1 Timotius
4 Tapi, kekecapan nu diilhamkeun ku Allah* jelas-jelas nyebutkeun yén engké aya mangsana sababaraha jalma bakal pegat iman, ngadéngékeun kekecapan nu nyasabkeun nu kacirina ti Allah,* jeung ngadéngékeun pangajaran roh-roh jahat 2 nu asalna ti jalma-jalma munapék jeung sok ngabohong, nu haté sanubarina geus baal.* 3 Ku maranéhna, jalma-jalma dilarang kawin jeung dilarang ngadahar sababaraha kadaharan, padahal éta diciptakeun ku Allah pikeun didahar bari ngucap sukur ku jalma-jalma nu boga iman jeung nu bener-bener nyaho kana bebeneran. 4 Kabéh ciptaan Allah téh hadé jeung teu kudu ditolak lamun éta didahar bari ngucap sukur, 5 lantaran éta geus disucikeun ku jalan firman Allah jeung doa.
6 Ku cara méré naséhat ieu ka dulur-dulur, bakal katémbong yén manéh téh palayan Isa Al-Masih nu hadé, nu geus diajar ku kekecapan ngeunaan iman urang jeung ku pangajaran nu hadé nu salila ieu bener-bener dituturkeun ku manéh. 7 Tolak carita-carita bohong nu ngahina Allah, nu biasa dicaritakeun ku jalma-jalma.* Sabalikna, manéh kudu ngalatih diri sarta boga tujuan pikeun ngabdi ka Allah. 8 Ngalatih awak* téh mangpaatna ngan saeutik, tapi pangabdian ka Allah mah mangpaatna dina sagala hal, sabab jalma-jalma bisa narima berkah nu geus dijangjikeun ku Allah, boh keur kahirupan ayeuna boh keur kahirupan dina mangsa ka hareup. 9 Kekecapan ieu téh bener jeung bisa dipercaya. 10 Éta sababna urang digawé satékah polah jeung bajoang, lantaran urang boga harepan ka Allah nu hirup, Jurusalamet sagala rupa jalma, utamana jalma-jalma nu satia.
11 Terus paréntahkeun jeung ajarkeun hal-hal ieu. 12 Manéh ulah nepi ka disapirakeun pédah manéh ngora kénéh. Sabalikna, manéh kudu jadi tuladan keur jalma-jalma nu satia dina hal ucapan, laku lampah, kanyaah, iman, jeung kamurnian. 13 Méméh kuring datang, manéh kudu terus nyieun upaya dina maca di hareupeun umum, méré naséhat,* jeung ngajar. 14 Ulah ngalalaworakeun kurnia nu dibikeun ka manéh waktu badan kokolot numpangkeun leungeunna ka manéh. Éta kurnia téh sajalan jeung ramalan ngeunaan manéh. 15 Pikirkeun bener-bener* hal-hal ieu, jeung tujukeun perhatian manéh ka dinya, ngarah kamajuan manéh katingali jelas ku kabéh jalma. 16 Terus perhatikeun diri manéh jeung pangajaran manéh. Sing leukeun ngalakukeun hal-hal ieu, sabab éta bisa nyalametkeun diri manéh jeung jalma-jalma nu ngadéngékeun manéh.