Surat nu Kadua keur Timotius
2 Ku kituna anaking,+ pék terus upayakeun sangkan hidep meunang kakuatan tina welas asih nu taya bandingna* nu ditémbongkeun ku Isa Al-Masih. 2 Hal-hal nu didéngé ku hidep ti Bapa, nu geus didukung ku loba saksi,+ sok percayakeun ka lalaki-lalaki nu satia, ngarah engkéna maranéhna sanggup ngajarkeun éta ka nu séjén. 3 Salaku prajurit+ Isa Al-Masih nu hadé, hidep kudu siap sangsara.+ 4 Prajurit mah moal riweuh ku urusan bisnis,* da hayang nyenangkeun haté jalma anu ngadaptarkeun manéhna jadi prajurit. 5 Dina lomba ogé, lamun hiji jalma hayang meunangkeun makuta, manéhna kudu nuturkeun aturan-aturan lomba.+ 6 Salian ti éta, patani nu digawé banting tulang geus sakuduna jadi nu mimiti ngasaan hasil tanina. 7 Pék terus pikirkeun omongan Bapa ieu. Gusti bakal ngabantu hidep paham kana sagala hal.
8 Sing inget, Isa Al-Masih téh geus dihirupkeun ti antara nu maot,+ sarta anjeunna téh turunan Daud.+ Éta sajalan jeung warta hadé nu diuarkeun ku Bapa.+ 9 Nya demi éta perkara Bapa sangsara jeung dipanjarakeun siga penjahat téh.+ Sanajan kitu, firman Allah mah moal bisa diranté.+ 10 Éta sababna Bapa tabah nyanghareupan sagala hal demi jalma-jalma nu dipilih ku Allah,+ supaya maranéhna gé bisa disalametkeun ku jalan Isa Al-Masih sarta dimulyakeun salilana. 11 Ieu kekecapan bisa dipercaya: Lamun urang maot bareng jeung anjeunna, tangtu urang gé bakal hirup bareng jeung anjeunna.+ 12 Lamun urang terus tabah, urang gé bakal maréntah jadi raja+ bareng jeung anjeunna. Lamun urang nolak anjeunna, anjeunna gé bakal nolak urang.+ 13 Sanajan urang teu satia, Allah mah tetep satia, da Anjeunna teu bisa ngalawan diri-Na sorangan.
14 Pék terus ingetkeun maranéhna kana éta kabéh. Papatahan* maranéhna hareupeun Allah sangkan teu ngaributkeun kekecapan. Éta téh bener-bener euweuh gunana lantaran bisa ngarugikeun* jalma-jalma nu ngadéngékeunana. 15 Upayakeun sabisa-bisa supaya dipikaresep ku Allah, kudu jadi pagawé nu teu éra kana hasil gawéna, jeung kudu bisa ngajarkeun sarta ngajelaskeun firman bebeneran ku cara nu bener.+ 16 Tong ngadéngékeun omong kosong nu teu sajalan jeung hal-hal nu suci,+ sabab nu kararitu téh ngajauhkeun jalma ti Allah, 17 sarta bisa nyebar siga gangrén,* contona baé omongan Himénéus jeung Filétus.+ 18 Maranéhna geus nyimpang tina bebeneran. Ceuk maranéhna mah nu maraot téh geus dihirupkeun deui ayeuna,+ balukarna sababaraha jalma jadi ruksak imanna. 19 Sanajan kitu, pondasi anu diadegkeun ku Allah mah weweg, moal oyag. Di dinya aya tulisan, ”Yéhuwa* terang ka jalma-jalma nu jadi milik-Na,”+ sarta, ”Saha waé nu nyambat ka nami Yéhuwa*+ kudu nyingkahan hal-hal nu teu bener.”
20 Di imah nu gedé, parabotna téh teu ngan tina emas jeung pérak wungkul, tapi aya ogé nu tina kai jeung taneuh liket. Aya anu penting, aya ogé anu biasa. 21 Jalma nu ngajauhan parabot nu biasa bakal jadi kawas parabot nu penting. Manéhna bakal disucikeun, kapaké ku nu bogana, jeung siap dipaké pikeun ngalaksanakeun unggal pagawéan nu hadé. 22 Jadi, hidep kudu ngajauhan kahayang budak ngora, sabalikna kudu ngudag hal-hal nu bener, iman, kanyaah, katengtreman, bareng jeung jalma-jalma anu sasambat ka Gusti ku haté nu murni.
23 Salian ti éta, ulah pipilueun ngaributkeun hal-hal nu euweuh gunana jeung euweuh hartina.+ Nu kararitu téh matak pipaséaeun. 24 Palayan Gusti mah ulah sok paséa, tapi kudu lemah lembut ka kabéh jalma,+ bisa ngajar, teu ngabales waktu dijahatan ku batur,+ 25 sarta kudu leuleuy waktu mapatahan jalma-jalma nu sok ngalawan.+ Sugan maranéhna ku Allah dikersakeun tobat,* supaya maranéhna boga pangarti nu bener ngeunaan bebeneran+ 26 sarta bisa jadi sadar jeung leupas tina jiret Iblis nu geus néwak maranéhna hirup-hirup pikeun ngalampahkeun kahayangna.+