Surat keur Sidang Jamaah di Roma
3 Mun kitu, naon atuh untungna jadi urang Yahudi? Naon untungna disunat? 2 Nya, aya loba pisan. Pangpangna mah kekecapan suci ti Allah téh dipercayakeun ka maranéhna.+ 3 Tapi, kumaha lamun aya urang Yahudi nu teu boga iman? Na éta téh hartina Allah teu bisa dipercaya? 4 Nya henteu atuh! Najan kabéh jalma bohong,+ Allah mah tetep bener,+ sakumaha nu ditulis dina ieu ayat, ”Ucapan Gusti mah pasti bener. Lamun diadilan, Gusti tangtu unggul.”+ 5 Tapi lamun kasalahan urang kabéh malah nunjukkeun yén Allah téh bener, na éta hartina Allah téh teu adil lamun ngahukum urang? (Éta nu dipikirkeun ku sababaraha jalma.) 6 Henteu, lain kitu! Lamun Allah teu adil, kumaha rék ngahakiman dunya?+
7 Saupama kuring ngabohong, terus éta malah nunjukkeun Allah téh bener sarta ngalantarankeun Anjeunna dimulyakeun, ku naon kuring bet dianggap jalma dosa? 8 Ku naon atuh teu ngomong kieu sakalian, ”Hayu urang nyieun kagoréngan ngarah ngahasilkeun kahadéan”? Mémang aya nu nuduh abdi sadaya ngomong siga kitu. Tah, justru nu kawas kitu nu pantes dihukum téh.+
9 Jadi, urang kabéh sabagé urang Yahudi téh leuwih unggul, kitu? Nya tangtu henteu! Pan ku kuring geus disebutkeun, boh urang Yahudi boh urang Yunani, kabéh dikawasaan ku dosa.+ 10 Sakumaha nu disebutkeun dina Kitab Suci, ”Saurang gé euweuh nu bener,+ 11 euweuh nu boga pangarti, euweuh nu néangan Allah. 12 Kabéh jalma geus nyimpang, kabéhanana euweuh gunana, euweuh jalma anu hadé haté hiji-hiji acan.”+ 13 ”Bahamna lir kuburan nu molongo, létahna sok dipaké nipu.”+ ”Omongan maranéhna téh pibahayaeun kawas peurah oray.”+ 14 ”Sungutna teterusan dipaké keur ngutuk jeung ambek-ambekan.”+ 15 ”Maranéhna lumpat ngaberetek, hayang ngucurkeun getih jalma.”+ 16 ”Tindakanana nyusahkeun jeung nyangsarakeun. 17 Maranéhna teu ngartieun jalan karukunan.”+ 18 ”Maranéhna teu boga kasieun ka Allah.”+
19 Urang kabéh nyaho yén sagala nu disebutkeun dina Torét téh ditulis keur jalma-jalma nu nuturkeun Torét. Ku kituna, euweuh nu bisa ngomong teu boga dosa, sarta saalam dunya pantes dihukum ku Allah.+ 20 Jadi di payuneun Allah, euweuh saurang-urang acan nu dianggap jalma bener ku lantaran ngajalankeun hukum.+ Justru ku lantaran hukum, urang kabéh jadi leuwih ngarti naon dosa téh.+
21 Ayeuna jelas, sakumaha nu geus disebutkeun dina Torét jeung Kitab Para Nabi,+ jalma téh bisa dianggap bener ku Allah sanajan teu ngajalankeun hukum.+ 22 Jadi, nu dianggap jalma bener ku Allah téh nyaéta kabéh jalma nu boga iman ka Isa Al-Masih. Allah mah henteu ngabéda-béda,+ 23 sabab kabéh jalma geus dosa jeung teu bisa ngahontal kamulyaan Allah.+ 24 Tapi, Allah ngabébaskeun maranéhna ku jalan tebusan nu dibayarkeun ku Isa Al-Masih.+ Ku kituna, maranéhna bisa dianggap jalma bener. Ieu téh kurnia+ ti Allah nu dibikeun ku lantaran welas asih-Na nu taya bandingna.*+ 25 Allah ngorbankeun Al-Masih téh supaya manusa nu boga iman ka getihna Al-Masih+ bisa rukun*+ deui jeung Anjeunna. Ieu pikeun nunjukkeun yén Allah téh bener, sabab Anjeunna sabar jeung geus ngahampura dosa-dosa nu dilampahkeun dina jaman baheula. 26 Tapi, ieu ogé pikeun nunjukkeun yén dina jaman ayeuna Allah téh tetep bener,+ sarta jalma nu boga iman ka Isa téh ku Anjeunna dianggap jalma bener.+
27 Mun kitu, aya teu nu bisa diagulkeun ku urang? Henteu. Meunang teu urang agul ku lantaran ngajalankeun hukum?+ Henteu, éta téh ku sabab ayana hukum nu ngutamakeun iman. 28 Jadi urang kabéh nyaho, jalma dianggap bener téh ku lantaran iman, lain ku lantaran ngajalankeun hukum.+ 29 Anjeunna téh Allah keur urang Yahudi wungkul, kitu?+ Lain Anjeunna téh Allah keur bangsa-bangsa séjén ogé?+ Bener, keur bangsa-bangsa séjén ogé.+ 30 Allah téh ngan hiji.+ Jadi boh nu disunat+ boh nu teu disunat,+ ku Anjeunna dianggap jalma bener lamun boga iman. 31 Jadi lamun boga iman, na éta hartina urang miceun hukum? Nya henteu, justru urang ngajungjung hukum.+