Pamindo
33 Ieu berkah nu diucapkeun ku Musa, hamba ti Allah nu sajati, ka urang Israél saacan maot.+ 2 Ceuk Musa,
”Yéhuwa sumping ti Gunung Sinai,+
Anjeunna nyaangan umat-Na ti Séir.
Cahaya-Na ngagebray ti wilayah pagunungan Paran.+
Anjeunna disarengan ku puluhan rébu malaikat-Na nu suci+
Sareng para prajurit-Na nu aya di katuhueun Anjeunna.+
5 Allah jadi raja di Yésyurun,*+
Waktu para pamingpin éta bangsa karumpul+
Bareng jeung sakabéh kaom Israél.+
7 Musa ngucapkeun ieu berkah keur Yéhuda,+
”Nun Yéhuwa, dangukeun ucapan Yéhuda.+
Mugia Gusti ngahijikeun deui manéhna jeung bangsana.
Ku leungeunna, manéhna ngajaga milikna.
Mugia Gusti ngabantu manéhna ngalawan musuh-musuhna.”+
8 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Léwi,+
Gusti pagétréng jeung manéhna di Cinyusu Mériba.+
9 Urang Léwi teu mihak ka indung bapana,
Teu mihak ka dulur-dulurna,+
Sarta teu mihak ka anak-anakna sorangan.
Éta téh lantaran maranéhna taat kana ucapan Gusti
Sarta nyekel kana perjangjian Gusti.+
Maranéhna sina nyanggakeun dupa nu seungitna nyukakeun Gusti+
Sarta ngabaktikeun kurban beuleuman dina mézbah Gusti.+
11 Nun Yéhuwa, berkahan kakuatanana.
Mugia Gusti mikasuka hasil gawéna.
Remukkeun suku* jalma-jalma nu ngalawan ka manéhna,
Supaya jalma nu ngéwa ka manéhna teu bisa nangtung deui.”
12 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Bényamin,+
”Mugia jalma nu dipikanyaah ku Yéhuwa aman matuh di deukeut manéhna.*
Éta jalma bakal ditangtayungan ku manéhna* sapoé jeput,
Bakal aya di antara taktakna.”
13 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Yusuf,+
”Mugia Yéhuwa ngaberkahan tanahna+
Ku hal-hal panghadéna ti langit,
Ku ciibun jeung cai ti jero taneuh,+
14 Ku hasil nu aralus, nu jaradi ku lantaran panonpoé,
Hasil panén nu aralus unggal bulan,+
15 Ku hal-hal pangalusna ti gunung-gunung jaman baheula,*+
Ku hal-hal nu aralus ti pasir-pasir* nu geus lila aya,
16 Ku hal-hal nu aralus ti bumi jeung sakabéh eusina,+
Sarta ku kasaéan Allah nu muncul dina rungkun cucuk.+
Mugia éta kabéh katarima ku Yusuf,
Jalma nu dipilih ti antara dulur-dulurna.+
17 Kakuatanana kawas anak cikal sapi jalu,
Tandukna kawas tanduk banténg.
Ku tandukna, manéhna bakal neunggar bangsa-bangsa
Nepi ka mecleng ka tungtung-tungtung bumi.
Éta tanduk-tanduk téh puluhan rébu urang Éfraim.+
Éta tanduk-tanduk téh mangrébu-rébu urang Manasyé.”
18 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Zébulon,+
”Hé Zébulon, sing gumbira waktu manéh rék indit dagang.
Hé Isakhar, sing saruka bungah di kémah-kémah manéh.+
19 Maranéhna bakal ngageroan bangsa-bangsa ka gunung,
Prak di dinya maranéhna nyanggakeun kurban nu layak.
Maranéhna bakal ngeduk kakayaan laut nu kacida lobana
Sarta harta pependeman dina keusik.”
20 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Gad,+
”Sing diberkahan jalma nu ngalegakeun wilayah Gad.+
Manéhna depa di ditu kawas singa,
Siap nyasaak leungeun jeung sirah.
21 Manéhna bakal milih tanah nu pangalusna,+
Éta téh bagian nu geus disadiakeun ku jalma nu méré hukum.+
Para pamingpin éta bangsa bakal karumpul.
Manéhna bakal ngalaksanakeun kaadilan ti Yéhuwa
Sarta putusan hukum-Na keur Israél.”
22 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Dan,+
”Dan téh kawas anak singa.+
Manéhna bakal ngagajleng ti Basyan.”+
23 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Naftali,+
”Naftali téh wareg ku kasaéan
Sarta berkah ti Yéhuwa.
Sok cokot wilayah kulon jeung kidul.”
24 Manéhna ngomong kieu ngeunaan Asyér,+
”Allah geus ngaberkahan Asyér ku loba anak.
Mugia manéhna dipikaresep ku dulur-dulurna,
Sarta mugia manéhna ngancrubkeun* sukuna kana minyak.
25 Beusi jeung tambaga jadi gembok dina gerbang manéh,+
Sapanjang hirup bakal aman.
28 Israél bakal hirup aman,
Turunan* Yakub bakal tengtrem
Di tanah nu loba sisikian jeung cianggur anyar,+
Nu langitna bakal ngeclakkeun ciibun.+
29 Hé Israél, manéh téh bagja!+