Kisah Para Rasul
19 Basa Apolos di Korintus kénéh, Paulus indit liwat daérah-daérah nu jauh ti laut jeung nepi di Éfésus. Di dinya, manéhna panggih jeung sababaraha murid 2 jeung nanya ka maranéhna, ”Basa mimiti jadi percaya, narima kawasa suci teu?” Dijawabna, ”Kakara ngadéngé aya kawasa suci.” 3 Tuluy manéhna nanya deui, ”Jadi harita maranéh dibaptis ku baptisan naon atuh?” Dijawab deui, ”Baptisan Yahya.” 4 Ceuk Paulus, ”Baptisan Yahya mah pikeun nandakeun maranéh geus tobat, jeung manéhna ngabéjaan jalma-jalma supaya percaya ka nu bakal datang sanggeus manéhna, nyaéta Isa.” 5 Ngadéngé kitu, maranéhna dibaptis ku ngaran Juragan Isa. 6 Barang ku Paulus ditumpangan leungeun, maranéhna narima kawasa suci. Ku kituna, maranéhna jadi bisa ngomong basa asing jeung bisa ngaramal.* 7 Kabéhanana téh kira-kira 12 priya.
8 Salila tilu bulan, Paulus ngajar di tempat ibadah kacida wanina bari nepikeun hutbah jeung ngayakinkeun jalma-jalma ngeunaan Pamaréntahan Allah. 9 Tapi aya nu baredegong* embungeun percaya, malahan ngagogoréng Jalan Juragan di hareupeun jalma-jalma. Jadi Paulus indit jeung misahkeun murid-murid ti maranéhna. Unggal poé, Paulus hutbah di rohangan gedé sakola Tiranus. 10 Kitu baé saterusna nepi ka dua taun. Ku kituna, kabéh penduduk di Propinsi Asia ngadéngé firman Gusti,* boh urang Yahudi boh urang Yunani.
11 Allah terus ngagunakeun Paulus pikeun nyieun mujijat-mujijat nu luar biasa. 12 Malah lamun saputangan jeung baju urut Paulus dibawa ka nu gering, panyakitna leungit, roh-roh jahat gé nyaringkah. 13 Tapi, sababaraha urang Yahudi nu sok ngider ngusiran roh-roh jahat ogé nyoba-nyoba maké ngaran Juragan Isa. Ceuk maranéhna, ”Demi ngaran Isa, urang nitah, kaluar manéh.” 14 Aya tujuhan nu osok ngalakukeun éta ogé, nyaéta anak-anakna imam kapala urang Yahudi nu ngaranna Skéwa. 15 Tapi dijawab ku roh jahat, ”Aing ka Isa wawuh, ka Paulus wawuh, ari sia saha?” 16 Jleng jelema nu kasurupan éta ngagabrug maranéhna, hiji-hiji dikekeyek nepi ka aréléh kabéh. Maranéhna lalumpatan kaluar ti imah éta bari taranjang jaba awakna raruksak. 17 Kabéh nyahoeun kana kajadian ieu, boh urang Yahudi boh urang Yunani nu cicing di Éfésus. Maranéhna jadi sarieuneun, jeung ngaran Juragan Isa beuki diagungkeun. 18 Loba jalma nu geus jadi percaya daratang pikeun ngaku jeung ngabolékérkeun lalampahan maranéhna nu goréng. 19 Malahan, loba ogé nu baheulana tukang sihir mawaan buku-bukuna tuluy diduruk di hareupeun jalma-jalma. Mun diitung-itung jumlahna téh 50.000 duit pérak. 20 Jadi sacara luar biasa, firman Yéhuwa beuki nyebar jeung gedé kawasana.
21 Sanggeus kabéh kajadian ieu, Paulus mutuskeun rék ka Makédonia jeung Akhaya, terus ka Yérusalém. Ceuk manéhna, ”Ti dinya, urang gé kudu ka Roma.” 22 Jadi, manéhna ngutus ka Makédonia dua babaturanana nu osok ngaladénan manéhna, nyaéta Timotius jeung Érastus. Ari manéhna mah keur sababaraha waktu tetep di Propinsi Asia.
23 Harita, ger aya huru-hara gedé sual Jalan Juragan. 24 Aya tukang pérak nu ngaranna Démétrius. Manéhna osok nyieun kukuilan pérak keur Déwi Artémis. Usahana kacida nguntungkeunana ka tukang-tukang pérak séjénna. 25 Maranéhna jeung tukang-tukang séjénna dikumpulkeun, terus manéhna ngomong kieu, ”Lur, maranéh apal pan urang bisa makmur téh lantaran usaha ieu. 26 Tapi maranéh nyaksian jeung ngadéngé sorangan pan, teu ngan di Éfésus tapi di ampir sakuliah Propinsi Asia, si Paulus ngahasud loba jalma supaya percaya kana omonganana, yén allah jieunan leungeun jalma téh sabenerna lain allah. 27 Ieu téh bahaya, lantaran salian ti usaha urang bakal digogoréng, ieu ogé ngarendahkeun kuil Déwi Artémis nu agung. Déwi nu disembah ku jalma-jalma di sakuliah Propinsi Asia jeung sakuliah dunya moal diagung-agung deui.” 28 Ngadéngé kitu, jalma-jalma kacida ambekna, ger baé tinggorowok, ”Hirup Déwi Artémis, pupujaan urang Éfésus!”
29 Ku kituna timbul huru-hara di sakuliah kota. Maranéhna kabéh ngabrul arasup ka stadion bari nyéréd Gayus jeung Aristarkhus nu asalna ti Makédonia, batur saperjalanan Paulus. 30 Tadina mah Paulus rék asup nyampeurkeun jalma-jalma, tapi dihalangan ku murid-murid. 31 Malah aya sababaraha pangurus parayaan jeung pertandingan nu bageur ngirim pesen ka manéhna ngarah teu ngabahayakeun diri asup ka stadion. 32 Jalma-jalma nu ngarumpul téh raribut teu puguh, ceuk ieu kieu, ceuk itu kitu, sabab lolobana mah teu nyaho naon tujuanana datang ka dinya. 33 Jadi Aléksander disurung-surung ku urang Yahudi, jeung dititah ngomong ku jalma réa. Manéhna pepeta ku leungeunna ménta supaya jarempé, tadina mah rék ngajelaskeun. 34 Barang nyarahoeun manéhna téh urang Yahudi, maranéhna kabéh tinggorowok babarengan, ”Hirup Déwi Artémis, pupujaan urang Éfésus!” Kitu baé terus nepi ka kira-kira dua jam.
35 Ahirna jalma réa beunang dirépéhkeun ku wali kota. Manéhna ngomong, ”Urang Éfésus, saha nu teu nyaho kota urang Éfésus téh nu ngajaga kuil Artémis nu agung jeung patungna nu ragrag ti langit? 36 Euweuh nu bisa ngabantah hal ieu, ku kituna tenang, ulah gagabah. 37 Jalma-jalma nu dibawa ku maranéh téh teu ngarampog kuil, teu ngagogoréng déwi urang ogé. 38 Jadi upama Démétrius jeung tukang-tukang pérak boga masalah jeung saurang jalma, pan aya poé-poé pangadilan jeung para gubernur,* keun wéh maranéhna sina silih dakwa di dinya. 39 Tapi lamun maranéh boga kahayang séjén, éta kudu diputuskeun dina rapat umum anu resmi. 40 Urang kikieuan poé ieu téh bahaya, urang bisa dituduh barontak, sabab urang teu boga alesan nu bener jang nerangkeun ku naon aya huru-hara ieu.” 41 Sanggeus ngomong kitu, jalma réa téh dibubarkeun.