Kisah Para Rasul
5 Aya lalaki nu ngaranna Ananias, pamajikanana téh Safira. Manéhna ngajual tanahna. 2 Duit beubeunanganana disumputkeun sawaréh keur sorangan, pamajikanana gé nyahoeun. Ari nu sawaréhna deui dibawa jeung diserahkeun ka para rasul.+ 3 Tapi ceuk Pétrus, ”Ananias, ku naon manéh kapangaruhan ku Sétan nepi ka wani ngabohong+ ka kawasa suci+ sarta nyumputkeun sawaréh duit hasil ngajual tanah? 4 Lamun teu dijual pan tanahna milik manéh kénéh. Sanggeus dijual gé duitna pan hak manéh rék dikumahakeun. Ku naon bet kapikir ku manéh ngalampahkeun nu jahat siga kieu? Manéh téh ngabohong lain ka manusa, tapi ka Allah.” 5 Barang ngadéngé kitu, bluk Ananias tibeubeut tuluy paéh. Kabéh nu ngadéngé éta kajadian jadi sarieuneun pisan. 6 Geus kitu ku barudak ngora, manéhna dibulen ku kaén, digotong, tuluy dikuburkeun.
7 Kira-kira tilu jam sanggeusna, pamajikanana datang bari teu nyahoeun naon nu kakara kajadian. 8 Pétrus nanya ka manéhna, ”Cik, bener teu maranéh duaan ngajual tanah sakieu hargana?” Ceuk manéhna, ”Bener, sakitu.” 9 Jadi ceuk Pétrus, ”Ku naon maranéh duaan bet sakongkol ngadoja kawasa suci Yéhuwa?* Tuh di lawang, jalma-jalma nu bieu nguburkeun salaki manéh ayeuna rék ngagotong manéh ogé.” 10 Harita kénéh, bluk manéhna tibeubeut tuluy paéh. Barudak ngora téa arasup jeung ningali manéhna téh geus paéh, jadi ku maranéhna digotong tuluy dikuburkeun gigireun salakina. 11 Ku kituna, sidang jamaah jeung kabéh nu ngadéngé ieu kajadian téh jadi sarieuneun pisan.
12 Para rasul terus nyieun loba tanda jeung mujijat di antara jalma-jalma.+ Maranéhna kabéh osok kumpul di Lorong Sulaéman.+ 13 Mémang jalma-jalma séjén teu wanieun ngagabung jeung maranéhna, tapi éta jalma-jalma muji-muji maranéhna. 14 Salian ti éta, aya loba pisan lalaki jeung awéwé nu jadi percaya ka Juragan.+ 15 Jalma-jalma mawa nu garering ka jalan-jalan gedé terus digolérkeun dina balé-balé atawa samak, maksudna supaya keuna ku kalangkangna* Pétrus lamun manéhna ngaliwat.+ 16 Loba jalma ti kota-kota sakurilingeun Yérusalém gé terus daratang marawa nu garering sarta nu kasurupan ku roh jahat, kabéh dicalageurkeun.
17 Tapi, imam agung jeung jalma-jalma nu ngadukungna ti golongan Saduki narangtung. Maranéhna téh kacida sirikna. 18 Para rasul ditéwak jeung diasupkeun ka panjara ku maranéhna.+ 19 Tapi peutingna, malaikat Yéhuwa* muka panto-panto panjara,+ mawa maranéhna kaluar tuluy ngomong, 20 ”Jung indit ka bait, caritakeun warta hadé ngeunaan kahirupan dina mangsa ka hareup.” 21 Sanggeus ngadéngé kitu, isuk-isuk maranéhna indit ka bait tuluy ngajar di dinya.
Harita, imam agung jeung jalma-jalma nu ngadukungna ngumpulkeun sakabéh anggota Sanhédrin jeung sakabéh kokolot bangsa Israél. Maranéhna nitah tukang-tukang jaga indit ka panjara sina mawa para rasul ka hareupeun maranéhna. 22 Waktu tukang-tukang jaga nepi ka panjara, ari pék téh para rasul geus euweuh. Jadi, maranéhna balik jeung méré laporan kieu, 23 ”Panjarana aman, dikonci kénéh, nu ngajagana gé narangtung hareupeun panto, tapi barang dibuka, euweuh sasaha di jerona.” 24 Waktu kapala tukang jaga bait jeung imam-imam kapala ngadéngé ieu laporan, maranéhna bingung, engké bakal aya kajadian naon deui. 25 Tapi, aya nu datang ngalapor kieu, ”Jalma-jalma nu dipanjarakeun ku aranjeun téh ayeuna aya di bait keur ngajar jalma-jalma.” 26 Kapala tukang jaga jeung anak buahna mawa para rasul, tapi teu dikasaran da sieun dibalédogan ku jalma-jalma.+
27 Maranéhna dibawa jeung dititah nangtung hareupeun Sanhédrin. Imam agung tatanya ka maranéhna 28 tuluy ngomong, ”Maranéh geus dilarang keras teu meunang ngajar mamawa ngaran éta jalma,+ tapi angger wéh maranéh minuhan Yérusalém ku pangajaran maranéh, malah hayang nyalahkeun urang-urang ku paéhna éta jalma!”+ 29 Pétrus jeung rasul-rasul némbalan, ”Abdi sadaya kedah langkung taat ka Allah salaku pangawasa tibatan ka manusa.+ 30 Allah karuhun urang saréréa tos ngahirupkeun deui Isa nu dipaéhan ku aranjeun, dipaku* dina tihang.*+ 31 Allah ngajungjung anjeunna di katuhueuna-Na+ sareng ngajadikeun anjeunna Pamingpin Utama+ sarta Jurusalamet,+ supaya urang Israél tarobat sareng dihampura dosa-dosana.+ 32 Abdi sadaya téh saksina.+ Abdi sadaya gé dibantuan ku kawasa suci+ pikeun masihan katerangan ngeunaan hal-hal ieu. Ieu kawasa dipasihkeun ku Allah ka jalma-jalma nu taat ka Anjeunna salaku pangawasa.”
33 Ngadéngé kitu, maranéhna kacida ambekna jeung hayang maéhan para rasul. 34 Tapi, urang Farisi nu ngaranna Gamaliél+ nangtung hareupeun Sanhédrin. Manéhna téh guru Torét nu dihormat ku kabéh jalma. Manéhna nitah para rasul sina kaluar heula sakeudeung, 35 tuluy manéhna ngomong, ”Sadérék-sadérék urang Israél, ulah gagabah mutus perkara éta jalma-jalma. 36 Baheula aya jalma nu ngaranna Téudas, nu ngaku-ngaku jalma hébat. Nu ngagabung jeung manéhna téh kira-kira aya 400 urang. Tapi manéhna dipaéhan, tuluy para panganutna paburencay, teu aya deui. 37 Geus kitu waktu sénsus penduduk, aya Yudas urang Galiléa. Loba jalma naluturkeun manéhna. Ieu jalma gé ngaleungit, para panganutna paburencay. 38 Jadi ningali kaayaan ayeuna, ceuk kuring mah ulah pipilueun kana urusan ieu jalma-jalma, keun baé antepkeun. Sabab lamun ieu rencana atawa pagawéan manusa, tangtu gagal. 39 Tapi lamun ieu ti Allah, moal bisa digagalkeun ku aranjeun.+ Bisa waé aranjeun kalah ka ngalawan ka Allah.”+ 40 Ieu saran ku maranéhna ditarima. Jadi para rasul digeroan, dipecutan,*+ jeung dititah ulah nyarita deui mamawa nami Isa, tuluy dibébaskeun.
41 Ku kituna, para rasul indit ti hareupeun Sanhédrin bari bungah,+ lantaran dianggap layak ku Allah pikeun dihina demi nami Isa. 42 Saban poé, di bait jeung ti imah ka imah,+ maranéhna teu eureun-eureun ngajar jeung nguarkeun warta hadé ngeunaan Isa, jalma nu dipilih ku Allah.+