Surat keur Sidang Jamaah di Galatia
6 Dulur-dulur, lamun aya nu teu sadar geus salah léngkah, aranjeun nu asak rohani perlu ngabantu manéhna barobah ku cara nu lemah lembut.+ Tapi kadé,+ bisi aranjeun gé kagoda.+ 2 Kudu silih tulungan lamun aya nu boga beban beurat,+ ku kituna aranjeun ngajalankeun hukum Al-Masih.+ 3 Anu sok ngarasa ieu aing jalma penting padahal taya naon-naonna,+ manéhna ngabobodo diri sorangan. 4 Masing-masing kudu mariksa lampahna sorangan.+ Ku kituna, manéhna bakal ngarasa bungah ku lantaran naon nu dipilampahna, lain lantaran ngabanding-bandingkeun diri jeung batur,+ 5 sabab unggal jalma bakal manggul tanggunganana* masing-masing.+
6 Salian ti éta, jalma nu meunang pangajaran ngeunaan firman Allah téh kudu babagi hal-hal nu hadé ka nu ngajarna.+
7 Ulah katipu, Allah mah teu bisa dibobodo. Naon nu dipelak, éta ogé nu bakal kaala.+ 8 Jalma nu melak lantaran hayang nuturkeun kahayang awakna nu dosa bakal ngala kabinasaan tina awakna sorangan. Tapi, jalma nu melak lantaran hayang nuturkeun bingbingan kawasa suci bakal ngala hirup langgeng tina éta kawasa.+ 9 Ku kituna, ulah nyerah ngalampahkeun nu hadé, sabab lamun urang teu nyerah, urang bakal ngala hasilna dina waktuna.+ 10 Jadi, salila aya kénéh kasempetan, hayu urang nyieun kahadéan ka saha waé, tapi utamana ka dulur saiman.
11 Ieu surat téh ditulis sorangan ku kuring. Sok tempo, sakitu baradagna aksarana.
12 Kabéh nu maksa aranjeun disunat téh hayang kapuji ku batur, supaya maranéhna teu dikaniaya ku lantaran tihang siksaan* Al-Masih. 13 Maranéhna téh, sanajan disarunatan ogé, teu ngajalankeun Torét.+ Maranéhna hayang aranjeun disunat téh supaya bisa agul lantaran geus ngayakinkeun aranjeun pikeun disunat. 14 Mugia kuring teu agul, salian ti ngagulkeun Isa Al-Masih Juragan urang+ nu maot dina tihang siksaan.* Ku lantaran maotna Isa, dunya geus maot* dina pandangan kuring, kitu ogé kuring dina pandangan dunya. 15 Nu penting mah lain disunat atawa henteu,+ tapi jadi ciptaan anyar.+ 16 Mugia kabéh nu hirupna nuturkeun ieu patokan narima katengtreman jeung welas asih. Maranéhna téh Israél milik Allah.+
17 Ti semet ayeuna, mugia euweuh nu nyusahkeun kuring, sabab dina awak kuring aya tanda yén kuring téh palayan Isa.+
18 Dulur-dulur, mugia welas asih nu taya bandingna* ti Isa Al-Masih Juragan urang nyarengan aranjeun nu sarumanget. Amin.