Pamindo
34 Geus kitu, Musa indit ti Gurun Keusik Moab ka Gunung Nébo,+ nyaéta ka puncak Pisga,+ nu nyanghareup ka Yérikho.+ Di dinya, Yéhuwa némbongkeun sakuliah tanah ti Giléad nepi ka Dan,+ 2 sakuliah tanah Naftali, tanah Éfraim jeung Manasyé, sarta sakuliah tanah Yéhuda nepi ka laut beulah kulon,*+ 3 Négéb,+ Wilayah Yordan,+ lebak Yérikho, nyaéta kota nu loba tangkal palemna, nepi ka Zoar.+
4 Geus kitu, Yéhuwa nyarios ka manéhna, ”Ieu tanah nu ku Kuring dijangjikeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Kuring geus sumpah rék mikeun ieu tanah ka turunan maranéhna.+ Manéh ku Kuring diidinan nempo ieu tanah, tapi manéh moal bisa meuntas ka ditu.”+
5 Tuluy, Musa hamba Yéhuwa maot di dinya di tanah Moab, sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa.+ 6 Musa ku Anjeunna dikuburkeun di lebak di tanah Moab, nu nyanghareup ka Bét-péor. Nepi ka ayeuna, euweuh nu nyaho di mana kuburanana.+ 7 Musa maot umur 120 taun.+ Panonna cékas kénéh, awakna gé kuat kénéh. 8 Salila 30 poé, urang Israél sungkawa sarta nyeungceurikan Musa di Gurun Keusik Moab.+ Sanggeus 30 poé, maranéhna teu nyeungceurikan Musa deui.
9 Yosua anak Nun téh bijaksana pisan, lantaran Musa geus numpangkeun leungeunna ka manéhna.+ Urang Israél narurut ka manéhna sarta ngalampahkeun naon nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa.+ 10 Di Israél, teu pernah aya deui nabi saperti Musa,+ nu sakitu raketna jeung* Yéhuwa.+ 11 Ku paréntah Yéhuwa, Musa némbongkeun tanda-tanda jeung mujijat-mujijat di tanah Mesir, nyaéta ka Firaun, sakabéh bawahanana, jeung ka sakuliah nagrina.+ 12 Ku kakuatan nu hébat jeung kawasa nu gedé, Musa némbongkeun éta kabéh hareupeun sakabéh urang Israél.+