Surat keur Sidang Jamaah di Galatia
5 Al-Masih geus ngabébaskeun urang supaya urang miboga éta kamerdékaan. Ku kituna, sing pengkuh,+ ulah nepi ka diperbudak deui.*+
2 Kuring, Paulus, rék ngabéjaan yén lamun aranjeun disunat, pangorbanan Al-Masih moal aya gunana keur aranjeun.+ 3 Sakali deui, kuring ngingetan ka kabéh jalma nu rék disunat yén manéhna wajib ngajalankeun sakabéh hukum Torét.+ 4 Lamun aranjeun hayang dianggap jalma bener lantaran ngajalankeun hukum,+ aranjeun téh misahkeun diri ti Al-Masih sarta ninggalkeun welas asihna nu taya bandingna.* 5 Pan urang kabéh ngarep-ngarep bisa dianggap jalma bener téh ku lantaran kawasa suci jeung iman. 6 Keur jalma-jalma nu ngahiji jeung Isa Al-Masih, disunat atawa teu disunat téh teu penting,+ nu penting mah iman nu dihasilkeun ku kanyaah.
7 Salila ieu, naon nu dijalankeun ku aranjeun téh geus alus.+ Saha nu ngahalang-halang aranjeun nepi ka eureun nuturkeun bebeneran? 8 Nu ngayakinkeun supaya aranjeun siga kitu téh lain Allah nu milih aranjeun. 9 Ku ragi saeutik, saadonan beukah kabéh.+ 10 Kuring yakin yén aranjeun nu ngahiji jeung Juragan+ bakal sapikiran jeung kuring. Tapi, saha waé nu nyusahkeun aranjeun+ bakal narima hukuman nu satimpal. 11 Dulur-dulur, lamun kuring masih kénéh ngawartakeun ngeunaan sunat, kuring moal bakal dikaniaya, pan? Salian ti éta, moal aya nu kasinggung ku pangajaran kuring ngeunaan Isa nu maot dina tihang siksaan.*+ 12 Kuring mah hayangna téh jalma-jalma nu nyasabkeun aranjeun ngabiri dirina sorangan.*
13 Dulur-dulur, aranjeun geus dipilih pikeun dimerdékakeun. Tapi, éta kamerdékaan ulah dipaké keur ngumbar kahayang jasmani,+ sabalikna aranjeun kudu silih ladénan ku kanyaah.+ 14 Sakabéh Torét diringkeskeun jadi hiji paréntah, nyaéta: ”Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.”+ 15 Lamun aranjeun terus nganyenyeri jeung nyerang ka pada dulur,+ kadé aranjeun téh bisa silih binasakeun.+
16 Kuring rék ngabéjaan: Terus tuturkeun bingbingan kawasa suci.+ Ku kituna, aranjeun moal sakali-kali acan nuturkeun kahayang awak nu dosa,+ 17 sabab kahayang awak nu dosa patukang tonggong jeung kawasa suci, kitu deui kawasa suci patukang tonggong jeung awak nu dosa. Duanana téh silih lawan, matakna aranjeun henteu ngalampahkeun naon nu dipikahayang.+ 18 Salian ti éta, lamun aranjeun dibingbing ku kawasa suci, aranjeun teu kabeungkeut ku hukum.
19 Nu dihasilkeun ku awak nu dosa téh jelas pisan, nyaéta lampah cabul,*+ hal-hal nu najis, kalakuan nu kurang ajar,*+ 20 pamujaan berhala, hal-hal nu aya patalina jeung roh-roh jahat,*+ mumusuhan, paséa, timburu, ngumbar amarah, pagétréng, papecah, sékte-sékte, 21 sirikan, mabok-mabokan,+ pésta-pésta liar, jeung hal-hal nu sarupa kitu.+ Sakumaha saacanna, kuring ayeuna mépélingan deui ka aranjeun: Saha waé nu terus ngalampahkeun éta kabéh moal ngawaris Pamaréntahan Allah.+
22 Sabalikna, buah nu dihasilkeun ku kawasa suci mah nyaéta kanyaah, suka bungah, katengtreman, sabar, bageur, kahadéan,+ iman, 23 lemah lembut, jeung bisa nahan diri.+ Euweuh hukum nu ngalarang hal-hal nu siga kitu. 24 Salian ti éta, jalma-jalma nu jadi milik Isa Al-Masih téh geus maéhkeun* sagala napsu jeung kahayang awakna nu dosa.+
25 Lamun hirup urang dibingbing ku kawasa suci, nya kalakuan urang gé kudu terus nuturkeun bingbingan kawasa suci.+ 26 Ulah ngarasa diri hébat,+ ulah papunjul-punjul,+ jeung ulah pasirik-sirik.