Kisah Para Rasul
9 Saul masih kénéh ngancam jeung napsu pisan hayang maéhan murid-murid Juragan.+ Manéhna indit manggihan imam agung, 2 ménta surat pikeun ditepikeun ka tempat-tempat ibadah di Damaskus, supaya bisa néwak saha waé, boh lalaki boh awéwé, nu nganut Jalan Juragan,+ terus rék dibawa ka Yérusalém.
3 Waktu keur di jalan téréh nepi ka Damaskus, ujug-ujug aya cahaya ti langit nyorot ka sakuriling manéhna+ 4 nepi ka manéhna labuh. Tuluy aya sora nu ngomong ka manéhna, ”Saul, Saul, ku naon manéh nganiaya urang?” 5 Manéhna nanya, ”Juragan téh saha?” Ceuk éta sora, ”Urang téh Isa+ nu dikaniaya ku manéh.+ 6 Jung geura indit ka kota, engké dibéjaan kudu kumaha.” 7 Ari jalma-jalma nu indit bareng jeung manéhna ngajaranteng tingharuleng. Maranéhna ngadéngé aya sora tapi teu ningali sasaha.+ 8 Tuluy Saul nangtung, ari pék téh manéhna teu bisa ningali nanaon padahal panonna beunta. Jadi, manéhna ditungtun asup ka Damaskus. 9 Salila tilu poé, manéhna teu bisa ningali,+ manéhna gé teu dahar teu nginum.
10 Di Damaskus, aya hiji murid nu ngaranna Ananias.+ Dina titingalian, Juragan ngageroan manéhna, ”Ananias!” Dijawab, ”Kulan, Juragan?” 11 Tuluy Juragan ngomong, ”Geura indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, panggihan jalma nu ngaranna Saul ti Tarsus.+ Ayeuna, manéhna keur ngadoa. 12 Dina titingalian, manéhna ningali hiji jalma nu ngaranna Ananias datang numpangkeun leungeun supaya manéhna bisa ningali deui.”+ 13 Tapi dijawab ku Ananias, ”Juragan, abdi tos ngadangu seueur wartos ngeunaan ieu jalma sareng ngeunaan sagala kajahatan manéhna ka jalma-jalma suci* di Yérusalém. 14 Manéhna ka dieu gé lantaran dipasihan wewenang ku imam-imam kapala pikeun néwakan saha waé nu percaya ka nami Juragan.”+ 15 Tapi ceuk Juragan, ”Jung indit wéh, sabab manéhna téh geus dipilih ku urang+ pikeun nguarkeun ngaran urang ka bangsa-bangsa,+ kitu ogé ka raja-raja jeung urang Israél.+ 16 Urang rék méré nyaho sagala kasangsaraan nu kudu kaalaman ku manéhna lantaran nguarkeun ngaran urang.”+
17 Jadi, Ananias indit tuluy asup ka éta imah sarta numpangkeun leungeun ka Saul terus ngomong kieu, ”Saul dulur abdi, Juragan Isa, nu némbongan ka anjeun waktu anjeun nuju di jalan badé ka dieu, ngutus abdi supaya anjeun tiasa ningali deui sarta pinuh ku kawasa suci.”+ 18 Harita kénéh, aya nu coplok tina panon Saul siga sisit lauk. Bray manéhna bisa nempo deui. Manéhna cengkat tuluy dibaptis. 19 Sanggeus dahar, manéhna jagjag deui.
Salila sababaraha poé, manéhna matuh jeung murid-murid di Damaskus.+ 20 Ti dinya, manéhna langsung ngawawar ka tempat-tempat ibadah, nerangkeun yén Isa téh Putra Allah. 21 Tapi, kabéh nu ngadéngékeun manéhna rareuwaseun jeung pada ngomong, ”Lain manéhna téh nu nganiaya jalma-jalma di Yérusalém nu percaya ka ngaran Isa téa?+ Lain ka dieu téh rék néwakan murid-murid Isa pikeun diserahkeun ka imam-imam kapala?”+ 22 Saul jadi beuki tarampil jeung bisa méré bukti-bukti nu ngayakinkeun pisan yén Isa téh Al-Masih, nepi ka urang Yahudi nu aya di Damaskus teu bisa ngabantah deui.+
23 Sanggeus sababaraha lila, urang Yahudi sakongkol rék maéhan manéhna.+ 24 Beurang peuting, maranéhna ngajaga gerbang-gerbang kota supaya bisa maéhan Saul. Tapi, éta rencana téh kanyahoan ku Saul. 25 Jadi ti peuting, Saul diloloskeun ku murid-muridna ku cara diulur dina karanjang liwat jandéla di témbok kota.+
26 Sanggeus nepi ka Yérusalém,+ manéhna ngupayakeun supaya bisa ngumpul jeung murid-murid, tapi kabéhanana sarieuneun lantaran teu percaya manéhna geus jadi murid Isa. 27 Jadi, ku Barnabas+ dibantuan jeung dibawa ka para rasul. Barnabas nyaritakeun rincianana kumaha Saul ningali Juragan+ di jalan, naon omongan Juragan ka manéhna, jeung kumaha manéhna wani ngawawar mawa nami Isa di Damaskus.+ 28 Jadi, Saul matuh di dinya bareng jeung maranéhna. Manéhna gé laluasa ngider di Yérusalém sarta wani ngawawar mawa nami Juragan. 29 Manéhna ngobrol sarta débat jeung urang Yahudi nu ngomong basa Yunani, tapi ku maranéhna kalah ka diarah rék dipaéhan.+ 30 Basa dulur-dulur nyahoeun hal ieu, Saul dibawa ku maranéhna ka Kaisaréa, ti dinya terus ka Tarsus.+
31 Ti harita, kaayaan sidang jamaah di sakuliah Yudéa, Galiléa, jeung Samaria+ jadi tengtrem sarta beuki kuat. Jumlah murid gé terus nambahan lantaran maranéhna hormat* ka Yéhuwa* sarta ditegerkeun ku kawasa suci.+
32 Basa Pétrus nguriling ka sakuliah daérah, manéhna gé nganjang ka jalma-jalma suci nu aya di Lida.+ 33 Di dinya, manéhna panggih jeung jalma lumpuh nu ngaranna Énéas, nu geus dalapan taun ngagolér baé dina kasur. 34 Pétrus ngomong ka manéhna, ”Énéas, Isa Al-Masih nyageurkeun anjeun.+ Sok hudang, bérésan kasur anjeun.”+ Harita kénéh, manéhna hudang. 35 Basa kabéh nu cicing di Lida jeung Padataran Syaron ningali naon nu kaalaman ku Énéas, maranéhna jadi murid Juragan.
36 Di Yopa, aya murid nu ngaranna Tabita, lamun ditarjamahkeun hartina téh ”Dorkas”.* Manéhna loba nyieun kahadéan jeung resep méré sidekah. 37 Tapi harita, manéhna gering tuluy maot. Sanggeus dimandian, jasadna digolérkeun di kamar loténg. 38 Yopa téh deukeut Lida, jadi waktu murid-murid ngadéngé Pétrus aya di Lida, maranéhna ngutus dua jalma pikeun ngajurung manéhna, ”Énggal sumping ka dieu.” 39 Ku kituna, Pétrus indit bareng jeung maranéhna. Sanggeus nepi, manéhna dibawa ka kamar loténg, tuluy kabéh randa manggihan manéhna. Bari careurik, maranéhna némbongkeun loba pakéan jeung jubah nu dijieun ku Dorkas basa manéhna hirup kénéh. 40 Geus kitu, Pétrus nitah kabéh jalma kaluar,+ bruk manéhna sideku jeung ngadoa. Bari nyanghareup ka jasadna, manéhna ngomong, ”Tabita, geura hudang!” Dorkas beunta, rét manéhna ningali Pétrus tuluy diuk.+ 41 Ku Pétrus leungeunna dicekel jeung dibantuan nangtung. Tuluy, Pétrus ngageroan jalma-jalma suci jeung randa-randa pikeun manggihan Dorkas nu geus hirup deui.+ 42 Béja ngeunaan ieu kajadian nyebar ka sakuliah Yopa. Loba jalma jadi percaya ka Juragan.+ 43 Pétrus cicing sababaraha poé di Yopa di imahna Simon, tukang nyieunan bahan tina kulit.+