1 Korintus
8 Ayeuna, sual dahareun nu dikorbankeun ka berhala: Urang kabéh boga pangaweruh ngeunaan hal ieu. Pangaweruh ngalantarankeun gedé hulu, ari kanyaah mah nguatkeun. 2 Lamun aya nu ngarasa geus nyaho kana hiji hal, sabenerna manéhna can nyaho sagalana ngeunaan hal éta. 3 Tapi saha waé nu nyaah ka Allah, manéhna dikenal ku Anjeunna.
4 Tah, sual ngadahar dahareun nu dikorbankeun ka berhala, urang kabéh apal berhala téh euweuh hartina sama sakali, jeung Allah téh ngan hiji. 5 Mémang aya nu disebut allah, boh di sorga boh di bumi, da aya loba nu disebut ”allah” jeung ”juragan”. Sanajan kitu, 6 keur urang mah ngan aya hiji Allah, nyaéta Bapa. Sagalana téh diciptakeun ku Anjeunna, jeung urang gé hirup keur Anjeunna. Salian ti éta, ngan aya hiji Juragan, nyaéta Isa Al-Masih. Sagalana téh diciptakeun ku jalan manéhna, jeung urang gé hirup ku jalan manéhna.
7 Tapi, teu kabéh boga pangaweruh ngeunaan hal ieu. Sababaraha jalma nu baheulana nyembah berhala nganggap yén ngadahar dahareun nu dikorbankeun ka berhala téh sarua jeung nyembah berhala. Jadi, haté sanubari maranéhna nu lemah téh kaganggu.* 8 Padahal dahareun mah moal leuwih ngaraketkeun urang jeung Allah. Teu ngadahar moal rugi, ngadahar moal untung. 9 Tapi sing ati-ati, kabébasan aranjeun pikeun milih ulah nepi ka ngalantarankeun jalma nu lemah jadi pegat iman.* 10 Lamun aranjeun nu boga pangaweruh dahar di kuil berhala tuluy katempo ku jalma nu lemah, lainna haté sanubarina bakal kapangaruhan nepi ka manéhna milu ngadahar dahareun nu dikorbankeun ka berhala? 11 Tah, pangaweruh aranjeun ngaruksak jalma nu lemah éta, padahal manéhna téh dulur aranjeun, jeung Al-Masih geus maot demi manéhna. 12 Lamun aranjeun nyieun dosa siga kitu ka dulur aranjeun jeung ngaraheutan haté sanubarina nu lemah, éta sarua jeung nyieun dosa ka Al-Masih. 13 Éta sababna, lamun gara-gara dahareun dulur kuring jadi pegat iman,* kuring moal sakali-kali deui dahar daging. Ku kituna, kuring moal ngalantarankeun dulur kuring pegat iman.*