibadah. 8 Ari Krispus,+ kapala tempat ibadah, jeung sakabéh rumah tanggana jadi percaya ka Juragan. Loba ogé urang Korintus nu ngadéngékeun warta hadé jadi percaya tuluy dibaptis. 9 Hiji peuting, Juragan ngomong ka Paulus dina titingalian, kieu cenah, ”Ulah sieun. Terus uarkeun, ulah eureun ngawawar, 10 aya urang nu nyarengan.+ Moal aya nu bakal nyerang jeung nyilakakeun manéh, sabab aya loba jalma di ieu kota nu bakal percaya ka urang.” 11 Jadi, manéhna cicing di dinya salila sataun satengah pikeun ngajarkeun firman Allah ka maranéhna.
12 Basa Galio jadi gubernur* Akhaya, urang Yahudi ngahiji ngalawan Paulus tuluy mawa manéhna ka hareupeun korsi pangadilan. 13 Ceuk maranéhna, ”Ieu jalma ngahasud jalma-jalma pikeun nyembah ka Allah ku cara nu papalingpang jeung hukum.” 14 Barang Paulus rék ngajawab, Galio kaburu ngomong ka urang Yahudi, ”Éh urang Yahudi, mun ieu téh palanggaran hukum atawa kajahatan, nya tangtu urang bakal sabar ngadéngékeun maranéh. 15 Tapi lamun ieu ngan ngaributkeun masalah kekecapan, ngaran, jeung hukum maranéh,+ nya urus wéh ku sorangan. Urang mah embung jadi hakim keur masalah siga kieu.” 16 Geus kitu, maranéhna dibubarkeun ti hareupeun korsi pangadilan. 17 Ku kituna, maranéhna néwak Sosténés,+ kapala tempat ibadah, tuluy diteunggeulan hareupeun korsi pangadilan. Tapi, ku Galio diantep da embung pipilueun.
18 Sanggeus sababaraha poé deui cicing di dinya, Paulus pamitan ka dulur-dulur, terus balayar ka Siria bareng jeung Priskila sarta Akuila. Di Kénkhréa,+ buuk manéhna dicukur pondok sabab geus nyieun ikrar. 19 Barang maranéhna nepi ka Éfésus, nu séjén mah cicing di kota, ari Paulus mah indit ka tempat ibadah sarta tukeur pikiran jeung urang Yahudi.+ 20 Maranéhna terus méménta supaya Paulus cicing leuwih lila, tapi manéhna teu daékeun 21 tuluy pamitan. Ceuk manéhna, ”Lamun dikersakeun ku Yéhuwa,* engké abdi balik deui.” Geus kitu, manéhna balayar ti Éfésus 22 tuluy nepi ka Kaisaréa. Geus kitu manéhna naék,* ngalongok sidang jamaah di ditu, terus turun ka Antiokhia.+
23 Sanggeus sababaraha waktu cicing di dinya, manéhna indit tuluy ngideran kota-kota di daérah Galatia jeung Frigia+ pikeun nguatkeun kabéh murid.+
24 Aya urang Yahudi nu ngaranna Apolos,+ nu asalna ti Aléksandria, datang ka Éfésus. Manéhna téh loba kanyaho ngeunaan Kitab Suci sarta pinter nyarita. 25 Ieu lalaki geus diajar* ngeunaan jalan Yéhuwa,* sarta sumanget pisan nyaritakeun jeung ngajarkeun bebeneran ngeunaan Isa, tapi nyahona téh ngan saukur baptisan Yahya. 26 Manéhna mulai ngajar di tempat ibadah, kacida wanina. Barang Priskila jeung Akuila+ ngadéngékeun manéhna, Apolos ku maranéhna diondang jeung dibéré katerangan nu leuwih rinci ngeunaan jalan Allah. 27 Geus kitu, manéhna hayang meuntas ka Akhaya, jadi dulur-dulur nyuratan murid-murid di ditu sangkan manéhna ditarima. Sanggeus nepi ka ditu, manéhna téh ngabantu pisan ka jalma-jalma nu jadi percaya ku lantaran welas asih Allah nu taya bandingna.* 28 Ieu téh lantaran di hareupeun jalma-jalma, manéhna sumanget pisan ngabuktikeun sajéntré-jéntréna yén urang Yahudi téh salah. Manéhna nunjukkeun tina Kitab Suci yén Isa téh Al-Masih.+