Pamindo
21 ”Lamun di tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh aya mayit di tegalan, tapi teu nyaho saha nu maéhanana, 2 para kokolot jeung hakim kudu ngukur jarak éta mayit ka kota-kota sabudeureunana. 3 Geus kitu, para kokolot ti kota nu pangdeukeutna ka tempat éta mayit kudu mawa hiji sapi ngora nu can pernah dipaké gawé jeung can pernah dipaké narik beban. 4 Tuluy, para kokolot éta kudu nungtun sapina ka lebak* nu caina ngocor, nu tanahna can pernah digarap atawa dipelakan nanaon. Di dinya, maranéhna kudu miteskeun beuheung éta sapi.
5 ”Para imam Léwi gé kudu datang ka dinya, sabab Yéhuwa Allah maranéh geus milih maranéhna pikeun ngalalayanan Anjeunna jeung pikeun ngucapkeun berkah ku nami Yéhuwa. Maranéhna nu bakal nangtukeun cara ngaréngsékeun perkara nu aya patalina jeung kakerasan. 6 Geus kitu, para kokolot ti kota nu pangdeukeutna ka tempat éta mayit kudu ngumbah leungeunna luhureun sapi nu beuheungna geus dipiteskeun di éta lebak. 7 Maranéhna kudu ngomong kieu, ’Abdi sadaya teu maéhan ieu jalma.* Abdi sadaya gé teu ningal manéhna dipaéhan. 8 Nun Yéhuwa, ulah nyalahkeun umat Gusti, Israél, nu tos disalametkeun ku Gusti. Umat Gusti ulah sina tanggung jawab ku lantaran maotna jalma nu teu salah ieu.’ Ku kituna, maranéhna moal dianggap salah ku lantaran maotna éta jalma. 9 Lamun éta dijalankeun, maranéh téh ngalampahkeun nu bener dina pandangan Yéhuwa. Maranéh leupas tina tanggung jawab kana perkara maotna éta jalma.
10 ”Lamun maranéh perang ngalawan musuh-musuh, tuluy ku Yéhuwa Allah maranéh diunggulkeun, geus kitu maranéhna dijadikeun tawanan, 11 heug di antara tawanan téh aya awéwé geulis, sarta maranéh bogoh jeung hayang ngawin manéhna, 12 éta awéwé meunang dibawa ka imah. Éta awéwé kudu ngagundulan sirahna, ngaguntingan kukuna, 13 jeung sina ngalaanan baju nu dipaké basa keur ditawan. Tuluy, manéhna bakal cicing di imah maranéh, keun antep sina nyeungceurikan indung bapana salila sabulan. Geus kitu, kakara maranéh meunang ngalakukeun hubungan séks jeung manéhna. Maranéh bakal jadi salakina, manéhna bakal jadi pamajikan maranéh. 14 Lamun maranéh geus teu bogoh deui, keun wéh manéhna sina indit ka mana karepna. Tapi, maranéh teu meunang kasar atawa ngajual manéhna, sabab maranéh geus ngarendahkeun manéhna.
15 ”Lamun aya lalaki boga dua pamajikan, tapi leuwih nyaah ka nu hiji tibatan ka nu hijina deui, heug duanana téh boga anak lalaki, tapi anu lahir ti heula téh ti pamajikan nu teu dipikanyaah, 16 engké waktu ngabagikeun warisan ka anak-anak lalakina, éta lalaki teu meunang nganggap anak ti pamajikan nu dipikanyaah téh sabagé anak cikal, tuluy mikeun hak anak cikal ka manéhna. Éta téh ngarugikeun anak ti pamajikan anu teu dipikanyaah, nyaéta anak cikal nu sabenerna. 17 Anak lalaki ti pamajikan nu teu dipikanyaah kudu diaku sabagé anak cikal. Bapana kudu méré dua bagian tina sagala pangabogana, sabab éta téh anak nu kahiji.* Hak anak cikal téh milik éta anak.
18 ”Lamun aya jalma boga anak lalaki nu bedegong, sok ngalawan, jeung teu nurut ka indung bapana, padahal geus dipapatahan ku kolotna tapi angger teu ngagugu, 19 ku indung bapana kudu dibawa ka gerbang kota, ka para kokolot. 20 Béjakeun kieu ka para kokolot, ’Ieu pun anak téh bedegong, sok barontak, jeung teu daék nurut. Keur mah rewog, beuki mabok deuih.’ 21 Geus kitu, sakabéh jalma di éta kota kudu ngabalédogan manéhna ku batu nepi ka maot. Maranéh kudu nyingkirkeun kajahatan ti antara maranéh, seug éta bakal kadéngé ku sakabéh urang Israél, tuluy maranéhna bakal sarieuneun.
22 ”Lamun aya jalma nu ngalampahkeun dosa nepi ka kudu dihukum paéh, tuluy sanggeus dipaéhan téh digantung dina tihang, 23 mayitna ulah diantep dina tihang sapeupeuting. Éta mayit kudu dikubur poé éta kénéh, sabab jalma nu digantung téh dikutuk ku Allah. Tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan téh ulah nepi ka jadi najis.