Roma
4 Mun kitu, kumaha atuh jeung Ibrahim, karuhun urang saréréa? 2 Upama Ibrahim disebut jalma bener ku lantaran laku lampahna, manéhna pantes agul, tapi di hareupeun Allah mah manéhna teu bisa agul. 3 Ceuk Kitab Suci kumaha? ”Ibrahim boga iman ka Yéhuwa, ku kituna manéhna dianggap bener.” 4 Jalma nu digawé tuluy dibéré gajih, éta téh lain hartina dununganana bageur, tapi da mémang geus hakna. 5 Sabalikna, keur Allah mah saurang jalma disebut bener téh lain gumantung kana laku lampahna, tapi lantaran manéhna boga iman ka Allah. Manéhna dianggap bener sanajan boga dosa. 6 Daud gé pernah nyebutkeun bagjana jalma nu dianggap bener ku Allah lain lantaran laku lampahna. Ceuk Daud, 7 ”Bagja jalma-jalma nu kasalahanana dihampura jeung nu dosa-dosana dipupus.* 8 Bagja jalma nu dosana teu dibalitungkeun ku Yéhuwa.”
9 Jadi nu bagja téh ngan jalma nu disunat hungkul, kitu? Atawa nu teu disunat ogé? Tadi geus disebutkeun, ”Ibrahim dianggap bener lantaran imanna.” 10 Iraha manéhna dianggap bener? Sanggeus disunat atawa saacanna? Saacanna, lain sanggeusna. 11 Allah nitah manéhna disunat. Éta téh tanda* yén manéhna dianggap bener lantaran boga iman, sanajan manéhna can disunat. Ku kituna, manéhna jadi bapa keur sakabéh jalma nu dianggap bener lantaran boga iman, sanajan maranéhna teu disunat. 12 Ibrahim gé bapana jalma-jalma nu disunat. Tapi lain keur nu disunat hungkul, manéhna gé bapana jalma-jalma nu bener-bener nuturkeun tuladan imanna basa manéhna can disunat.
13 Ibrahim atawa turunanana* meunang jangji bakal ngawaris dunya téh lain ku lantaran ngajalankeun hukum, tapi ku lantaran boga iman jeung disebut jalma bener. 14 Sabab lamun nu meunang jangji éta téh jalma-jalma nu ngajalankeun hukum, cumah atuh boga iman téh. Jangji éta gé jadi euweuh hartina. 15 Sabenerna ku ayana Torét, jadi aya nu disebut ngalanggar tuluy dihukum ku* Allah. Tapi mun euweuh hukum, euweuh nu dilanggar.
16 Ku sabab kitu, kabéh turunan* Ibrahim nu boga iman narima jangji éta. Ieu téh nunjukkeun welas asih Allah nu taya bandingna.* Nu narima jangji éta teu ngan saukur nu ngajalankeun Torét, tapi ogé nu boga iman kawas Ibrahim, bapa urang saréréa. 17 Sakumaha aya ayat anu nyebutkeun, ”Manéh ku Kuring geus dijadikeun bapa keur loba bangsa.” Ibrahim némbongkeun iman ka Allah nu ngahirupkeun deui nu maot jeung nu nyebutkeun hal-hal nu can kajadian saolah-olah geus kajadian.* 18 Sanajan kacirina teu mungkin, manéhna ngarep-ngarep jeung boga iman bakal jadi bapa keur loba bangsa. Manéhna percaya kana kekecapan Allah, ”Sakitu lobana turunan* manéh engké.” 19 Mémang imanna teu beuki lemah, tapi manéhna ngarasa geus teu bisa boga budak (sabab umurna kira-kira 100 taun). Salian ti éta, Sara gé mandul. 20 Tapi ku lantaran jangji Allah, manéhna teu cangcaya atawa kurang iman. Malah, imanna ngalantarankeun manéhna jadi kuat, ngamulyakeun Allah, 21 jeung bener-bener yakin Allah sanggup ngalaksanakeun jangji-Na. 22 Ku kituna, ”manéhna dianggap bener”.
23 Kekecapan ”manéhna dianggap bener” téh lain ditulis keur manéhna hungkul, 24 tapi keur urang ogé. Urang bakal dianggap bener lantaran percaya ka Anjeunna nu geus ngahirupkeun deui Isa Juragan urang. 25 Allah ngidinan Isa dipaéhan ku lantaran dosa-dosa urang, jeung ngahirupkeun deui manéhna supaya urang disebut jalma bener.