PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Tésalonika 2
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Tésalonika

      • Palayanan Paulus di Tésalonika (1-12)

      • Urang Tésalonika narima firman Allah (13-16)

      • Paulus hayang panggih jeung urang Tésalonika (17-20)

1 Tésalonika 2:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi, ”sanajan kudu susah payah”.

1 Tésalonika 2:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”deudeuh ka”.

1 Tésalonika 2:8

Catetan Handap

  • *

    As. ”resep”.

1 Tésalonika 2:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”Al-Masih Isa”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Tésalonika 2:1-20

1 Tésalonika

2 Dulur-dulur, aranjeun apal sorangan, kadatangan urang-urang ka aranjeun téh aya hasilna. 2 Aranjeun apal, basa di Filipi mah urang-urang téh dikaniaya jeung dihina. Tapi ku bantuan Allah, urang-urang jadi boga kawani nguarkeun warta hadé ti Allah ka aranjeun, sanajan loba tangtangan.* 3 Naséhat ti urang-urang téh lain tina pandangan nu salah atawa ku niat jahat atawa rék nipu. 4 Urang-urang ngomong ka aranjeun téh salaku jalma-jalma nu dilantik ku Allah jeung dipercaya pikeun nyaritakeun warta hadé. Urang-urang teu hayang dipikaresep ku jalma, tapi hayang dipikaresep ku Allah nu mariksa haté.

5 Aranjeun gé apal, urang-urang tara muji-muji atawa api-api bageur pédah aya kahayang ti aranjeun. Allah saksina! 6 Urang-urang gé teu hayang dimulyakeun ku manusa, boh ku aranjeun boh ku nu séjén, sanajan salaku rasulna Al-Masih, urang-urang bisa waé jadi beban nu mahal keur aranjeun. 7 Sabalikna, urang-urang téh lemah lembut ka aranjeun, siga indung nu nyusuan jeung lemah lembut ngurus* orokna. 8 Lantaran nyaah ka aranjeun, urang-urang boga tékad* nepikeun warta hadé ti Allah ka aranjeun. Tapi lain saukur éta, urang-urang gé réla ngorbankeun kahirupan demi aranjeun, da urang-urang téh kacida nyaahna ka aranjeun.

9 Dulur-dulur, aranjeun gé tangtu inget sakumaha getol jeung tohtohanana urang-urang. Waktu ngawawarkeun warta hadé ti Allah ka aranjeun, urang-urang digawé beurang peuting supaya teu jadi beban nu mahal keur sasaha. 10 Aranjeun jeung Allah saksina, urang-urang téh satia, ngalampahkeun nu bener, jeung teu boga salah ka aranjeun. 11 Aranjeun gé apal pisan, urang-urang téh terus méré naséhat, nguatkeun, jeung ngajar aranjeun masing-masing, siga bapa ka anak-anakna. 12 Ku kituna, laku lampah aranjeun bisa dianggap layak ku Allah, nu milih aranjeun pikeun asup ka Pamaréntahana-Na jeung narima kamulyaan ti Anjeunna.

13 Éta sababna urang-urang teu eureun-eureun nganuhunkeun ka Allah, lantaran waktu aranjeun narima firman Allah nu ditepikeun ku urang-urang, aranjeun teu nganggap éta téh kekecapan manusa, tapi sakumaha nu sabenerna, nyaéta kekecapan Allah, nu mangaruhan aranjeun. 14 Dulur-dulur, aranjeun téh geus nyonto sidang-sidang jamaah Allah di Yudéa nu ngahiji jeung Isa Al-Masih,* sabab aranjeun dikaniaya ku jalma-jalma ti bangsa sorangan, sarua siga dulur-dulur éta dikaniaya ku urang Yahudi, 15 nu nepi ka maéhan Juragan Isa jeung para nabi sarta nganiaya urang-urang. Salian ti éta, jalma-jalma éta téh teu dipikaresep ku Allah jeung ngarugikeun kabéh jalma. 16 Urang-urang ngawawar ka jalma-jalma ti bangsa séjén supaya maranéhna disalametkeun, tapi kalah ka dihalang-halang ku urang Yahudi. Ku kituna, dosa-dosa urang Yahudi beuki numpuk, tapi ayeuna maranéhna téh téréh ngarasakeun amarah Allah.

17 Dulur-dulur, mémang urang ayeuna papisah, tapi ieu téh ngan keur saheulaanan, ari haté urang mah tetep padeukeut. Lantaran hayang pisan panggih jeung aranjeun, urang-urang keur bener-bener ngusahakeun supaya bisa datang ka ditu. 18 Éta sababna urang-urang hayang datang ka aranjeun. Kuring, Paulus, geus ngupayakeun lain saukur sakali, tapi dua kali. Sanajan kitu, Sétan ngahalangan jalan urang-urang. 19 Salian ti aranjeun, saha deui atuh anu jadi harepan atawa suka bungah atawa makuta nu bakal diagulkeun di hareupeun Juragan Isa dina mangsa kahadiranana? 20 Nya tangtu aranjeun nu jadi kamulyaan jeung suka bungah urang-urang.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun