Pamindo
30 ”Lamun sakabéh omongan nu ditepikeun ku kuring geus kajadian ka maranéh, boh berkahna boh kutukna, tuluy di nagri tempat maranéh dipaburencaykeun ku Yéhuwa Allah maranéh, maranéh inget kana sakabéh hal éta, 2 seug maranéh jeung turunan maranéh ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa* baralik deui ka Yéhuwa Allah maranéh, sarta nurut kana kekecapan Anjeunna nu ditepikeun ku kuring poé ieu, 3 maranéh bakal dibawa balik deui ku Yéhuwa Allah maranéh ti tempat maranéh ditawan. Anjeunna bakal némbongkeun welas asih sarta ngumpulkeun deui maranéh ti bangsa-bangsa tempat maranéh dipaburencaykeun ku Yéhuwa Allah maranéh. 4 Sanajan maranéh paburencay nepi ka tungtung-tungtung bumi, ku Yéhuwa Allah maranéh bakal dikumpulkeun deui jeung dibawa balik. 5 Yéhuwa Allah maranéh bakal mawa maranéh ka tanah nu direbut ku karuhun maranéh, tuluy éta tanah bakal jadi milik maranéh. Maranéh ku Anjeunna bakal dijadikeun makmur jeung leuwih loba tibatan karuhun maranéh. 6 Haté maranéh jeung haté turunan maranéh ku Yéhuwa Allah maranéh bakal dibersihan,* supaya maranéh bisa nyaah ka Yéhuwa Allah maranéh ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa,* sarta supaya maranéh bisa tetep hirup. 7 Geus kitu, sakabéh kutuk éta ku Yéhuwa Allah maranéh bakal dibalikkeun ka musuh-musuh nu ngéwa jeung nganiaya maranéh.
8 ”Tuluy, maranéh bakal baralik deui ka Yéhuwa, nurut kana ucapan Anjeunna, sarta ngajalankeun sakabéh paréntah-Na nu ditepikeun ku kuring poé ieu. 9 Sagala usaha maranéh bakal diberkahan ku Yéhuwa Allah maranéh. Turunan maranéh bakal jadi loba, kitu deui jeung ingon-ingon sarta hasil tanah maranéh. Éta téh lantaran maranéh bakal dipikaresep deui ku Yéhuwa sarta dijadikeun makmur, sakumaha karuhun maranéh dipikaresep ku Anjeunna. 10 Maranéh bakal nurut kana ucapan Yéhuwa Allah maranéh sarta ngajalankeun paréntah jeung aturan nu ditulis dina buku Torét ieu. Maranéh gé bakal baralik deui ka Yéhuwa Allah maranéh ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa.*
11 ”Paréntah nu ditepikeun ku kuring poé ieu téh teu hésé kahartina ku maranéh jeung teu hésé dijalankeunana.* 12 Da lain di langit ayana, jadi maranéh teu kudu tatanya, ’Saha nu bisa naék ka langit jeung mawa éta ka dieu supaya bisa kadéngé ku urang jeung bisa dijalankeun?’ 13 Jeung lain di peuntaseun laut, jadi teu kudu tatanya, ’Saha nu bisa meuntas laut jeung mawa éta ka dieu, supaya bisa kadéngé ku urang jeung bisa dijalankeun?’ 14 Éta kekecapan téh ayana di dieu kénéh, dina biwir jeung haté maranéh, supaya bisa dijalankeun ku maranéh.
15 ”Poé ieu kuring méré dua piliheun keur maranéh, nyaéta kahirupan jeung kamakmuran atawa maot jeung cilaka. 16 Lamun maranéh nurut kana paréntah Yéhuwa Allah maranéh nu ditepikeun ku kuring poé ieu ku cara nyaah ka Yéhuwa Allah maranéh, nuturkeun jalan-Na, jeung ngajalankeun paréntah, aturan, sarta putusan hukum-Na, maranéh bakal hirup sarta bakal ngalobaan. Yéhuwa Allah maranéh gé bakal ngaberkahan maranéh di tanah nu rék direbut ku maranéh.
17 ”Tapi, lamun haté maranéh nyimpang, sarta maranéh teu nurut ka Anjeunna jeung kagoda pikeun sujud sarta ngalalayanan allah-allah séjén, 18 kuring ngingetan maranéh ayeuna yén maranéh pasti bakal musna. Maranéh moal panjang umur di tanah nu bakal direbut ku maranéh di peuntaseun Walungan Yordan. 19 Langit jeung bumi jadi saksina yén poé ieu kuring méré dua piliheun ka maranéh, kahirupan atawa maot, berkah atawa kutuk. Maranéh kudu milih kahirupan supaya maranéh jeung turunan maranéh bisa tetep hirup. 20 Ku kituna, maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa Allah maranéh, nurut kana ucapana-Na, jeung tetep satia ka Anjeunna, sabab Yéhuwa téh nu méré kahirupan jeung umur panjang ka maranéh di tanah nu dijangjikeun ku Anjeunna ka karuhun maranéh, nyaéta ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.”