Surat keur Sidang Jamaah di Éfésus
2 Salian ti éta, sanajan aranjeun geus maot ku lantaran kasalahan jeung dosa, aranjeun téh hirup ku lantaran Allah.+ 2 Baheula, aranjeun nuturkeun jalan hirup ieu dunya.*+ Aranjeun ngalampahkeun naon nu dipikahayang ku pangawasa ieu dunya.+ Pikiran jalma-jalma nu teu taat téh dipangaruhan ku pangawasa ieu dunya, sarta cara pikir+ siga kitu téh nyebar ka mamana kawas udara. 3 Nya, kalakuan urang kabéh gé baheula nuturkeun kahayang awak nu dosa.+ Urang taluk ku kahayang awak jeung pikiran nu dosa.+ Ti barang lahir, urang téh anak-anak nu pantes narima amarah+ Allah siga jalma-jalma séjén. 4 Tapi, ku sabab Allah kacida welas asihna+ jeung kacida nyaahna ka urang,+ 5 Anjeunna ngahirupkeun urang pikeun ngahiji jeung Al-Masih, sanajan urang geus maot ku lantaran kasalahan urang.+ Nya ku lantaran welas asih-Na nu taya bandingna* aranjeun disalametkeun téh. 6 Salian ti éta, urang dihirupkeun deui ku Allah sarta dibéré tempat di sorga lantaran urang geus ngahiji jeung Isa Al-Masih.+ 7 Ku kituna, dina jaman* nu bakal datang, Anjeunna bakal ngalimpahkeun welas asih-Na nu taya bandingna ku cara ngalampahkeun kahadéan ka urang nu ngahiji jeung Isa Al-Masih.
8 Nya ku lantaran welas asih Allah nu taya bandingna, aranjeun nu baroga iman téh disalametkeun.+ Aranjeun salamet téh lain ku upaya sorangan, tapi ku lantaran kurnia ti Allah. 9 Aranjeun salamet téh lain hasil tina laku lampah sorangan,+ jadi euweuh nu bisa agul. 10 Urang téh hasil karya Allah. Urang diciptakeun+ pikeun ngalampahkeun hal-hal hadé lantaran geus ngahiji jeung Isa Al-Masih.+ Ti mimiti, Allah geus netepkeun sangkan éta dilampahkeun ku urang.
11 Ku kituna, sing inget yén aranjeun téh lain turunan Yahudi, sarta jalma-jalma nu ”disunat” ku manusa pernah nyebut aranjeun téh ”teu disunat”. 12 Harita, aranjeun téh teu kenal ka Al-Masih, misah ti bangsa Israél, jeung teu kaasup dina perjangjian nu dumasar kana jangji Allah.+ Di ieu dunya, aranjeun téh teu boga harepan jeung teu kenal ka Allah.+ 13 Tapi ayeuna, lantaran ngahiji jeung Isa Al-Masih, aranjeun nu tadina jauh ti Allah téh jadi raket jeung Anjeunna ku lantaran getih Al-Masih. 14 Nya, Al-Masih nu ngarukunkeun urang,+ nu ngahijikeun dua kelompok+ sarta ngaruntuhkeun témbok pamisah.+ 15 Ku cara ngorbankeun awakna, anjeunna mupus Torét jeung kabéh paréntahna nu ngalantarankeun éta dua kelompok mumusuhan. Ku kituna, maranéhna bisa jadi rukun sarta jadi hiji bangsa* anyar nu ngahiji jeung anjeunna.+ 16 Ku lantaran anjeunna maot dina tihang siksaan,*+ dua kelompok éta jadi bener-bener rukun jeung Allah sarta jadi sabadan. Ku maotna Isa, dua kelompok téh teu mumusuhan deui.+ 17 Isa datang jeung nguarkeun warta hadé ngeunaan katengtreman ka aranjeun nu jauh ti Allah sarta ka jalma-jalma nu raket jeung Anjeunna. 18 Ku jalan Isa, urang kabéh nu kaasup dua kelompok éta jadi teu asa-asa datang ka payuneun Bapa ku kawasa suci nu sarua.
19 Ku kituna, aranjeun téh geus lain urang asing ti nagri séjén,+ tapi sasama warga nagara+ bareng jeung jalma-jalma suci,* sarta aranjeun jadi anggota kulawarga Allah.+ 20 Aranjeun diadegkeun luhureun pondasi, nyaéta rasul-rasul jeung nabi-nabi.+ Ari nu jadi batu pondasi nu aya di juru téh nyaéta Isa Al-Masih.+ 21 Sakabéh wangunan nu ngahiji jeung Al-Masih, nu unggal bagianana disusun rapih,+ ngajadi bait nu suci keur Yéhuwa.*+ 22 Kitu ogé lantaran ngahiji jeung Al-Masih, aranjeun babarengan diwangun jadi pamatuhan Allah, lantaran kawasa suci aya di dinya.+