Surat keur Sidang Jamaah di Roma
7 Dulur-dulur, kuring ngomong ka aranjeun nu terang kana hukum. Aranjeun teu terang kitu yén Torét téh jadi dunungan hiji jalma salila manéhna hirup? 2 Contona kieu, nurutkeun hukum, awéwé nu geus kawin kabeungkeut ka salakina salila salakina hirup. Tapi lamun salakina maot mah manéhna bébas tina hukum salakina.+ 3 Lamun salakina hirup kénéh tapi manéhna kawin deui jeung lalaki séjén, manéhna téh jinah.+ Tapi lamun salakina geus maot, manéhna bébas tina hukum salakina. Ku kituna, lamun manéhna kawin deui jeung lalaki séjén, éta lain jinah.+
4 Tah aranjeun gé kitu. Dulur-dulur, aranjeun téh geus teu dikawasaan deui ku* Torét ku lantaran awak Al-Masih nu dikurbankeun. Ku kituna, aranjeun bisa jadi milik Al-Masih+ nu geus dihirupkeun deui,+ sarta urang kabéh bisa ngalalayanan Allah.+ 5 Baheula, waktu urang hirup nuturkeun kahayang awak nu dosa, Torét nyingkabkeun yén éta kahayang mangaruhan urang pikeun ngalampahkeun dosa, sarta dosa téh balukarna maot.+ 6 Tapi ayeuna, urang geus teu kabeungkeut deui ku Torét,+ geus teu dikawasaan deui ku* éta hukum. Ayeuna mah urang ngalalayanan Allah ku cara nu anyar nurutkeun kawasa suci,+ lain ku cara nu heubeul nurutkeun hukum nu ditulis.+
7 Mun kitu, naon hartina? Ari Torét téh aya cacadna, kitu?* Nya henteu atuh! Justru lamun euweuh Torét mah kuring teu nyaho naon dosa téh.+ Misalna, lamun Torét teu méré nyaho, ”Ulah mikahayang milik batur,”+ kuring teu nyaho éta téh salah. 8 Tapi ku ayana éta paréntah, dosa boga kasempetan pikeun ngahudangkeun rupa-rupa kahayang dina diri kuring kana sagala milik batur. Da mun euweuh hukum mah dosa téh teu boga kawasa.+ 9 Tadina hirup kuring téh tanpa Torét. Sanggeus éta hukum datang, nu hirup téh dosa, ari kuring mah maot.+ 10 Hukum nu sakuduna nungtun kana hirup+ kalah ka nungtun kana maot. 11 Ku ayana éta hukum, dosa boga kasempetan pikeun ngagoda jeung maéhan kuring. 12 Jadi, Torét mah suci. Paréntahna gé suci, bener, jeung hadé.+
13 Mun kitu, kuring maot téh lantaran nu hadé éta, kitu? Tangtu henteu! Nu maéhan kuring mah dosa. Torét nu hadé éta jelas nunjukkeun yén nu maéhan kuring téh dosa.+ Jadi ku ayana éta hukum, katingali jelas sakumaha jahatna dosa téh.+ 14 Urang kabéh nyaho yén Torét téh asalna ti Allah, tapi kuring mah manusa teu sampurna, nu dijual jadi palayanna dosa.+ 15 Nu dilampahkeun téh lain nu dipikahayang ku kuring, tapi nu dipikaijid. Kuring teu ngarti ku naon bisa kitu. 16 Kuring mémang satuju yén Torét téh hadé, tapi angger wéh kuring ngalampahkeun naon nu teu dipikahayang. 17 Jadi nu ngalampahkeun éta téh lain kuring, tapi dosa nu aya dina diri kuring.+ 18 Kuring nyaho, dina awak kuring nu teu sampurna ieu téh euweuh nu hadé. Ari kahayang mah ngalampahkeun nu hadé, tapi kuring teu sanggup.+ 19 Nu hadé, nu dipikahayang kuring, teu dilampahkeun. Ari nu goréng, nu teu dipikahayang, ngadon dilampahkeun. 20 Jadi, lamun kuring ngalampahkeun naon nu teu dipikahayang, éta téh lain kuring nu ngalampahkeunana, tapi dosa nu aya dina diri kuring.
21 Jadi, ieu nu dirasakeun ku kuring téh: Unggal boga niat ngalampahkeun nu hadé, ngadon nu goréng nu aya dina diri téh.+ 22 Ari batin mah resep pisan kana hukum Allah,+ 23 tapi dina awak téh aya hukum séjén nu merangan hukum dina pikiran kuring.+ Éta téh hukum dosa+ nu ngajadikeun kuring tawanan. 24 Ripuh pisan kuring téh! Saha atuh nu bakal nulungan kuring tina ieu awak nu ngalantarankeun maot? 25 Nuhun ka Allah, nu nulungan kuring ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang! Jadi, pikiran kuring dikawasaan ku hukum Allah, ari awak mah dikawasaan ku hukum dosa.+