PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Tésalonika 1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Tésalonika

      • Salam (1)

      • Muji sukur lantaran iman urang Tésalonika (2-10)

1 Tésalonika 1:1

Catetan Handap

  • *

    Ngaran séjénna Silas.

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Tésalonika 1:1-10

1 Tésalonika

1 Ti Paulus, Silvanus,* jeung Timotius, keur sidang jamaah di Tésalonika nu ngahiji jeung Allah, Bapa urang, sarta Juragan Isa Al-Masih.

Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman.

2 Urang-urang tangtu muji sukur ka Allah unggal nyebutkeun aranjeun kabéh dina doa-doa. 3 Di hareupeun Allah, Bapa urang, urang-urang inget waé ka aranjeun nu sakitu getolna ngajalankeun tugas lantaran boga iman jeung kanyaah. Urang-urang gé inget ka aranjeun nu tabah nyanghareupan kasusah lantaran boga harepan ka Juragan urang Isa Al-Masih. 4 Dulur-dulur nu dipikanyaah ku Allah, urang-urang apal aranjeun téh dipilih ku Anjeunna, 5 lantaran warta hadé nu diuarkeun ku urang-urang ka aranjeun téh lain ngan saukur kekecapan, tapi ogé dibarengan ku pangaruh nu kuat, kawasa suci, jeung kayakinan nu pengkuh. Aranjeun apal naon nu dilakukeun ku urang-urang demi kapentingan aranjeun. 6 Aranjeun geus nyonto urang-urang jeung nyonto Juragan. Sanajan ngalaman loba kasangsaraan, aranjeun narima firman éta bari jeung suka bungah, nyaéta suka bungah nu dihasilkeun ku kawasa suci. 7 Ku kituna, aranjeun jadi tuladan keur sakabéh murid di Makédonia jeung Akhaya.

8 Ku lantaran aranjeun, firman Yéhuwa diuarkeun di Makédonia jeung Akhaya. Tapi teu ngan saukur kitu, iman aranjeun ka Allah gé diuarkeun ka mana-mana, jadi urang-urang geus teu kudu nyaritakeun nanaon deui. 9 Maranéhna sering nyaritakeun kumaha mimitina urang-urang panggih jeung aranjeun, sarta kumaha aranjeun ninggalkeun berhala demi jadi palayan ti Allah nu bener jeung hirup, 10 sarta demi ngadagoan kadatangan Putra-Na ti sorga, nu dihirupkeun ku Anjeunna ti antara nu maraot, nyaéta Isa. Manéhna nu nyalametkeun urang tina amarah Allah nu bakal datang.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun