Surat nu Kadua keur Timotius
3 Bapa hayang hidep nyaho yén dina ahir jaman,+ kaayaan téh bakal susah jeung bahaya, 2 sabab jalma-jalma ngan nyaah ka diri sorangan, mata duitan, gedé omong, sombong, sok ngahina, teu nurut ka kolot, tara nganuhunkeun, teu satia, 3 teu nyaahan, teu daék akur* jeung batur, resep mitnah, teu bisa nahan diri, bengis, teu resep kana kahadéan, 4 resep ngahianat, heuras beuheung, gedé hulu, leuwih resep senang-senang tibatan nyaah ka Allah, 5 jeung di hareupeun batur mah siga jalma soléh padahal hirupna teu kitu.+ Tah, jauhan jalma-jalma nu kararitu téh. 6 Di antara maranéhna, aya jalma-jalma nu nyulusup ka imah-imah jeung ngolo awéwé-awéwé lemah nu beurat ku dosa sarta dikawasaan ku rupa-rupa kahayang. 7 Éta awéwé-awéwé téh haben baé diajar, tapi teu pernah boga kanyaho* nu bener ngeunaan bebeneran.
8 Siga Yanés jeung Yambrés nu ngalawan ka Musa, éta jalma-jalma gé ngalawan kana bebeneran. Jalma-jalma nu siga kitu téh pikiranana geus bener-bener ruksak. Maranéhna ditolak ku Allah lantaran hirupna teu sajalan jeung iman. 9 Tapi maranéhna moal bisa kukumaha deui, sabab kalakuanana nu bodo bakal katingali jelas ku kabéh jalma, sakumaha nu kaalaman ku dua jalma éta.+ 10 Ari hidep mah geus bener-bener nuturkeun pangajaran Bapa, jalan hirup Bapa,+ tujuan Bapa, iman Bapa, kasabaran Bapa, kanyaah Bapa, jeung katabahan Bapa. 11 Hidep gé nyaho yén Bapa ngalaman panganiayaan jeung kasangsaraan di Antiokhia,+ Ikonium,+ jeung Listra.+ Bapa geus tabah nyanghareupan éta panganiayaan-panganiayaan. Nu nyalametkeun Bapa tina éta kabéh téh nya Juragan.*+ 12 Sabenerna, saha waé nu hayang ngabdi ka Allah salaku murid Isa Al-Masih bakal dikaniaya ogé.+ 13 Ari jalma jahat jeung tukang tipu mah geus jahat téh bakal beuki jahat. Maranéhna bakal nyasabkeun jeung disasabkeun.+
14 Sanajan kitu, hidep mah terus wéh jalankeun hal-hal nu geus diajarkeun ka hidep.+ Hidep percaya kana éta kabéh téh lantaran geus diyakinkeun, da hidep nyaho saha nu ngajarkeunana. 15 Ti leuleutik,*+ hidep geus diajar Kitab Suci+ nu ngalantarankeun hidep jadi bijaksana jeung disalametkeun ku jalan iman ka Isa Al-Masih.+ 16 Sakabéh eusi Kitab Suci téh diilhamkeun ku Allah+ sarta mangpaat pikeun ngajar,+ nuduhkeun kasalahan, ngoméan* nu salah, jeung ngadidik urang pikeun ngalampahkeun nu bener,+ 17 supaya hamba Allah bener-bener sanggup jeung siap ngalampahkeun sagala nu hadé.