Kisah Para Rasul
23 Bari neuteup para anggota Sanhédrin, Paulus ngomong, ”Dulur-dulur, ceuk haté sanubari kuring mah kuring teu pernah nyieun salah di hareupeun Allah nepi ka ayeuna.” 2 Ngadéngé kitu, Imam Agung Ananias nitah nu narangtung di deukeut Paulus supaya nyabok biwirna. 3 Paulus ngomong ka manéhna, ”Éh, jalma munapék,* manéh bakal dicabok ku Allah! Ongkoh rék ngahakiman kuring ku Torét, naha bet nitah kuring dicabok, apan éta téh ngalanggar Torét?” 4 Nu narangtung di deukeut Paulus ngomong, ”Manéh téh ngahina imam agung Allah?” 5 Paulus némbalan, ”Dulur-dulur, kuring teu apal anjeunna téh imam agung. Pan aya ayat nu nyebutkeun, ’Ulah ngahina ka pamingpin bangsa.’”
6 Paulus merhatikeun yén sawaréh anggota Sanhédrin téh urang Saduki jeung sawaréhna deui urang Farisi. Jadi manéhna ngomong kieu ka maranéhna, ”Dulur-dulur, kuring téh urang Farisi, turunan Farisi. Kuring ayeuna dihakiman téh pédah percaya nu maot bakal dihirupkeun deui.” 7 Balukar tina omonganana ieu, urang Farisi jadi cékcok jeung urang Saduki. Kumpulan éta jadi papecah. 8 Ieu téh lantaran urang Saduki teu percaya nu maot bakal dihirupkeun deui. Maranéhna gé teu percaya ayana malaikat atawa mahluk roh. Ari urang Farisi mah percaya* éta kabéh. 9 Jadi maranéhna raribut, tuluy sababaraha ahli Torét ti golongan Farisi narangtung jeung ngomong kieu bari émosi, ”Ceuk urang mah jelema ieu teu salah, meureun aya mahluk roh atawa malaikat nu ngomong ka manéhna.” 10 Basa cékcokna beuki gedé, komandan pasukan sieun Paulus dipaéhan ku maranéhna. Jadi komandan éta maréntahkeun para prajuritna tarurun ngabedol Paulus ti tengah-tengah maranéhna, tuluy dibawa ka markas prajurit.
11 Tapi peuting isukna, Juragan némbongan ka Paulus tuluy ngomong, ”Ulah sieun! Sakumaha manéh geus méré kasaksian nu jéntré ngeunaan urang di Yérusalém, manéh gé kudu méré kasaksian di Roma.”
12 Isukna, urang Yahudi sakongkol jeung nyieun sumpah moal waka dahar atawa nginum saacan maéhan Paulus. 13 Nu sakongkol jeung nyieun sumpah téh aya leuwih ti 40 lalaki. 14 Maranéhna indit ka imam-imam kapala jeung para pamingpin, ngomong kieu, ”Urang kabéh geus kabeungkeut ku sumpah moal waka dahar nanaon saacan maéhan Paulus. 15 Ayeuna mah kieu, aranjeun jeung anggota Sanhédrin ngomong ka komandan pasukan supaya Paulus dibawa ka aranjeun, api-apina rék mariksa perkarana leuwih taliti. Saacan manéhna nepi, urang kabéh geus siap maéhan manéhna.”
16 Tapi, rencana maranéhna rék nyegat Paulus téh kadéngéeun ku alona Paulus. Jadi manéhna datang ka markas prajurit jeung ngalaporkeun hal éta ka Paulus. 17 Ku kituna, Paulus ngageroan saurang perwira tuluy ngomong, ”Bawa budak ngora ieu ka komandan pasukan, aya nu rék dilaporkeun ku manéhna.” 18 Jadi, perwira éta mawa manéhna ka komandan pasukan tuluy ngomong, ”Tahanan nu ngaranna Paulus ngageroan abdi ménta budak ieu dibawa ka Bapa, lantaran aya nu rék diomongkeun ku manéhna.” 19 Budak téh leungeunna dicekel ku komandan tuluy dibawa misah. Manéhna nanya, ”Manéh rék ngalaporkeun naon?” 20 Ceuk budak éta, ”Urang Yahudi geus mupakat rék ménta ka Bapa supaya isukan Paulus dibawa ka Sanhédrin. Maranéhna api-api rék mariksa perkarana leuwih taliti. 21 Tapi ulah dipercaya, sabab aya leuwih ti 40 lalaki rék nyegat manéhna. Maranéhna geus nyieun sumpah moal waka dahar atawa nginum saacan maéhan manéhna. Ayeuna gé maranéhna geus siap, ngadagoan Bapa nyatujuan paménta maranéhna.” 22 Geus kitu budak éta ku komandan dititah balik sanggeus diomat-omat, ”Kadé, ulah bébéja ka sasaha manéh geus ngalaporkeun ieu.”
23 Terus, manéhna ngageroan dua perwirana jeung ngomong, ”Siapkeun prajurit 200 urang, pasukan kuda 70 urang, jeung pasukan tumbak 200 urang pikeun indit ka Kaisaréa jam salapan peuting.* 24 Sadiakeun ogé kuda-kuda keur Paulus supaya manéhna bisa salamet nepi ka Gubernur Féliks.” 25 Geus kitu, manéhna nulis surat nu eusina kieu,
26 ”Kahatur Anu Mulya, Gubernur Féliks, ti Klaudius Lisias: Salam! 27 Jalma ieu ditéwak ku urang Yahudi jeung ampir-ampiran dipaéhan ku maranéhna. Tapi abdi jeung para prajurit abdi gancang nyalametkeun manéhna lantaran aya béja manéhna téh warga Romawi. 28 Supaya bisa nyaho sabab-musababna manéhna dituduh, ku abdi manéhna dibawa ka Sanhédrin. 29 Ari pék nu dimasalahkeun téh Hukum maranéhna, lainna kasalahan nu nyababkeun manéhna pantes dihukum pati atawa dipanjara. 30 Tapi abdi meunang laporan, aya nu ngarencanakeun rék maéhan jalma ieu. Ku kituna abdi langsung ngirim manéhna ka Bapa jeung nitah jalma-jalma nu nuduh manéhna supaya ngomong langsung di hareupeun Bapa.”
31 Jadi sakumaha nu geus diparéntahkeun, para prajurit mawa Paulus ka kota Antipatris peuting-peuting. 32 Isukna, pasukan kuda neruskeun perjalanan bareng jeung Paulus, ari prajurit sésana mah baralik ka markas prajurit. 33 Sadatangna ka Kaisaréa, pasukan kuda nepikeun surat ka gubernur jeung nyerahkeun Paulus ka manéhna. 34 Gubernur maca surat éta jeung nanyakeun Paulus téh asalna ti propinsi mana. Sanggeus nyaho Paulus téh ti Kilikia, 35 manéhna ngomong, ”Urang bakal bener-bener mariksa perkara manéh waktu jalma-jalma nu nuduh manéh datang.” Geus kitu manéhna nitah supaya Paulus ditahan di istana Hérodés.